12. WAWALESNA MIE AYAM LADA
"Jongjon poe minggu ieu mah, ku rarasaan asa euweuh acara anu matak merelukeun uteuk mikir tujuh kuriling. Ah rek refresing we. Pamajikan rek dibawa ulin, ka taman cinta di Giriawas," cek pikir, basa pasosore bari ngadaweung di tepas imah.
Roko sabungkus karek kacokot sabatang, cikopi karek saregot. Leuh.......jongjon. Puguh pagawean geus rengse kabeh di kantor, teu kudu di bawa ka imah. Tenang..... hate teh. Isuk poe minggu euweuh jadwal ngajar....dina ayana oge rek permisi we. Puguh kamari asup angin bari beuteung meni ngurel terus, katambah-tambah pamajikan meuli tongkol deuih, dihampol beak sapiring....dua jam meureun ti harita, basa malem kemis. Terus we ongkek-ongkekan. Beuteung terus ngusial, duka were togkol, duka loba teuing ngadaharna atawa duka akibat si Udung ngajak jajan mie ayam basa melem rebo. Ah teuing anu mana anu jadi matakna mah. Anu penting mah ayeuna geus cageur.
Sakolebatan aneh oge jam sakieu si Udung can jol, boa-boa enya gering kateterusan. Bae ah meh tenang, top tah cacing kalung mere si Udung. Saminggu oge cukup keur si eta mah. Tong tipes nyaan, gejalana we..... cukup. Sugan reureuh kana cikopi ari geus kitu mah. Aman. Gelas moal hayoh wae dikumbah. Puguh gelas jeung termos dadas ku balas dikumbang jeung dieusi cai panas atuh. Meni tuksel tuda. Anggur sakalian jeung panyakit mah hijikeun...."hahaha...puas ...aing ngadengena tah", cek pikir, bet ngadungakeun teu baleg ka Si Udung.
Heuheuy deudeuh......bongan tuda, minggu kamari basa setor duit ka bandar cindung di di kherkhop Leuwi Gajah Cimahi, Bu Ati jenenganana teh. Kuring mah puguh kakara panggih, wajar lamun rada lingsem keneh teh. Era, bisi salah sikep. Komo ieu mah dunungan si Udung anu kacida mikanyaahna. Bisi kuring salah ucap atawa tingkah hayoh katempuhan manehna, karunya teuing. Mangkaning euweuh deui pacabakan si eta mah, saprek kaluar tina gawena di poto kopi taun kamari, dagang cindung minangka pagawean anu diandelkeunana. Ceuk pikir, itung-itung milu mihapekeun diri si Udung, kuring mah. Bari nutupan sikepna anu harugampung. Meh tambah dipikayaah alatan kuring babaturanana bisa nembongkeun sikep anu payus.
Tapi nya kitu beda pamikiran si Udung mah, batur mah meujeuhna reureuh, ieu mah tengah peuting....ngagugujeg...kudu nganter meuli mie ayam, bari mun urang mah mikir ieu teh sare di imah saha. apanan ieu teh di imah dunungan manehna.
"Naha dung, pan ieu oge aya mie instan. Era ku Bu Ati anu geus haat nyiapkeun dahareun keur urang", pok teh.
"Ah hoream masak......hayu we meh ngeunah gera, urang meuli mie ayam. Ditukang mie ayam eta mah bisa milih naha rek ku ceker atawa baso. Gancang cengkat atuh. Meni liat gunying. Komo lamun dititah maot, diajak dahar mie ayam oge meni hararese, kumaha didinya teh? hayu!", eta pok-pokana meni asa kugararampang ari si eta. Bet ku euweuh ka era deuih, apanan ieu teh di imah batur.
"Era, atuh Dung euy. Batur mah geus sarare, bisi kadenge deuih muka konci. Hayoh aranjeuna kahudangkeun", pok teh.
"Tong kahareup atuh jalana. Hayu katukang, tina panto garasi", kumeni keukeuh eta si Udung ari geus boga kahayangnya.
Ah, ditahan oge ka matak-matak pipaseaeun, nya diturut we kahayang si Udung teh. Barang nepi ka pengkolan, sanggeus pesen, nungguan sakeudeung, sor mangkok mi ayan jeung ceker. bareukah ceker hayam teh, saliwatan mah bet jiga leungeun orak.
"Dung, ganti euy ....kuring mah hayang ku baso. Top we cekerna mah keur maneh", pamenta teh. Haget si eta mah dikitukeun teh. Ceker hayam teu sirikna dicokot ku sorangan tina mangkok kuring, bari mamemom teh,
"Kadieukeun urang sikat ku Uing", pokna teh.
"Jang mana cuka jeung cabe......ku ngenah yeuh mie ayam", pentana ka tukang mie ayam.Sedok-sedok, ladana teu sirikna ditengtengkeun wadah cabe, bari cotcrot cuka, crit deui saos.
"Dung tong rasa mokaha euy, rasa maneh ngeunah".
"Alah...manasina beuteung didinya. beuteung memenakeun. Kadieukeun krupuk pang ngesedkeun blekna", pokna teh bari semu anu seuhah...
"Ngenah euy..... sok-sok atuh dahar teh. nyapek wae meni diitung. 21 hali uing oge apal. Mun keur santey eta mah. ari keur kieumah, butbet we atuh. bisi peuting teuing balik. nu boga imah karunya ", adeuh eta pok-pokan, meni asa gararampang bari malikeun basana teh. Cing atuh Udung maneh teh mikir.
"Eta pokpokan saha..... tadi anu nyarita kitu teh", ceuk gerentes hate.
Teu sirikna 4 huap kalimana beres, mie aya samangkok geus ledis. "huaaaa...." leuh aing, eta teurab meni ditarikeun kitu.
"Gancang atuh dahar teh.....meni hararese. Dahar kitu-kitu wae. Cik mana roko. Dahar ngeunah ngaroko semeg....lah. Pantes yeuh. Huaaaa", duh eta geus terab deui wae.
"Gancang atuh roko kaluarkeun", pokna deui.
"Ah didinya mah ngagangu wae, ongkoh kudu gancang bea mie ayam".
"Heueuh gancangkeun atuh daharna. samangkok wae hararese. komo lamun tilu mangkok, tambah kurupuk sablek".
"Ah teuing dung ah".
Teu lila da puguh, kari caina anu pangeunah-ngeunahna atuh. Geus mah dibayar, gejlig we ninggalkeun tukang mie ayam.
"Sabaraha euy, samangkokna?", tanyana teh. puguh lain si eta atuh anu mayarna oge. Ongkoh manehna anu ngajak anu mayar mah angger we kuring.
"Teuing ah...sabaraha", pok teh.
*
Teu karasa peuting geus kaliwat. ti harita si Udung teu kacatur deui, sapoe ti saprak ngadahar mie ayam, manehna nyeuri beuteung, ngayeur wae cenah. Teu ieuh cindung oge didagangkeun. meni sepa cenah, ceuk pamajikanana basa nganjang ka imah kuring. kituna oge teu panggih jeung kuring mah. ukur beja we eta oge. ngalongok can aya waktu harita teh, da puguh kuring oge asup angin jeung sarua we harita teh beuteung ngusial wae, bari hayng ongkek teukaluar. Ukur seueul, ngurel borolo mah henteu.
Matakna Udung patatan teh ulah kamalinaan, ulah rasamaneh kuat jeung cageur.
"Naon yeuh ngalamun. Mana cikopi teh, tong hayang srangan wae, eta teh aya rijki anu batur napel dina tiap regot, cik sagelas mah kadieukeun", cek sora anu puguh geus apal, si sarduuuuuung. bebel teh meni ngareureuwas....uluk salam atuh mun urang mah.
"Sangeuk teuing ...nyokot we kusaorangan kadituh", pok teh.
*4042010
Tidak ada komentar:
Posting Komentar