16. PIRAKU UING KUDU NYIEUN PABRIK CINDUNG........
Pasosore di tepas imah, jongjon. Leleson meureun mun ceuk batur mah. Tos solat ashar, ngadaweung bari cikopi ngebul keneh, barang suruput dayagdag......leuh dunya teh ngalegaan. Rek hujan, rek panas poe....wayah kieu mah, ngeunaheun keur nginum cikopi. Geus taki-taki eta oge, dina hate mah. Bisi si Udung datang teu reuwas teuing.
"Uing mah geuleuh ka pa Manan, meni asa ku panguyahkidulna", biasa si Udung. Sok tara hulu buntut ari ngomong barang jol teh. Da puguh apal kadituna mah menta cikopi. Sakapeng mah keuheul ka si eta teh, sok tara katinggali datangna. Sok asa ujug-ujug gigireun wae. Na da can jadi jurig atuhnya si Udung teh. Engke mah, rek dipager beusi buruan imah teh ah, meh katinggali muka panto pagerna. Teu pidosaeun deuih, hayoh wae si Udung di carekan.
"Nya kumaha kitu, Dung?" tanya teh. Pura-pura panasaran we kana omongan anu dimaksud ku si Udung. Padahal dina nyahona oge keur nanahaon. Batur ieuh eta mah, enya pa Manan, ceuk si Udung oge. Uing mah teu apal-apal acan saha pa Manan teh.
"Mana atuh cikopina? meh lancar ngomongna. Euweuh anu kaliwat, keur eunteung didinya meh engke lamun jadi jelema teu kitu", tuh nya, kabaca. Titatadi oge kabaca, maksud si Udung teh kana cikopi.
Tamba era teuing menta tateh. Padahal saha anu ngaulahkeun, puguh geus biasa atuh.
"Naha meni hayang diladenan, nyokot we kaditu. Tah aya goreng tempe anu ditipungan didinya. Ngeunah tadi mah da haneut keneh. Teuing ayeuna, leuleus meureun. Bawa kadieu, urang beaken. Bae da barudak mah enggeus tadi", pok teh.
"Mangga atuh, di cobian gera. Eta goreng tempe, meni garing kieu, ngahaja masakna, ku seus Diah di seueuran bawangna. Meni seungit kieu gera", ceuk si Udung ngosom bari ngadayagdag ngaleuwihan ngeunahna kuring ngalageuday. Goreng tempe, nya dina baham, di capek, eta leungeun katuhu geus kedewek deui we, kana tempe. Puguh anu kenca mah nyekel gelas cikopi.
"Kumaha, Seus Diah, atos pendak sareng ibu Bupati?", pok teh. Geuleuh tuda, pamajikan tukang cindung, ari diomong-omong karek rengse kursus piano cenah, malah minggu kamari tos golf di lapang ngamplang sareng ibu bupati. Kacida pisan si eta mah ari heureuy teh meni teu euleum-euleum. Jeung deui ku aya we cara ngaidasna teh. Dasar tukang gedebul. Tukang wejus.
"Nyeta tadi mah, seus Diah, bosen cenah. Nyeuseuh ku mesin cuci wae, ayeuna tuh keur ku cara manul......", pokna teh. Apal manual sagala, beda si eta mah ari karek papanggih jeung jelema anyar panggih, sok aya wae kekecapan anu teu biasa dipake ku manehna. Jigana meunang ceuli lentaheun tateh.
"Manual..... manuk sia meureun".
"Bener Uing mah, ngomong kitu teh. Tuh keur ngagesruk we nyeuseuh".
"Pasosore nyeuseuh?. Cik atuh kapamajikan teh, ulah jiga ka pembantu teuing, didinya mah nitah jeung ngagawekeun teh. Inget eta teh pamajikan lain pembantu".
"Eh...partner, Uing mah. Pamajikan teh partner hirup. Matak waktuna kursus nya kursus. Waktuna, nyambel nya nyambel. Saimbang uing mah, memanajemen kulawarga teh", alah ku eta geuleuhna si eta, geus tilu kecap make anu araraneh kitu.
"Dung, geus diubaran didinya. Bet jiga anu kasambet kitu ngomong teh?".
"Alah didinya meni nyacampah pisan, da Uing gaul teh lain ukur jeung didinya atuh. Jeung pejabat oge osok Uing mah".
"Tong ngahina kitu Dung euy, moal enya pejabat meuli cindung ti didinya atuh".
"Alah......tuh, pa Manan menehna teh, pejabat gehel....... Jeung Uing mah uplek ngobrol. Dumeh harita Uing ngaliwat, manehna butuh, pangelap kaca mobilna anu biasa.....naon ngarana teh....poho. Leungit cenah. Ari pek, niggali kaen anu dibawa ku Uing, cenah nyerep. Alus lamun keur lap. Dijual we ku Uing mah. Nu penting jadi duit", ceuk si Udung.
"Anjeuna teh, pejabat. Pejabatan anu dipiharomat pisan ku anak buahna atuh....didinya mah tai kukuna ge henteu. Anjeuna mah lulusan sakola luhur. Da anak buahna teh loba sarjana atuh. Manan-jemen kitu kuliahna teh. Teuing Uing mah teu nyaho, ngan inget soteh ngarana dumeh sarua jeung jenengan anjeuna. Jadi ka inget wae ku Uing".
"Manajemen siah......".
"Enya eta meureun".
"Enya kumaha kitu ceuk anjeuna teh?"
"Mun lulus ti kuliah didieu mah, kudu bisa jadi minijer, kudu bisa nyieun sakola cenah. Apanan sakolana oge ngatur jelema, ngatur sakola. Lain ngatur pelajaran jiga guru. Jadi lulusan ti dinya mah kudu bisa nyieun sakola cenah. Mun can bisa nyieun sakola kudu balikan deui kuliahna, cenah. Asa hararese, kuliah anu kitu mahnya?", ceuk si Udung.
"Tapi, Uing kesel oge, ka manehna teh. Da eta atuh make ngomong, sakabeh pagawean, jeung kuliah teh kudu nyambung. Mun kuliah ti guru, kudu jadi guru anu bener, kuliah tina dagang kudu bisa dagang anu bener, kualiah naon wae kudu bener jeung bisa ngabuktikeun...".
"Nya enya atuh Dung", kuring motong omonga si Udung.
"Heueuh.....ngan keur Uing mah rada keuheul. Piraku pagawean Uing dagang cindung, kudu nyieun pabrik cindung. Boro-boro keur nyieun pabrik cindung.....keur dagang cindung na oge, pabaliut jeung meuli beas Uing mah. Meni asa ngababarikeun teuing. Teu nyambung tah ngomongna teh", lah..... si Udung geus salah harti deui wae...
*09042010
Tidak ada komentar:
Posting Komentar