25. SAAMPAR
Teu hayang mantuan ngentepan cindungna. Bisi salah ngitung, hayoh kerok keh. Diantep we sorangan. Itung-itung maturan mah dibarengan we diuk deukeuteunana. Ehmmmm....dasar si sardung, ngitungna teh, eta cindung dijajar-jajar. Ku meni amalayah dina teras teh. Boro-coro hayang mantuan, lieur we nu ya. Kuring mah gek we diuk dina korsi biasa, gelas anu biasa roko oge anu biasa. Regot......cikopi panas. Nyot ......serebeng, nyot serebeng.......
Malah sakapeung mah ngahaja haseup roko teh ditiupkeun kana lempengan si Sardung. Batuk-batuk, top tah siah Sardung. Geuleuh tuda meni teu lemek teu nyarek, eta ngitung cindung meni husu kitu. Jiga anu embung ka ganggu. Nanaonan atuh mun urang mahnya, rek ngitung cindung mah diimahna we, meh jongjon. Lain ieu mah malah dina tepas imah kuring.
"Kabita Kuring mah ku eta tanah teh, Dung. Ceuk didinya kumaha?", jadi waleh kuring miheulaan ngomong ka si srdung. Tadina mah rek diantep we, barina oge kuring mah keur anteng mikiran tanah anu tukangeun imah. Cenah aya beja rek dijual.
"Hanjakal we, nu rek ngajualna, si eta mah sok ngabebereg wae menta duitna anu enggeus-enggeus oge. Paralun lain ngaleungitkeun rejeki ti Alloh. Teu boga ari kudu sakitu mah", ceuk kuring deui sanajan teuing didengekeun, teuing henteu omongan teh ku si sardung anu eukeur ngodian cindung.
Jeun teuing lah. Pokona mah Kuring rek ngomong. Ieu na uteuk geus numpuk yeuh pi omongeun.
"Sebel tuda, rasa maneh ka kuring geus wawuh, nawarkeun tanah meni ngaesemes sagala. Bari didinya apal teu esmesna?, ieu gera ku kuring dibaca bisi pajarkeun kuring akon-akon. 'naha leres peryogi, tanah anu abdi teh, bilih leres mah mangga we seriuskeun ku salira. Harga mah wios sapertos anu tipayun. Kaleresan anu sanes aya dua jalmi anu sami peryogieun tanah eta, janten sareng salira teh aya tilu jalmi. Upami tea mah sapuk, wios we ayeuna mah uang mukana heula we satengahna. Etang-etang pangjadi'. Tah kitu esemesna teh", ceuk kuring ka si sardung, tapi teuing si sardung ngadengekeun henteu. Da sikepna teh angger we ngitungan jeung mengkeutan cindung sakodi-sakodi bari dicaruk warna cindunga teh.
"Ah da kuring teh kasengenan atuh, dibales deui we ku sms. 'Muhun ibu abdi serius mayunan eta tanah. Tapi biih aya anu langkung ti payun mah mangga we, tenan aya duaan kitu. mangga we ka anu langkung ti payun artosna. Muhun tea mah abdi peryogi tapi da, ayeuna mah nuju riweuh emutan'. Eta gera manehna ngabales dui Dung Euy, jawabna teh 'muhun bilih we abdi dilepatkeun ku salira, eta tanah hayoh diical kanu sanes.Ari kieu mah atos wawartos abdi panginten moal teuing dilepatkeun'.
"Ah....aing mah, ku jawaban kitu teh dung, euy lain ngeunah tateh. tapi meni asa disungkun kuring mah", ceuk pamikir didinya kumha?, puguh ku kuring mah dijawab teh, 'magga ibu, sae kitu. wios mangga we kanu sanes. puguh abdi mah dalah dikumaha kanggo ayeuna mah'. Dikitu keun we ku kuring mah", pok teh. Si Udung angger we teu ieuh mere pendapat. Tapi kuring oge teu ieuh hayang eureun ngomong, terus we. jenteuing rek didengeukeun rek henteu. top tah kaliru-kaliru ngitung cindung. Kuring rek tetep ngobrol.
Geuleuh tuda taun kamari oge, alesan manehna nginjeum duit. Ari geus waktuna jangji manehna mayar, ngalah mikeun motor. Tamba henteu teuing eta motor ku kuring di cokot, na ari pek teh...gehel eta motor cicilan. lain atuh kuring terus unggal bulan nyicil motor ka deler. Kapok tah kuring mah harita jual beuli jeung manehna teh. Barimanehna menta deui tambah anu geus dicicil ku manehna. Leuh ....nagihna euy meni losbot ka imah. ledeg tah ku manehna ieu imah di pake tempat nagih ka kuring. maksa jeung loba alesan we atuh manehna teh.
Tah ayeuna oge, Kuring mah sieun. Enya oge manehna menta satengahna heula......lah...paling oge eta mah babasan keur manehna anu butuh. Geus waktuna mah pasti ledeg deui nagih. Embung kuring mah ah....barina oge. Tanah anu aya oge keur ayeuna mah butuh teu butuh...ditukang oge apanan aya keneh bangunaneun. Can kapalire. Boro-boro hayang nambahan. Pek we ah jual kabatur. keun we engke oge ari geus milikna keur kuring mah bakal kapimilik.
"Tilu kodi tah"
Naon didinya bet dianggap sepele......mentana oge diharegakeunana tilu puluh juta. Jadi mun satengahna teh 15juta. iiiihhhh.....aing, keur ayeuna mah duit sakitu,mending pake nganggeuskeun heula kuliah.
Katinggali si Udung rada ngareret, bari henteu ari ngomong mah. Jenteuing ah. Bae top we terus ngitung, kuring rek terus ngomong.
Da lamun dibeberes ah eta tanah teh.....leuh bakal ngeunah. boga buruan di tukang anu rada leuga. Enya atuh Dung, lumayan we enya oge rada nyungcung katukang, eta tanah teh 20 tumbak. Leuga atuh. Rek nyieun imah sagede kumaha keur dikampung mah...
"Opat kodi"
Ahhhh....didinya teu ngitung luas tanah atuh. Bisa opat imaheun atuh 20 tumbak mah. Eta teh mun masing-masing lima tumbak. da gede atuh dung....5 tumbak oge keur imah mah. Cigna leutik soteh can di imahan. Harita we basa Kuring nyieun imah, eta ukuran kamar basa keur nyieun keubeukan, jiga anu salengkaheun. padahal mah ukuran kamar teh 4 ka 3. Imah ieu teh....tanah 15 tumbak dibekaeun kabeh. nyesa anu katukang we 5 tumbak. keur dapur rencana mah. Matak lamun tea mah kabeuli kukuring tanah anu tukang. lumayan lega. ngan nyakitu,keur ayeuna mah baroraah.
Ret deui si Udung ka kuring, ukur ditinggali we ku juru panon. Kurinng api-api we teu ninggali. Puguh diuk teh teu di robah, angger we dina korsi bari rada tanggah ngararaseakeun cikopi jeung udud.
Sakali deui jenteuing, rek didengekeun rek henteu, rek ngarasa kaganggu rek henteu, kuring rek terus ngomong. Keur kuring mah ngomongkeun tanah tatangga anu rek dijual leuweih penting batan ngitung cindung jeung daftar anu nganjuk bulanan. tnah mah saampar atuh, ngeunah pisan lamun kukuring kabeuli. buruan bisa lega. Cindung mah, ukur digagandong ieuh. Diungkus. Dibuntel. ditawarkeun ka ibu-ibu. Sedengkeun tanah....bisa dipake nyieun imah aawa dipake tempat barudak ulin. Meureun imah oge moal cakueun teuing ari aya barudak anu arulin mah.
Kabayang tuh diditu teh barudak arucing-ucingan, maen sonlah, gatrik. Ngan omat pang nyaramkeun ulah maen gaplok. palalaur. Heueuh da gaplok mah atuh maen batu. Bae maen galah we atuh. da bakal lega keur sapuluh urang oge. Keun bae popoean mah da beurang, terus barudak arulin mah meureun ukur pasosore.
Komo lamun dibere sumanget....bere hadiah peremen we. Bakal resep euy. Enya ah engke mah erek dibere hadiah. Rek dibere limun ku kuring mah sabotol ewang, barudak apanan cape arulin, anu meunang dibere hadiah...cai. seger euy.
"Heup.....Uing kerok yeuh ngitung".
Ulah waka dieureunkeun...geus dibere hadiah. Manehna papatahan heula jeung bere nyaho samemeh bubar teh. Isukna hadiahna rek dibere hadiah buku jeung patlot. Malah mah euy mun daraekeun mah budak lalaki, apanan ayeuna mah usum men bal anu limaan-limaan.....tea. Naon tateh ngarana?
"bi haji......"
Siah gehel......bi haji mah harita oge mere ukur kaos. Caritana rek mere dua grup. Buktina mah ukur limaan teh, dulur-dulur manehna wungkul.
Ulah dibejaan deui ah.....cukup we ieu mah urang, bae atuh...cukup we keur men bal anu limaan-limaan mah, euh inget....futsal ngarana teh.
"Futsal.....futsal......fut sial......Ieu uing kerok yeuh ngitung", ceuk si Udung rada molotot.
"Euleuh keur ngitung didinya teh......geus atuh eureun heula. mending ngopi yeuh meh teu yakaliru ya katipu.
"Heueuh lah.....didinya mah ukur ngaganggu we. Padahal uing keur serius aya pesenan lima kodi", ceuk si sardung bari gek dina korsi ngargot cikopi anu kuring.
"Na...didinya, sangeunahna nginum teh....anu kuring eta mah".
"Eh....anu uing mana?"
"iraha nyieun didinya? tatadi oge ukur ngitung cindung didinya mah.....ganti ah anu kring. top tah eta beakeun.....embung ah....sieun asma didinya".
"Na asa nateh....jalama siga Uing mah moal aya panyakit kitu. Unggal poe oge olah raga atuh leumpang. Sehat. manasina jalmi anu calikpengkeureun meja sareng AC. Uing mah unggal poe oge papanggih jeung panon poe tuh", ceuk si Udung. Bari ngaleos ka jero imah rek nyokot cikopi.
"Heueuh kumadinya we ah....sardung".
*20042010
Tidak ada komentar:
Posting Komentar