/*Vertikal Menu ———————————*/ .vertikalmenu{ list-style-type: none; margin: 0; padding: 0; width: 180px; /* lebar dari menu vertikal*/ } .vertikalmenu li{ border-bottom: 1px solid white; } .vertikalmenu li a{ background: #000000 ; /*warna dari menu vertikal*/ font: bold 13px “Lucida Grande”, “Trebuchet MS”, Verdana; display: block; color: white; width: auto; padding: 5px 0; text-indent: 8px; text-decoration: none; border-bottom: 1px solid black; } .vertikalmenu li a:visited, .vertikalmenu li a:active{ color: white; } .vertikalmenu li a:hover{ background-color: #737373; /*warna setelah pointer diarahkan (hover)*/ color: white; border-bottom: 1px solid black; }

Jumat, 01 Oktober 2010

SING DIBABARIKEUN WE REJEKINA ANGGUR MAH

24. SING DIBABARIKEUN WE REJEKINA ANGGUR MAH


Diuk oge teu sirikna disakalikeun dina korsi tepas imah teh. Ret kana cikkopi gigireun, masih keneh satengahna, kituna deui roko ukur nyerebung we dina asbak bari teu ieuh hayang dicokot, dikenyot.
"Top we angin tiup haseupna. Bawa tah panyakit jeung kariweuh teh", ceuk pikir.

Meni teu euih-euih gogoda teh. Cik atuh, geus kolot mah istirahat. Tong loba mikir, santey we. Mun tea mah tamba kesel, apanan ayeuna oge eukeur. Enya oge ukur muka warung keur jajanan barudak. Tamba kesel, eta we keureuyeuh heula. Apanan eta oge keur dilakonan. Tong waka, hayang itu hayang ieu. Murugul. Santey we da kuring oge sarua keur mikir, milu mikir. Teu cicing uteuk mah, enya oge unggl poe teh ukur ngahareupan komputer. Apanan ieu teh gawe keur kuring mah. Ieu teh bekel keur hirup kahareup. Susuganan aya rejekina. Piduana we, doakeun sing papada lancar anggur mah.

Huhhh....

Ret ka buruan....paling oge ukur saeutik anu kapake teh, dinya tah palebah dinya, bangunan teh....keun we. Eta oge aya kana 3 meterna. Rek sakumaha atuh meni gede-gede teuing. tambah jeung anu enggeus 5 meter. Tuh sakitu gedena. Naha rek dagang naon ublug ablag teuing. Anggur mah, anu aya we lengkepan, sing pepek. Mun aya biaya oge daripada nambahan bangunan mah, mending dipake modal.

Huhhhh....

Muga-muga we ketang sing aya rejekina. Sing dibabarikeun. Da teu saeutik atuh pibiayaeunana oge. Da eta atuh si ibu Titi anu kitu teana mah. Sugan, datang teh rek mere kupat tahu wungkul. Bet kalah cicing diuk jeung ngobrol sagala. Enya puguh eta bibit buit masalahna mah. Ngobrol anu teu pira, bet jadi riweuh kana pipikiran.

Enya poe senen kamari, pasosore, datangna teh. Kukabeneran keur ngumpul, jadi omongan bu Titi teh, pada apal kabeh. Naha kitu kuring teh disangka loba duit, tinggal nyokot. Dumel hampir unggal minggu ka Bandung. Apanan eta mah lain usaha, kuring teh keur nyuprih elmu. Lain ku boga duit apanan eta oge, ku maksakeun. Hayang sakola nepi kajucungna. Sugan jeung sugan engke jaga aya miikna. Da meureun Alloh oge moal samata-mata mere kasempetanlamun teu jeung tempatna. Enya atuh meureun kuring teh kudu yakin kitu. Kudu gede awahan, kudu lebar ijasah. meh teu angger dihiji tempat. Sugan ari lebar mah ijasahna, gede keur palumpatan. Aahhh...mudah-mudahan we.

Kusabab imah sisi jalan jigana mah, enya oge ukur 15 tumbak, bari kabangunankabeh tanah anu aya teh, bari imah oge teu puguh matut bentukna. Loba rohangan anu teu mantes jadi teu ngabentuk. Meureun ceuk anu ninggli mah ruangan itu dipake, ruangan ieu teu dicicingan. Jigana kitu, matak loba anu harayang oge. Hayang nyewa, hayang meuli, hayang nukeuran jeung tempat anu aya, aaahhhh...puguh jadi bingung keur kuring mah. Kudu kumaha anu diputuskeun.

Nyeta bu Titi teh, boga warung anu antel pisan jeung imah kuring, pedah warungna teh bentukna nyungcung katukang. tapi kusabab disisi jadi katinggali nenggangna. Katambah-tamabah dialus-alus, puguh we meni mantes. Negla kateinggalina teh. katambah-tamabh pepek daganganana. Enya meureun kolot teh resep lamun nungguan dagangan anu pepek kitu mah. Teu era meureun.

"Ah kieu we bu.....", lah-lahan kuring nyarita.
"Ari digentosan mah moal. Margi ngagokan, tapi kumaha saupami dituker we sareng mobil. Enya oge mobil kolot apanan jag-jag. Komo deui mobil teh apanan irit ieu mah, ka Garut cukup sapuluh rebueun bari bulak balik tateh", ceuk kuring. Susuganan manehna daekeun.

"Nyeta, pami ditukeurkeun sareng mobil mah, tos bosenen si bapa teh, ngangge mobilna", pookna.
"Muhun atuh kumaha, ari digentosan tempat mah, sanes ngowelkeun abdi teh. Mun panginten, mangga we emutan, kendel ngahalanganana kana bentuk bumi sareng buruan. Tenan apanan teu aya deui buruan bumi abdi mah", ceuk kuring.

"Kumaha lamun ceuk apa mah, keun we tukerkeun lah, da meureun puguh itunganana", saur pun bapa ngengklokan.
"Sanes maksad, abdi baha kasepuh, tapi abdi aya emutan, asa langkung sae pami henteu. Margi kieu pa.....".

"Aeh...kumaha atuh jantenna...", Bu Titi motong carita kuring jeung pun bapa.
"Wios abdi mah, pami cios di gantosan mangga we sareng eusi-eusina. Moal ieuh di etang bari abdi sanggeum nambihan deui artos. Eta oge pami sapuk".

"Ah kieu we bu....", saur pun bapa.
"Ieu cariosan, acan putus. Pasihan waktos kanggo pun anak sareng abdi badami".

"Muhun atuh mangga lajeungkeun badantenna. Abdi bade uih heula, karunya si bapa, ngantosan", saur bu Titi.
"Muhun ke wartosna we di antos", saur pun bapa.

Puguh pun bapa teh meni haget, hoyong ngagantoskeun, warung ibu titi sareng ruangan belah kenca anu ayeuna sok diangge garasi. Tapi kuring tetep dina hiji pamadegan, moal rek di tukeran eta ruangan ku warung anu ibu titi. Sanajan eta warung pepek bari jeung alus bangunana.
"Ari ceuk apa mah....", saur pun bapa. Muka carita saatos bu Titi mulih. Anu intina mah tetep keukeuh hoyong pisan nukerkeun warung jeung ruangan anu aya diimah kuring. Tapi kuring tetep teu pati panuju. Teu hayang ruangan imah dituker-tuker.

"Ayeuna mah kieu pa, hayu gera urang pilari, kaluar", ceuk kuring bari teu nunggu pun bapa ngawaler. "Tah, palih dieu....pa. Abdi atos ngemut, abdi teu cicingeun. Teras ngemutan kumaha pisaeunana. Mung teu pati tebih teuing ngemut teh, da puguh teu acan aya piartoseunana. Keun we engke saupami aya artos, bade mimiti dikawitan. Tah dugi kadieu", ceuk kuring bari nunjukeun tempat anu bakal dilebaran jadi ruangan keur warung.

"Muhun eta oge, saupmi tea mah ayeuna gaduh artos sajuta, puguh moal picekapeun atuh. Moal kaditu kadieu. Janten mending sabar we heula ayeuna mah. Urang antosan mamanawian ke aya tambihna. Malih saena mah bangunan teh rada dijangkungan, ngarah teu ieuh sami teuing sareng jalan. diluhurkeun 50cm mah", cek kuring panjang lebar nyarios ka pun bapa.

"Enya atuh alus we geus boga pamikiran kitu mah, bisi we tadina mah cicingeun teu mikir-mikir acan", saur pun bapa.

"Tong hayang langsung jadi. Kukumpul we heula ayeuna lamu boga rejeki teh. Naha meuli keusik heula atuh, atawa meuli bata. Meungpeung keur murah. Da lamun disakalikeun mah, bakal eungap. Ngan eta ku lebar we Apa mah, warung anu bu titi. Bari jeung moal di itung deui naon eusina, rek ditukeurkeun kana ruangan anu eta. Lebar Apa mah", saur pun Bapa, meni kacida pisan hoyongeunana. Tapi sakali deui kuring lain owel jeung baha kana kahoyong pun Bapa. Moal payus, ruangan anu puguh eta teh, imah. Ditukeurkeun kana warung jeung jadi milik batur. Teu. teu aya niat saeutik-eutik acan kana pamikiran kitu.

"Pasihkeun we atuh kang, meh apa teu seueur emutan, ningan apa mah kacida pisan hoyongna eta warung", ceuk pamajikan basa kuring karek beres metakeun tempat jeung pun Bapa.

"Na ari didinya, kalah nambahan karieut, yeuh ingetkeun, eta ruangan teh enya oge can dipake bener. Sok pikirkeun, naha pantes teu, ieu ruangan ditukeurkeun jeung batur. Naha moal karagok engke. Bari sok atuh tinggali, eta kamar urang, anu ieu ruangan kosong. Leuh....ulah. Teu panuju".

"Eh, abdi mah karunya we ka Apa", ceuk pamajikan deui
"Heup....hampura. Kaputusanana. Moal".

"Enya atuh kumaha akang we ari kitu mah", ceuk pamajikan bari katinggali ngajengkat bari carinakdak. Puguh ku kuring rada disentak. Lempeuh yuni pamajikan teh, teu kaop sora rada di tarikeun komo deui bari rada molotot, sok langsung gering. Nyeri sirah, lieur. Malah mah ayeuna oge keur ngajoprak we dikamar, cenah lieur.

Basa mingu kamari mah, cek dokter Melina, tekanan darah pamajikan teh, 140 per 110. Cek pipikiran teh naha teu salah kitu? Moal enya pamajikan kuring darah tinggi, apanan mun ninggali umur mah pamajikan teh ngora keneh. Asa can pantes keur boga panyakit kitu.

Haaahhhh......

Jadi teu pararuguh, pamajikan keur nyeuri sirah.....nepi kaayeuna ngajoprak dikamar, pun Bapa keukeuh hoyong nukeurkeun warung jeung ruangan imah, eta budak anu cikal deuih, teu puguh-puguh kalahka ongkek.......leuh....kudu kumaha atuh ieu teh.

"Hey......"
"keur naon yeuh...didinya meni anteng kitu ngalamun teh....", ceuk si Udung ngagareuwahkeun.
"Tong ngalamun wae, apanan geus ngalaman lin", pokna deui.
"Teuing atuh...teuing naon anu kukuring dilamunan oge da asa teu ngalamun ieu mah. Tunduh puguh oge", ceuk kuring rada ngabohong.

Nyumputkeun semu anu puguh hate mah keur bararingung. Tapi dipikir deui, enya puguh ngarana oge kolot, geus waktuna meureun kuring asak hampura. Kudu loba tinimbangan. Puguh eta teh kolot kuring anu kudu dipihormat. Dideudeul sagala kahoyongna. Tapi hapunten ieu teh sanes baha. Pamugi Apa ngahapunten ka abdi kana samudaya kalepatan. Keun atuh piduana we, pamugi abdi aya rejekina. Keun engke warung anu Apa urang saean. Sing pepek eusina. Singlangkung sapertos anu Ibu Titi ayeuna. Amin......

Kituna deui, ka pun bojo hampura akang, lain rek niat nyentak komo deui ngewa, bari ngageringan kanu jadi pamajikan, tapi....ieu mah, kudu asak-asak nya ngejo bisi tutung tamagana, kudu asak-asak nempo bisi kaduhung ahirna. Hampura akang, sing gera cageur anggur mah ayeuna.

Neng geulis cikal, mustikaning ati. Sing sehat bageur, jung kadituh ameng deui ayeuna mah. Kudu jagjag budak mah. Emam sing gede anggur mah, meh tereh ageung. Sing gede milik parek rejeki ramhat salamet.
Amin.

*19042010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar