/*Vertikal Menu ———————————*/ .vertikalmenu{ list-style-type: none; margin: 0; padding: 0; width: 180px; /* lebar dari menu vertikal*/ } .vertikalmenu li{ border-bottom: 1px solid white; } .vertikalmenu li a{ background: #000000 ; /*warna dari menu vertikal*/ font: bold 13px “Lucida Grande”, “Trebuchet MS”, Verdana; display: block; color: white; width: auto; padding: 5px 0; text-indent: 8px; text-decoration: none; border-bottom: 1px solid black; } .vertikalmenu li a:visited, .vertikalmenu li a:active{ color: white; } .vertikalmenu li a:hover{ background-color: #737373; /*warna setelah pointer diarahkan (hover)*/ color: white; border-bottom: 1px solid black; }

Jumat, 01 Oktober 2010

MIKARESEPLAH POKONA MAH….

20. MIKARESEPLAH POKONA MAH….

Jigana teh teu loba anu dipicatur, komo ngariung heula jeung sesepuh masjid. Si Udung barang beres ngahotiban langsung nyampeurkeun ka kuring. Padahal teu ieuh ku kuring oge digupayan, komo dipelong mah. Teu. Teu pisan-pisan. Eta mah Khotib Udung we anu langsung

"Tong kitu tuh euy, make rek ninggalkeun Uing sagala", pokna teh. Eleuh....sigehel. Meni asa kapoconghok ieu gerentes hate, ku si sardung.

"Saha Dung rek ninggalkeun, puguh kuring mah nungguan didinya, bisi rek milu balik bareng ".
"Heueuh puguahan rek milu kadidinya matak nyampeurkeun oge", pokna teh.

"Enggeus atuh ngadungana, meni lila lila teuing. Puguh Alloh mah uningaeun sanajan sakecap oge dungna didinya, geus pasti dikabulna, kitu oge ari ngadungana iklas", pokna teh. Adat-adatana geus balik deui we, poho lamun karek bieu manehna ngahotiban.

"Hayu atuh.....", cekeng teh, bari cengkat.

"Motor anu tadi diparkir hareupeun masjid, gancang diselah. Si Udung, gancang nerekel kana motor bari rada kagok meureun puguh kahalangan ku samping sarung bari jeung teu make calana panjang. Atuh tuurna anu mencos teh kaciri.

"Bae lalaki mah da batas oratna oge ti mimiti tuur kana bujal", pokna teh.
"Jeung tuur Uing mah moal matak pikabitaeun ieuh. Gancang atuh ngagas motorna. Geus teu kuat yeuh hayang cikopi", leuh ....ieu khotib udung meni hayang rurusuhan kieu.

"Ke lanan atuh, sakieu jalan loba logakna. Hayoh cilaka. Santey we atuh", pok teh.

"Ah didinya teu apal kana naon-naon anu di nisabkeun ku Alloh. Rurusuhan kanu teu biasa eta teu meunang. Matak cilaka. Ari gagancangan kanu geus biasa mah alus. Buktina tuh Valentino Rosi, tukang balap motor, apanan pagancang-gancang. Puguh meh juara. Moal enya pembalap ngaleyad, atuh moal meunang", deuh eta ngomong, meni pertengtang sakitu di bonceng ku kuring tateh. Meni diantel-antelkeun we, gadona kana taktak, jiga meh nompo kana ceuli kuring.

"Heuh da jalana hade, Motorna alus, papakeanana lengkep jeung pengaman. Ari didieu, rek bisa kumaha atuh, sok titah Valentino Rosi mu ituh, jago tah mu bisa gancang. Anggur bakal meunang mang Suparman tukang ojeg, siah. Mun balap jeung manehna, dijamin ku kuring mah. Komo lamun jeung ojeg gunung, hareup tukang mawa karung bari ngajalankeun tarik, naha bakal bisa manehna, Valentino Rosi nyaingan mang Adang, anu sakintal dihareup sakintal ditukang, encan anu didiukan sakintal deui", pok teh.

"Heuh tah didinya....anu biasa jeung teu biasa, kabiasaan maranehna apanan geus bariasa kitu.
"Gandeng ah, lieur. ngomong teh pabaliut..... biasa", pok teh bari rada ngahaja motor di tarikeun kana 40km. Puguh ukur sakeudeung, 4km jarak masjid ka imah, ari bari ngobrol mah.

"Cinta euy anu utamana mah", ceuk si Udung bari turun tina motor. Lain buru-buru ka imahna, malah gancang ka imah kuring, langsung muru ngopi.

"Kamana jikan didinya, panto teu dikonci ari di jero imah euweuh sasaha kieu ieu teh", tanyana.
"Aeh apanan sarua kuring oge karek datang jeung didinya, apal timana. Meureun ketang di tukang keur popoe.

"Kade euy kapamajkan bejaan, nyiapkeun dahareun keur anu balik jumaah teh hade. Malah cenah ceuk sakaol, pahalana teh sarua jeung anu ngalakonan solat jumaahna", ceuk si Udung, abong tos jadi khotib nanaon teh disambung-sambungkeun jeung agama. Asa giung ngadengena oge.

"bae lah kumadinya we", pok teh. Bari enya leungeun kapangaruhan make jeung teu sadar mukakeun tudung saji dina meja makan.

"Alah siah bedul, tinggali pamajikan kuring mah, geus nyiapkeun. Sip euy lah......aya peuteuy meni barolotot kieu, euleuh ieu sepat badag.....jiga-jiga pungkil. Top we lah didinya mah cikopi, kuring mah rek dahar. Lapar deuih ieu teh ti Bandung tadi nyubuh teu sarapan heula", pok teh.

"Tong kitu atuh euy, rek ngajak mah ngajak we dahar. Da sarua Uing oge lapar, mangkaning tos ngabamblam tadi", ceuk Si Udung, bari kituna teh langsung nyokot piring.

"Tah didieu, kakuatan cinta teh", ceuk si Udung bari samutut ku angu jeung sepat bari leak peuteuy dicoelkeun kana sambel.

"Naon ari didinya, cinta-cint we...teu ngarti kuring mah. Moal enya apanan tadi jumaahan teh euweuh awewena. Kade siah katepaan bangsa nabi lut" pok teh.

"Nadidinya ngomong teh, regepkeun heula tuh, montong namalang, can kaharti mah. Regepkeun uing lamun keur nyarita".
"Naha kumaha kitu?", tanya teh.

"Didieu, tah cinta jikan didinya, anu kacida gede. boa lamun teu didadasaran ku cinta mah, didinya meunang dahar anu ngeunah kieu. Balik jumaahan lapar tinggal am. Matak Uing mah kapamajikan, seus Diah. leuh......kacida nyaahna".

"Alah etah, ngomong. Seus Diah. Rodiah FM, 101Mhz meureun didinya mah. Matak gegetret loba totombe, pesen lagu kituh love in life", geuleuh tuda, ngomong cinta-cinta we.

"Aeh, teu percaya didinya mah, sok pikiran. mun cinta dumasar kana raga, yeuh bakal peot, kenyod, koma lamu kana panghasilan mah, didinya sabaraha gajih, nyukupan henteu pangabutuh pamajia jeung anak. Naha bakal cukup duit gajih teh, unggalpoe dahar jig kieu terus, ngenah bari khayang sagala nyampak. Ukur ku cikopi, sabulan bea sabaraha kilo. Tambah udud. leuh......beak tah", pok si Udung, bari teu ngukur kamampuh manehna, oge sikopi anu terus disoro kumanehna.

"Matak Uing mah nyaah pian ka jikan teh. manehna bisa ngarti kamampuh salaki, komo usaha anu teu puguh raa hasilna. Apanankuring mah ukur ngandelkeun dagang cindung, nya et oge teu ngaleuleungit ti saprak aya gas mah, nyi Rodiah, osok ngeureuyeuh, nganteur-nganteur gas ka langanan anu butuheun jeung bea gasna. Mayan aya keur jjan budak".

"Lah didinya mah..."
"Teu kudu lah.....da Alloh mah ngarijkian. tong boro jelema, sirem beureum, anu leutik, dirijkian di bere nyatu. Apanan sarua jeung ka mahluklainna. tah eta buktina Alloh oge micinta ka mahlukna. matak garejul tah lamun aya mahluk anu teu micinta ka Alloh".

"Naha dung ujug-ujug kadinya"
"Ah teuing hayang kadinya we. teu ngarti uing oge anu dicaritakeun teh".

*100410

Tidak ada komentar:

Posting Komentar