5. SI UDUNG MESBUK
Napsu nyedek tanaga midek. Hohoak bari lumpat. Mun aya rungkun atawa dapuran cau mah pasti nyarumputna teh didinya. Tapi si Udung teu kitu wae. katinggali rek ngaberetek kana dapuran cau mah, gancang dipegatan. "Awas siah", pokna teh.
Gesit naker si Udung, ka sakabeh jalma anu rek api-api nyumput dina dapuran cau. Da puguh si Udung, anu harita nuar cauna oge. Cau gede bari geus kolot. Cau Ambon cenah. Kumanehna oge, dipeuyeum handapeun dapuranna. Tah satuur dikalina oge, uing oge pernah mantuan ngalina. sanggeus jero, diamparan daun aprika. Ngala daun aprika na oge tinu mang kodir. Apal uing mah, da puguh basa harita nuar teh ngajakan ka Uing. Teu ieuh di caram da puguh cau anu manehna, di kebon manehna. Paling oge indungna anu ngambek mah.
Ngahaja si eta mah, dipueyeum didinya teh, ngarah indungna teu apaleun, cenah. Meh disangka kunu maling. Padahal mah, unggal ka kebon kumanehna dihenggoy. Eh amit-amit, naha nya ari si Udung kalakuan teh, dianggeurkeun wae. Kumaha jaganana, manehna mun geus kolot. Kumaha lamun didoni terus ku anakna. Kituna deui, bae ketang ah, hukum karma jigana engkena teh. top we udung maneh, uing mah ukur mantuan ngadahar, ngali jeung ngentepan daun aprika jeung cau basa rek diruang. uing teu ilubiung kana dosanana mah. top we, da maneh anu boga dosana mah.
Keur nutupan, kanyaho indungna. manehna make strategi ngagos ka batur anu sakira-kira bakal piapaleun."Eta strategi hade",pok na teh.
Da eta atuh, meni jiga nu enya, ngulang-ngulang parang, bari ngagaplek bedog panjang. Pajarkeun cau manehna, aya nu maling, "awas siah, mun kapanggih. ku Aing mah, rek dicacag siah", pokna teu euleum-eleum.
Lain atuh sararieuneun batur oge. Malahan ma Onih mah, meni kuat ngiihan sorangan, bakat ku soak. Enya bakat ku soak nigngali si Udung ngawak-wak di kebon. Kitu deui Uing, rada seber. Gemper niggali si Udung jiga nu heueuh ngamuk mah. Da eta we, tanggal karinyuh, meni di cacar sagala.
"Awas siah, boa dina rungkun ieu, nyumput bangsat teh", ku teu euleum-euleun si Udung ngomong kitu. Nyebut bangsat.
Tah ma Idoh anu keur ngahuma oge, ninggali si Udung ngamuk kitu mah, mangpret! Mang Odi gancang lumpat. Alesan rek ngomekeun cai. Mang Midi, balik pajarkeun rek ngarit heula keur embe, karunya can boga jukut, cenah. Mang Bidin, mibrit. Pajarkeun manehna rek aya alaeun, panen suuk bisa kapilheulaan ku beurit manten.
Teuing saha deui, anu buriak teh. Puguh loba, jelema keur dikarebon.
Eta oge aya si Dayat, datang. Nanyakeun ka si Udung. Tampolana, Manehna kalah taak, ningali si Udung ngamuk. Ngasongkeun bedog panjang.
"Heueuh, alus Dung. Sok gancang bereskeun. Teangan bangsratna tuman lah. Jelema kitu mah, urang karungan. Curaling pisan", ceuk si Dayat bari lumpat.
Teu bisa usik, harita ukur Uing sorangan. Nyempod na dapuran kai. Ningali kitu kalakuan si Udung. Jiga munding bayangan, panona bunceulik. Bari ka uing ngagusur. Reuwas kahulu-hulu uing mah. Tapi sareretan aya nu nyurigakeun, panon si Udung. Culang cileung ka lebah anu lalumatan tadi. Gorowokna ditarikeun deui,"awas, siah. Mun kapanggih ku Aing dicacag. Di bejakeun ka si Ema."
Nu pating beretek ngajauhan. Teuing kamana jigna. Hoream jigana mah, ninggali si Udung ngamuk.
"Kunaon didinya bet jiga nu sieun ku Uing, jang. Apanan uing mah tadi teh bobodoan, ngarah maranehna kalabur. Apanan urang mah boga peuyeum cau tea. Pasti geus asak, da geus aya saminggu, lin?", pokna teh. Poho we yen manehna, bieu karek awong-awongan ngamuk jeung nyarekan sasaha.
"Sok kali lombangna, cokot hiji jang. Sasihang anu pang gedena. Kamerekaan-kamerekaan. Keun weh da Uing. Boga jampena keur, ubar kabuhulan jeung kamerekaan mah. Ti mang Aan. Geura urang bacakeun, "Beuteung badag/ ngabuntel karet/Beuteung aing beuteung anjingeun/Pus ah pus ah/Anu ngelepus jadi hitut/". Sok jang urang dahar ayeuna mah. sabuncelikna beuteung.
Hehehe.....Itu geura si Udung. Dasar jelema gejul. Ningan eta teh akal-akalan manehna, meh batur birat. buriak. Ngarah manehna jongjong sorangan ngahakan cau. Aeh........ teu sorangan ketang. Da puguh jeung Uing.
Bener ngenah, cau asli anu kolot dina tangkal mah. Seungitna beda cau ambon teh ari dadakan kieu mah. Katambah seungit daun aprika. Lain bau karbit ieu mah. Daun aprika, anu ngasakeunna. Barang di kali teh, melengseng seungit cau geus karasa. Ka ubaran, soak ku hoakna si Udung tadi.
"Teu kitu heula mah, jang. Maranehna pasti rabul ngadeukeutan. Moal aya buruh atuh, urang nungguan saminggu hayang asak cau teh. Didinya oge moal bentet ngahakanna, lin?" si Udung jiga nu nyaho kana hate Uing.
"Komo lamun aya si Tata. Si eta mah culametan. Tong boro cau, Uing mawa sambel oge. Gancang nerekel kana tangkal selong", ceuk si Udung negeskeun.
"Enya bener, Dung. Didinya mah, otakna encer. Hade", ceuk Uing. Nyebut teh ngaran we, ka manehna teh. Da puguh teu beda jauh umur teh. Rada kolot manehna sataun. Sababadlah. Tapi eta oge sakapeung mah kumaha poe. Osok oge kuring nyebut akang. Enya, Mang akang keun, sebutan adina.
Ari hareupeun kituna soteh. Komo deui, manehna mere cau. Sakapeung nyebut teh, uing mah sok Udung, osok akang. Ah....kumaha hayangna we. Bari ngomong kitu teh lengen mah kop deui, kop deui kana cau ambon. Kungenah, seungit. Bari galaleude. Teu ieuh karasa wareg, da ieu cau meni ngenah kieu. duka lamun jampe si Udung tadi, matih. ieu cau ku ngenahna. Komo si Udung mah, sajorelat, saketap. Cau sasikat teh.
"seugitna aslinya kang Dung cau teh".
"Cau indung aing tea atuh, asli bibitna oge menang mawa ti Ambon. Basa harita, Bapa uing balik ti dinya, tas miluan jadi anggota..... ah teuing naon. Teuing anggota naon. Basa indit kahiji balik teh mawa cau ambon ieu. Tapi basa indit anu kadua, bapa uing can balik deui, nepi ka ayeuna".
"Naha kang, can mulih?"
"Cenah mah bari jualan selop jeung bordel mawana ti Tasik. Dagang galendo we ti Ciamis".
"Naha meni teu maksakeun mulih. Nyelang heula kadieu?"
"Ceuk Indung Uing mah, da eta jeung babaturanna dagangna teh. Urang Sukabumi, ceunah. Matak kagok mun balik teh. Urang sukabumi we, anu ngorder jeung nyokot barang ti Tasik-Ciamis, nya ku urang Sukabumi eta".
"Ti Ambon ka Sukabumi kang?"
"Henteu, da cenah ceuk indung uing mah, aya grosirna di Pabelan"
"Pabelan teh mana kang?"
"Teuing atuh, Uing ge teu apal. Indung Uig we anu ngobrol kitu", ceuk si Udung bari rada ngahuleng ari geus ngomongkeun bapana mah. Lemah si eta, lamun bapa na geus di sabit mah.
"Teu hayang neruskeun tatanya Uingna oge, ka indug. Komo mun geus katinggali indung carimasbas mah. pokoa mah ceuk Indung teh jeung babaturanna urang Sukabumi. Bae ah. Kuma dinya we. Nu penting mah salamet", pokna bari dumareda.
"Enya alus kitu Dung. Doa anak anu sholeh mah. sok diijabah", ceuk Uing nurutan kekecapan abah Muhtar. Aki Uing nu geus lila tilar dunya.
"Aiing teaaa atuh...anak soleh. Sakali ngomong, tes.....tes.....cleng atuhhhh. Nepi tah dunga aing mah ka aherat"
"Ah... naha ari didiiinya, nyarita teh...."
"Aeh... naha teu percaya kitu nya? Tinggali we Uing mah. Nuar cau. Apanan harita jeung Ujang. Dituangguan saminggu, tah ayeuna apanan dihakan ku urang duaan", ceuk si Udung bari ngahahaha...
" Hahahahah........enya bener Dung. Omongan akang mah. Bener, pisan. euweuh nu mencog", pok teh.
"Aing tea atuh..."
*
Saminggu ti harita peuyeum cau di tempo deui. Hayang seuri tung-tungna mah. Bener-bener, Uing mah hayang seuri. Ngabandungan si Udung, cenah manehna ayeuna mah ngaku-ngaku tokoh sunda. Teu pira, gara-garana mah meuli hape, anu bisa dipake internetan. Alesanna mah, meh gampang ngahubungi bapana anu di Ambon, mun sakaleiun bapana atawa urang Sukabumi ngaliwaat ka Pabelan nyokot barang, bisa 'ngontek' heula. Lumayan sok nitip duit ka pos.
Hahaha.......hayang seuri, esemesan si Udung mah. Jarang pisan aya anu langsung ngabales. Komo bapana mah tara pisan. ceuk babaturanna urang Sukabumi mah, keur kaditu, ker kadieu, keur ngorder. Loba we alesan bapana, keur teu ngabales esemes ka si Udung.
Komo deui batur, malahan mah tara aya nu ngabales-bales acan. Da eta we apal soteh, satiap manehna ngaesemes babaturanna, sok ngomong. "Uing keur nungguan balesan", cenah. Bari eta hape ngagaplek we jiga bedog dina cangkengna. Hape badag anu aya anteneuan. "hape mahal ieu teh jang, satengah juta, meuli na oge", meni reueus si Udung mah kana eta hape teh.
Heu heuy deudeuh. si Udung ngaesemes, babaturanna tara ieuh langsung ngabales. teuing teu apal uing mah dimana manehna sok meuli pulsanaoge. da puguh di lembur uing mah euweuh anu dagang pulsa. Paling oge mun rek meuli pulsa kudu ka Cikajang. kakara didinya mah loba anu dagang pulsa.
"Nya atuh kang Dung. Rek aya anu ngabales kumaha, apanan di urang mah anteneuna oge, karek dipasang. Can ieuh bener nangtung. Tog boro di urang di Bungbulang oge, karek taun kamari. Tah mun hayang alus mah kudu di Koreh Cabe. Eta sok hade kang Dung", ceuk uing ngabejaan si Udung.
"Naon ari Ujang, Uing mah kamari geus bisa jadi anggota pesbuk. Uing mah dina pesbuk na oge ngaranna diganti".
"Saha kang? meni gaya gara-gara pesbuk diganti ngaran"
"kiudungtiHalimun. Ngaran hade tateh jang"
"Lain diganti atuh Dung, eta mah. Ditambahan ku ngaran tempat"
"Ah teu paduli. Ngan Uing mah kamari geus, mesbuk jeung tokoh-tokoh sunda"
"Saha wae kang? Urang Sunda boga tokoh kitu? ari tokoh teh naon kang"
"Teuing atuh, da loba pisan. Ngan kabeneran harita teh maca. Maranehna teh, keur nyalarekan"
"Nyarekan saha kang?"
"Teing Uing ge teu apal. Ngan soak we. Soak pisan".
"Naha bisa kitu kang Dung, dina pesbuk nyarekan?"
"Bisa. Geus biasa jeung bisa pisan silih dedetkeun ku tulisan dina pesbuk mah".
"Alah resep kang...!, abdi mah hayang nyarita, dina pesbuk teh. Yen, anu maling cau teh taya lian kang Udung"
"Ah.....naha ari didinya. Sok nguar-nguar ka gorengan sorangan. Apanan didinya oge milu ngadahar".
"hehehehe.......".
"Eya resepnya kang, mun boga hape. Iraha atuhnya uing boga hape?" ceuk uing nyalenggorkeun basa.
"Resep pisan atuh jang. Da harita ku Uing bakat ku panasasaran terus dibaca. Ngadegded, Uing mah macana oge. Sakitu Uing didieu tukang ngambek. Euweuh nanaonan ngambek teh jiga dina pesbuk mah. Ngeleper, cacakan ukur maca. Komo lamun pahareup-hareup. Kasima jigana teh. Matak poho kana jampe.
Ku Uing maksakeun terus dibaca, kumaha akhirna, Panasaran. Sigehel....! Ari pek teh. Maranehna kitu soteh keur hareureuy. Patarik-tarik sungut wungkul. Mun tea mah, katinggali eta urat beuheungna pasti kana rantengna", ceuk si udung nongtorowelang, sagala nyaho.
"Heh hehe hehe...... heureuy eta teh jang. Hareureuy dina pesbuk. Sugan teh enya parasea, patarik-tarik gorowok ari pek teh keur maranehna mah geus bariasa", ceuk si Udung negeskeun. Bari teuing enya bener henteu na mah. Uing teu ngarti da can apal kumaha pesbuk teh. Uing percaya we ka si Udung.
"Resep kang, Uing hayang. Boga hape jiga nu akang kitu".
"usaha Jang sing bener. Matak ieu cau ulah di dahar kabeh. Urang jual sawareh. Duitna urang kumpulkeun. Geus loba urang meuli hape. Apanan urang bisa mesbukan.
"Enya bener kang, tapi ieu kagok yeuh sasikat deui. Urang beakeun wenya kang kuduaan nu ieu mah".
"heheheh.....enya bener lebar ieu mah. Urang beakeun we lah. Kagok. Tah nu leutikna urang jual".
Tembal si Udung, jelema gedebul, tapi sakapeung mah, hatena bersih.
"Mun geus ngumpul, uing mah hayang meuli hape. keur bapa uing. meh ngabales esemes uing. bisi teu bogaeun. Tong di Ambon jeung urang Sukabumi wae", pokna.
*040210
Tidak ada komentar:
Posting Komentar