28. TIBALIK IEU MAH
Pasosore, ditengah imah teh keur nyalse we, tiluan, pun bapa, pamajikan jeung kuring. Citeh haneut jeung kulub sampeu, ngebul keneh. diantep sina tiis heula rek di dahar teh dicoelkeu kana kurud gula beureum. ngahaja di gelar puguh karesep pun bapa tateh. Puguh budak mah duanana keru parebut remot tipi. hayang acara itu acara ieu. gurger teh diantep we, bae ah da biasana.
"Cing geroan atuh Udung. Urang ajak ngariung. Da si eta mah sok boga ide anu beda jeung urang-urang. Sugan kapanggih pialuseuna kumaha....", ehm...naha bet siseblu kudu diajak ngariung. Piraanan nambahan rohangan ka hareup keur warung. Tapi keun bae ah da kahayang kolot rek digugu we. Bisi enya si Sardung boga pikiran anu hade. Ret kapamajikan, nandakeun nitah ngageroan ka si sardung.
Kudu siap-siap jeung si sardung mah. Cikopi. Untung, babaturan urang palembang kamari mawa kopi jeung mere sabungkus badag. Cenah bawana ti Aceh.... basa tas penelitian. Leuh .......mantap sugan. Ari kopi Aceh mah, moal bau jagong.
Titatadi diuk jeung ngariung sareng pun bapa, teu ieuh cikopi atuh komo meledug ngaroko. Puguh anjeuna mah teu resep cikopi sareng ngaroko. Jadi ukur cienteh pait we kalan-kalan di gulaan atawa susu kaleng. Dipasihan susu murni mah teu kersaeun, sebel.....saurna teh. Matak ngalengen.....pun bapa mah kana susu kaleng we. Rek anu coklat rek anu bodas, pokona mah susu kaleng.
Jung we nangtung tina korsi, rek nyokot kopi jeung termos. Emuuuk siah, disiapkeunana oge keur si Sardung mah. meh teu kalahka nyiuk deui-nyiuk deu kopi jeung gula. Hayoh we termos dipulang antingkeun jeung menta di pang nyodorkeun. geuleuh aing mah......mun menta pang nyodorkeun termos bari eta leungen meh antel kana beungeut. Iiihh...teu boga cedo pisan. nya menta nya nitah deuih....abong-abong si Sardung tukang cindung.
Pamajikan katinggali muka panto rek neang si Sardung, karek oge turun ti teras bari make sendal geus balik deui pamajikan teh.
"Naha aya naon uih deui", ceuk kuring ka pamajikan.
"Tuhh....", jawabna bari nunjukna teh ku biwir...bari ngalieukeun benget ka luar.
"Heuheuy...aya naon euy...neang Uing", pok si sardung ujug-ujug nyarita kitu. Bari langsung nyokot gelas jeung nyiukan kopi gula. cor cai tina termos.....kucak kocek kucak kocek, suruput. Si gehel meni jiga anu ngeunah. Kuring oge titdi anu nyiapkeun kopi gula jeung temros acan nyieun na ari si eta jol-jol langsung nyieun. Dasar si seblu. Gek manehna diuk payuneun pun bapa.
"Saha nu rek neang, bari na oge", ceuk kuring ngangles.
"Pamajikan mah rek kawarung meuli peuteuy. Hayang dahar nikmat Kuring mah", pok teh bari ngabibita si sardung. kituna soteh meh manehna we daek diajak ngobrol da aya harepan rek dibere dahar.
"Jeung cepat anu leutik we...meh garing", ceuk kuring ka pamajikan. katinggali pamajikan rungah ringeuh. Tapi puguh kahartieun meureun, gejlig deui we pamajikan teh kaluar.
"Teu kudu neang Uing, jam sakieu mah. Geus aya gerentes na hate. Didinya perlu ka Uing. Katambah-tambah ieu suku da merenyeng we hayang leumpang kadieu", pokna teu euleum-euleum.
"Enya bari hate hayang ngopi euweuh.....nu aya ukur napikiran. opi teh aya didieu. puguh we haget leupang tehnya", pok we kitu. Geuleuh tuda. Loba alesan pisan tuda, hayang ngopi mah ngopi we atuh da teu diulahkeun.
"Puguh...kadieu teh. Aya piobroleun", ceuk si sardung barang gek diuk na korsi.
"Piobroleun naon Dung", saur pun bapa.
"Muhun itu pa, pun bojo muhun nyi Rodiah........"
"Memangna aya ngaran lain jikan didinya teh.....?", heureuy jigana mah pun bapa teh. Salah si Sardung sorangan, ongkoh nyebutkeun pun bojo bari sebut ngaranana. heueuh kukituna mah apik. kudu apik ari ngobrol jeung kolot mah.
"hehehe...", ukur seuri si sardung ngadenge kitu teh.
"Ari geus kumaha kitu?"
"Nya muhun.....",
"Muhun naon Dung", saur pun bapa deui motong omongan si Udung.
"Keukeuh punbojo teh, hayang wae ngacak imah, cenah kalahka we ngungumpul batu, bata keusik kenteng ari diterapkeun henteu. Puguh da ereng sareng kai mah tos dikeukeum di balong mang ojon. Aya kana 6 kibikna tateh. janten mun tea mah rek ger kuriak teh kantun nyait tina balong", pok si sardung.
"Euleuh ningan, geus ngumpul kitu mah kari ger we atuh. Mikir naon deui?"
"Nyeta, semen da tos nitip artos di matril latif, paku tos aya di bumi, mung teu acan aya teh artos kanggo tukang basna......da eta saurna teh anu nengah biayana teh. Eueuhhh...abdi atuh timana biayana kanggo ayeuna mah.....", heuheuy deuh....asa getek ieu ceuli, si sardung nyebut abdi ari hareupeun apa mah.
"Teungenaheun euy ngomong teh", ceuk hate we da ari pok mah henteu.
Si Sardung rada mesem...bari ninggali ka kuring. Meureun rumasa rada beda ngagunakeun basa ari ngobrol jeung apa mah.
"tiasa ngekempel ngawujud janten barang teh, muhun ku koreh-koreh cok abdi mah. kengeng sabataeun meser, ka kesikeun mese. da ari batu mah abdi we ngunjalan ti wahangan ciparugpug".
"ih alus pagawean kitu teh".
"Muhun tiasa nitip artos kanggo semen oge, harita ngical domba dua. Lumayan tiasa dititipkeun di matrial".
"Jadi kari naoneun deui atuh ayeuna?", saur pun bapa.
"Muhun kanggo tukang bas pami tea mah maksakeun kahoyong nyi Rodiah, kapaksa we si jalu teh kudu ngencar. nya paling tabih we sareng bikangna 2 mah".
"Ih hade tah...boga sabaraha domba teh?".
"kantun lima deui ayeuna mah, nya pami si jalu kaluar mah jeung anu bikang dua", kantun anu mang ojon we...panginten. puguh eta mah nengah sareng mang ojon atuh. Tapi keun we ah da ayeuna keur keureuneuh. manawi we kajantenan deui. Muhun aya tungguaneun".
"Alus bener tah. Rek iraha atuh prakna kuriak teh?".
"Nyeta pun bojo teh...hoyong ngangge gambar anu aya dina komputer ieu yeuh", pokna teh bari nunjuk ka kuring.
"Ih eta mah keur gambar imah kuring atuh Dung. Ulah ah....", ceu kurin ggancang nyarita.
"Enya atuh wayahna we, pang gambarkeun deui. Didinya mah jigana rada bisa", pokna.
"Ukuran teh rek nyieun anu 35 elo we moal gede teuing. kahayng mah kamar tilu. make WC di jero imah ruang tengah dapur ayakeun. Sakitu. piraku teu bisa. Kade ptonganana anu jaman ayeuna. Tong jiga potonga sakola, ti baheula nepi kaayeuna angger wae kudu kitu. Teu ngeunaheun Uing mah".
"Na bet mamawa ka bagnuna sakola".
"Geuleuh tuda, iiihh....ti kuring keur leutik. nepi kaayeuna, bangunan sakola mah angger wae kitu. Cik atuh apanan anu ngeusianana teh, ilmuan wungkul. Jelema anu ngarti tapi ningan teu menyat wae, bangunan sakola teh angger we kitu. Paingan pendidikan teu maju wae, da buktina bangunan ge teu robah. Atung eneh atung eneh. kali-kali atuh sakola teh potongan imah spanyol", euleuh eta ngomong kamana wae.
"Standar bagnuna sakola atuh dung eta mah, kudu kitu'.
"Heueuh nyeta, matak hasilna anu diajar dina bangunan anu standar mah. pinterna teh ukur standar. euweuh menyatna. Sok tinggali ku didinya, bangunan sakola. rek satingkat atawa dua tingkat, angger bentukna teh kitu. Teu ngenaheun cek Uing mah".
"Ah teuing Dung ah. Didinya mah kamana wae ngomong teh. Rasa maneh rek nyieun imah gedong".
"Tah matakna. Imah Uing mah hayang bentukna hade. biayana leutik. anggeusna gancang. Mangga eta mah nyanggakeun. Kumaha bentuk imah anu hade keur uing. Yeuh bentuk imah teh bakal mangaruhan kana sikep jeung milikna papada jalma. apanan alloh oge moal ngarubah hiji kaum lamun kaumna eta sorangan teu ngarubah dirina. Uing hayang ubah sa eutik mah atuh...meh teu sarupeuk di imah teh".
"Hade niat teh Dung ".
"Aeh muhun. Manawi teh.....da eta atuh sok ngajak wae gurger ari ka abdi mah", ceuk si sardung bari nunjuk kakuring.
"Ah anu ieu yeuh Dung keur bestek imah didinya mah. Hade euy....bentuk imah na teh. Kuring harita ninggali imah di deukeut pasar bayongbong bentukna jiga kieu. sederhana tapi nyeni", ceuk kuring satutas nyokot conto gambar dina meja.
"tah bener anu ieu yeuh...cik injeum urang bejakeun ka nyi Rodiah. Jir....jigana manehna atoheun. bakal jigrah lah ninggali potongan kieu mah".
"Heueuh atuh top we tinggalikeun ka jikan didinya".
"Ke atuh urang bejakeun heula ka nyi Rodiah", kituna teh bari gancang cengkat indit mamawa gambar imah rek ditinggalikeun ka nyi Rodiah.
Sawatara si Udung balik, kuring sareng pun bapa jadi hulang huleng. Naha ieu teh apanan si Sardung dititah kadieu teh, rek badami kumaha alusna nyieun rohangan keur warung. Bet jadi mikiran imah si Sardung ieu teh. Tapi keun bae ketang sugan we rek nurut lieuh kana barang-barang anu manehna sugan aya sesana. heuheuy tuh ningan dibabrikeun rijkina...ari nurut ka kolot mah.
Nuhun sardung...sesa mah didinya ku kuring rek dipake nyieun rohangan keur warung pun bapa. Hade tah ide teh Dung. *23042010
Tidak ada komentar:
Posting Komentar