/*Vertikal Menu ———————————*/ .vertikalmenu{ list-style-type: none; margin: 0; padding: 0; width: 180px; /* lebar dari menu vertikal*/ } .vertikalmenu li{ border-bottom: 1px solid white; } .vertikalmenu li a{ background: #000000 ; /*warna dari menu vertikal*/ font: bold 13px “Lucida Grande”, “Trebuchet MS”, Verdana; display: block; color: white; width: auto; padding: 5px 0; text-indent: 8px; text-decoration: none; border-bottom: 1px solid black; } .vertikalmenu li a:visited, .vertikalmenu li a:active{ color: white; } .vertikalmenu li a:hover{ background-color: #737373; /*warna setelah pointer diarahkan (hover)*/ color: white; border-bottom: 1px solid black; }

Jumat, 01 Oktober 2010

KAMEREKAAN

26. KAMEREKAAN




Kapaksa peuting ieu mah, kuring kudu ngaronda. Padahal mun ningali jadawal ronda mal lain giliran kuring. Tapi duka kumaha ieu hate asa ku teungarareunah. Ah dari pada ngalamun diimah sorangan bari hese sare mending miluan ngaronda jeung babaturan bari ngobrol itung-itung ngabangbrangkeun katugenah hate.

Jlig we ti imah turun bari teu poho senter jeung pangkarang anu dijieun tina ruyung kawung. Teu panjang ukur satengah meter. Ngan geus dialus-alus dibunerkeun bari rada gede kahareup. Malah mah dihampelas bari disirlak deuih. Tamba maturan kakeueung we mawa pakarang teh, da ari aya mah bangsat tacan tangtu digunakeun.

Teuing mun tea mah aya bangsat, ku tewasa. Atawa kuringna we anu teu wani lamun pa amprok mah. Dina emprona lamun tea mah aya maling…mending lumpat we bari ngagorowok. Mawa pakarang the Ieumah ukur maturan kakeueung. Dibawa soteh.

Dua lengkah tina tepas, tihang listrik langsung ditakolan 11 kali. Kadenge tibeh kulon aya anu nembalan ku sora nakol loceng pos ronda

“aeh ninggan geus aya batur. Si sardung nyaring keneh kitu? Ah dina geus sarena oge rek digudrag we….. ah.
“Aeh tuh ningan panjang umur, boro ku kuring rek digudrag, Dung”.
“Aya naon kitu?”

“Kuring, asa hayang ngadurukan bari meuleun sampe atawa jagong”, pok teh rada ngilungan karuwet hate. Ah ketang teuing karuwet teuing naon. Da puguh pipikiran teh asa teu pararuguh peuting ieu mah. Teuing aya kila-kila naon. Tapi muga-muga we pialuseun.

“enya bener, puguh asa bakal ngeunah yeuh lamun meuleum sampeu. Tadi beurang ninggali tangkal sampe anu mang Ojon meuni baradag. Kabeneran manehna peuting ieu ngaronda. Geus gogoleran oge cengkat deui. Eta ku muruhmuyna sampe mang Ojon mah, bari koneng atuh”, pok si Udung ngengklokan.

“Hayu atuh, Dung. Urang bebeja heula atuh ka mang Ojon”.
“Alah can tangtu mere bebeja mah. Keun bae ngalana we anu sisi gawir. Dirabut bari lumpat oge bakal beunang. Keu urang bawa ka pos ronda. Geus dial amah, rek nyangka rek hentu jeun teuing lah. Da manehna ge bakal ngahakan atuuh”.

Eehhm….. eta kalakuan cacakan …. Ah ketang da ieu mah ngaronda barina oge lain keur jumaahan. Dasar atuh anu gede wejus … sipolos tomo.

Kincid we si sardung indit ka kebon mang Ojon, kuring oge nuturkeun. Karunya bisi heseeun ngarabutna. Geus mah dekeut kana gawir, teu sirikna ngajleng bari ngarawel atuh si sardung, ngarabut sampena teh. Bener garede, nya lumayan lah sagarede pigeulang leungeun. Bari aya kana opat siki sanajan ukur satangkal.

“Cukuplah, hayu. Bisi ambek mang Ojon loba-loba teuing mah”, cekeng teh.
Kela urang potongan heula tangkalna”, pok si Udung, bari semu culang cileung. Abong teu biasa ngala sampeu batur.

“Bebeja Dung euylah, sieun Kuring mah. Hayoh disakompet daunkeun jeung batur”.
“Enya atuh, meni miit pisan didinya mah. Keun we atuh apanan engke oge bakal dibawa kahareupeunana”.

“Hayu, gancang”.
“Na ari didinya, meni ngababarikeun. Caangan atuh ieu poek. Kalahka we mawa batre”.
“Aeh heueuh. Uing mah gemper euy. Tara biasa”.

“Na ari didinya, memangna Uing biasa maling. Barina oge ieu mah ngala tiheula. Bebeja engke bari nyampeurkeun. Apanan rek dibeuleumna oge dina durukan hareupeun pos ronda”.

“Alah didinya mah”, ceuk kuring bari teu sirikna, digusur si Udung. Diburu-buru ku kuring. Nyaan ngadeg-deg ieu hate. Cacakan ukur ninggali ngarabut. Leuh….asa dosa.
“Tobatna kumaha dung euy?”

“Alah, naha didinya… meni kudu tobat sagala. Apanan ayeuna oge panggih atuh jeung mang Ojon. Keun kuma uing masalah eta mah. Tenanglah”, ceuk si Udung.
“Ieu atuh lesotkeun…samping”, pokna deui, anu teu karasa terus ku kuring digugunyeung sampingna.

“Hehehe….poho Dung euy. Hampura”.
“Uing eungap gehel siah”.
“Heueuh apanan Kuring geus menta dihampura, didinya mah…. Ayeuna giliran didinya menta dihamppura ka mang Ojon”.

“Teuhnya didinya mah, pake kasempetan, ari mumul ngomong teh”.
“Aing….. didinya. Eeta ngomong ka Kuring meni nyebut mumul”.

“Naha didinya hayang dihargaan?”, ceuk si Udung siga anukeuheul dumeh dikenyang sampingna anu meulit kana beuheungna tadi.
“ Moalnya hayang diharagaan maling sampeu?”

“Sardung siah. Didinya anu maling mah. Kuring mah ukur nganteur”.
“Sarua anu nganteur jeung anu maling ge. Dosa tateh”.

“Naha bet dilakukeun?”
“Apana ku kabita muruhmuyna sampe atuh”, bet ku teu ngarasa dosa ari si sardung ngalakukeun kitupatut teh. Iihhh….aing mah era. Teu karasa lempang teh geus hareupeun pos ronda, bari celengkeung mang Ojon nyarita. Hate kuring kacida pisan gnagebegna, boa-boa bakal ngambek mang Ojon teh. Duh gustiiii…..tulungan abdi. Da si Sardun ganu kitu tea mah, make maling sampe sagala.

“Syukur euy. Geus ngala sampe. Boro tadi mah rek nitah kadidinya teh”, ceuk mang Ojon. Euleu ieu hate meni ngemplong.
“Nya ceuk Uing oge. Geus aya ilapatna atuh ka jelema soleh mah. Matak Uing wani ngala oge”, ceuk si sardung jiga anu heueuh wae meunang ilapat.

“Teuing ah siah, kumadinya we”.
“Dieu Dung urang beuleum. Ku emang”.
“Yeuh mang can dikerik. Da bieu atuh kaburu digunyeng samping. Meni eungap gera”.

“Wayahna we atuh Dung. Da dosa sorangan tateh. Bongan teu bebeja”, ceuk kuring.
“Alaaah….etah.nahaaa…. didinya. Ku teung ngadaenge. Sakitu mang Ojon tarik kitu nyarios, nya mang?. Dung ngala sampeu kaditu. Tapi kusabab geus kajudi ti imah keneh bakal kitu, Uing hihidenganan. Karunya we atuh Uing mah ka Mang Ojon. Jeung dueih cape atuh Uing lamun ke balik deui ngala sampeu”.

“Enya bener Dung. Anggur emang nuhun geus dipangalakeun. Anu sisi gawirna nya?”
“Tuh nya bener. Uing mah tepat atuh kana ilapat mah. Leres pisan tetah mang. Anu caket gawir”, ceuk si sardung bari meni jiga anu enya we meunang ilapat.

“Yeuh jang Dung geus asak, sok kdianya raosan”, ceuk mang Ojon, nawaran ka si sardungjeungka Kuring. Heueuh bet ku teukarasa ari bari ngobrol mah. Sampeu asa karek bieu di ala ayeuna geus bisa didahar deui.

“Tuh…Dung. Emang mawa gula beureum. Di pos ronda sisi katuhu, cokot”.
“Tuh bener. Yakin ieu mah. Ilapat Uing anu bener. Hayang ngala sampeu sabab aya anu nitah. Bari si Emang geus nyiapkeun gula beureum. Hade mang”, ceuk si sardung meni gasik nangtung nyokot gula beureum dijero pos ronda”.

“Gula kidul ningan mang”, ceuk kuring.
“Nyeta pun anak. Nembe tadi nganjang ka Bibina di Bungbulang. Mekel dua bonnjor. Dibawa we ku emang tilu gandu”, ceuk mang Ojon.

Memeh ngahuap, kuring mah ninggali heula si sardung, ku jiga meni ngeunah cacamuilan ngadahar sampeu jeung gula beureum. Sebel Aing, meni cacaleuhakan kitu, si sardung”.
“Hok hok ahuh, henah henggeng hanas heneh”, cek si sardung bari mamemong kana sampeu jeung gula anu.

“Alah ngomong teh, eta tong mamemong teuing. Rasa maneh gratis, moal ieuh aya anu nyoro”, pok teh.
“Heunah heung”, pokna deui bari terus we mamemom. Itu gera meni geus kop deui kop deui, sakitu geus beak tilu parpat gelempeng.

“Sardung….na dahar teh jiga kasurupan didinyamah”, ceu kuring.
“Sok-sok eta dahar, na leungeun”, pokna kalah malikeun.
“teu kudu dititah uing mah da geus puguh. Ari didinya ihh…tobat dung euy”.

Teukarasa waktu meni nyerelek pisan. Asa can ngurilingan lembur, tapi ieu geus kadenge waktu janari leutik. Anu ngahudangkeun geus mimiti kadenge tikajauhan. Si sardung anu tadi cacaleuhakan katinggali ngahuleng hareupeun pos ronda bari diuk dina tempat panyarandean.

“Tuh geus kadenge anu ngahudangkeun”,
“Ah…keun we ku mang Enjo… da lain bagian Uing ieuh ayeuna mah, jadi imamna oge”.
“heuh saha anu daekeun jadi ma’mumna atuh, puguh ajenganana oge maling sampeu”, ceu kuring bari nangtung ngabatekan anu carangekul. Puguh atuh teu sakerejep pisan peureum bari terus siduru bari ngobrol ngaler ngidul jeung mang Ojon.

Bari ngabatek leungeun kaluhur, beungeut tanggah ninggali kalangit. Angger… masih keneh poek. Tong boro bentang, bulan oge teu daek datang. Janari leutik keur kuring asa angger jiga tadi tengah peuting. Masih poek mongkleng buta rata, sirikna teu kaciri ngupetkeun curuk-curuk acan. Gancang datang panon poe, caangan hate kuring anu keur teu puguh rarasaan.
Ah, mudah-mudahan poe ayeuna hate kuring sing sacaang saperti panon poe anu bakal moncorong.
Amin.

“Hayu balik, kalahka ngalamun bari nguliat didinya mah”.
“Kunaon Dung, nyekelan beuteung? Kamerekaannya? Matakna mun dahar teh tong jiga anu bakal kabeakeun batur atuh. Tapi top we rasakeun kusorangan, tong mamawa ka Kuring. Ieu mah, iihhh…meni mamemom rasa maneh geratis didinya mah”.

“Alah gancang hayu…teu kuat yeuh engap. Hayang ka cai deuih”.
“Jig-jig we sorangan bis kaborosotan. Moal enya kacai kukuring dianteur. Asa nateh meni kungenah”.
“Na ari didinya. Apanan ngala sampeuna oge duaan atuh”, ceuk si sardung.

Eleh…. deet. Leumpang ngagancangan nuturkeun si Udung anu teu sirikna rek bari lumpat bari leumpang ngageang jiga aya anu ngahalangan dina palebah bujurna.
“Tah siah rasakeun anu rasa mokaha teh. Matakna atuh…..
*22042010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar