/*Vertikal Menu ———————————*/ .vertikalmenu{ list-style-type: none; margin: 0; padding: 0; width: 180px; /* lebar dari menu vertikal*/ } .vertikalmenu li{ border-bottom: 1px solid white; } .vertikalmenu li a{ background: #000000 ; /*warna dari menu vertikal*/ font: bold 13px “Lucida Grande”, “Trebuchet MS”, Verdana; display: block; color: white; width: auto; padding: 5px 0; text-indent: 8px; text-decoration: none; border-bottom: 1px solid black; } .vertikalmenu li a:visited, .vertikalmenu li a:active{ color: white; } .vertikalmenu li a:hover{ background-color: #737373; /*warna setelah pointer diarahkan (hover)*/ color: white; border-bottom: 1px solid black; }

Jumat, 01 Oktober 2010

HASEUP ROKO KERETEK

8. HASEUP ROKO KERETEK


[Haseup roko terus meledug. Ngapung muru tungtung luhur. Muru alak paul, Nyungsi tempat anu sampurna. Teuing! Teuing dimana. Ngebul sawirahma truk trek sora jam nu geugeut nangkeup. Mapay napas nyungsi aras]

Meni kadenge wae. Asa nongtoreng sora hape tadi beurang. Disada aya kana tilu balikanana. Puguh diantep we, kagok keur nyekelan setir. Bari ramo katuhu nyapit roko. Rek dikenyot oge, kagok keur ngagulak-gilek setir, da ayeuna mah atuh jalan beuki dieu, beuki loba pisan kandaraan. Komo eta motor, meni sing salasap-selesep kenca katuhu meh antel kana spion. Kurang-kurangna tapis gas, kupling jeung rem, moal boa antel mah kudu.
Kaopat kalina hape disada, kakara diangkat. Aeh ningan, kalahka cecengiran anu nelepon teh. Ongkoh ngabejaan cilaka. Tapi malah seuseurian. Teuing ah kudu kumaha mikiranana atuh. Sing salamet we. Keun bae ari motor mah, puguh eta teh banda tatalang raga. Supaya raga salamet, nya ditalangan ku banda. Anu penting mah ragana we heula salamet, keun banda mah bisa diteangan keneh.
Jam 21. 49. barang ret ka juru katuhu kompiuter. Geus peuting. Paingan imah meni simpe. Ningan barudak geus talibra. Pamajikan ge tadi mah ngomongna kur rek mepende wungkul. Tapi ningan teu kecet-kecet. Milu tibra meureun. Bae ah, karunya. Capeeun, titatadi ngurus imah jeung barudak. Komo apanan tadi peuting mah, ngadon sare di imah mitoha. Pamajikan milu sagawe-gawe mantuan nu aya dikolot. Kendel we capena.
Nu kudu dipigawe masih loba keneh, roko kari tilu batang deui. Anu keur dikenyot oge tinggal satenghna. Eta oge diantep meledug. Puguh kagok keur nulis, bisi poho ari dikajeunkeun mah ide teh. Ramo terus ngopepang kana hurup-hurup dina kompiuter, nganyatakeun saujratna anu aya dina uteuk. rek hade rek goreng, ramo jujur mertelakeun eusining pikir.
Jam tilu balik ti imah mitoha teh. Aeh naha jam tilu, puguh harita basa balik, kira-kira aya kana satengah jam deui ka adan lohor. Enya bener, da ngong adaan lohor teh keur di jalan.
Enya basa aya sora hape, ti babaturan. Malah ngajawab teh kur eya-enya we. Puguh kasaweur ku sora mesin atuh. Kalan-kalan we sora ditarikeun meh jiga anu reuwas bari jeung milu hareneg. Padahal teu sing ieuh, da pipikiran mah anggeur we kana jalan anu rek disorang. Ari eureun heula, meni kacida ngahajakeunana, puguh babaturan oge ukur iseng ngabejaan, yen manehna kamusibahan basa naek motor. Teu ieuh cilaka badanna mah, cenah. Manehna salamet, ngan anu dibonceng we ngacleng.Tapi da puguh tadi oge ngabejaan yen anu dibonceng oge salamet.
"Enya syukur atuh, salamet mah", pok teh. Basa-asi we milu simpati kamanehna, ceuk pikir teh.
Ret kana roko anu meledug, ukur dikatengahkeun. Kana asbak anu geus numpuk ku kuntung jeung calacah, meh teu ragrag kana meja. Hasaeupna terus meledug, asa beuki gede cacakan teu dikenyot mah.
Pipikiran terus manteng kana naon-naon anu rek ditulis. Duh kieu yeuh, ari neangan pagawean ku jalan ngabohong teh. Hese! Uteuk bener-bener kaperes. Lamun atuhnya harita teh jujur we basa Kuring ngajawab pananya teh. "Teu boga atawa teu teurang", sugan manehna oge moal nyentul ku jawaban kitu.
Ret, juru panon kana rokok anu keur meledug sisi asbak. "ehm...abong nyieuna lain meunang mesin. Keretek mah meunang leungeun jelema. Bauna rada beda, asa hangit kieu", ceuk pikir, rada kaganggu ku ambeu kana haseup rokok. Tapi anggeur we, rokok teu dipirosea. Diantep meledug sisi asbak.

[haseup roko terus meledug. nyinangling ambeu jeung rasa kabarung seah sora caah nu ngamuara dina lelembutan. Diajir ku bulu punduk anu tutunjuk]

Tamba peuting anu jempling, file lagu nasyid di stel dina kompiuter.
"|jagalah hati jangan kau nodai | jagalah hati lentera hidup ini |"
Resep pisan lagu nasyid anu eta teh. Matak lamun hate keur saweur. Ngadenge lagu eta mah asa rada leler. Puguh hirup asa diudag-udag terus, kusagala kahayang anu kudu gancang kahontal. Ari teu dileukeunan, boa iraha nepina. Ahirna cape tunduh kusabab kurang sare teu pati ieuh dipirosea. Komo jalan anu panjang mah 125km sakali indit geus jiga jalan kacai. Matakna apal dimana logak jeung pengkolan. Dimana kudu tarik jeung ngerem, atuh 3 poe dina saminggu eta jalan kasungsi. Bari unggal poe bulak-balik. Malah sakapeung mah, mun ninggali korsi jeung jok motor teh sok singsieuneun. Bujur teh linu balas diuk.
Teu kitu kumaha atuh, jam tilu subuh, batur mah masih keneh nyegrek meureun, kuring geus kudu miang. Kaselang ku solat subuh di jalan nepi ka tujuan teh jam 7. kituna mun geus tempat, terus diuk nepi ka jam 2 atawa jam tilu. Beres! Belenyeng deui we mulang. Tilu jam di jalan nepi ka imah, dek deui we ngerjakeun sagala rupa anu ditugaskeun. Ngahareupan kompiuter, anu geus dadas cetna balas antel pigeulang leungeun. Tapi ieu kompiuter kacida pisan nulungna sagala rupa tugas rengse alatan ieu kompiuter, puguh anu ngersakeun we anu nungtunganana mah.
Bakat ku anteng, neuteup kompiuter. Poho roko dina asbak geus kari platna anu terus meledug, beuki ngageudean. Ungas ingus asa aya anu beda aambeuan. Sakapeung asa bau kabel. Asa bau obat nyamuk. Asa bau sedap malem diburuan imah.
"Sidik ieu mah lain bau haseup roko", ceuk hate.
"Asa bau naon ieu teh?" tanya hate deui.
"Boa-boa. Ah naha, apanan babaturan mah adi oge salamet, enya oge kamusibahan, enya oge labuh tina motor", hate mimiti curiga kanu lain-lain. Bulu punduk rada karasa carengkat. Haseup roko anu ngelun gancang digesek-gesek kana asbak. Tapi bau haseup anu beda tambah karasa.
"Ieu teh malem naon?", tanya hate deui. Leuh malem basa anu numpak tigubrag hareupeun imah ningan. Tapi ah puguh da geus sataun katukang. Geus sampurna dipulasarana oge. Malah apanan bapa kuring oge geus ngaruat, geus neukteuk leukeur meulah jantung. Geus salametan. Geus syukuran.
Hate mimiti tagiwur, mun karep tugas teu kudu dikumpulkeun isuk, geus gancang we hayang dipareuman, hayang gancang nangkod dina tongonggong pamajikan. Disimbut anu kandel. Mana ieu sirah karasa beurat deuih.
Haseup karasa tambah ngelun, bari lain tina roko kuring. Sidik datangna tina punduk. Apanan roko mah tadi geus dipareuman. Geus digesekeun kana asbak. Geus puguh parem.
Mimiti, lengeun eureun ngetik. Tapi ieu punduk hese dicengkatkeun, hese ngalieuk. Bujur asa napel hese cengkat. Kompiuter oge asa robah hurupna, layar reup bray. Juru panon rurat reret. naha bet hordeng asa ulang-ulangan, apanan euweuh angin. Bet jiga oyag aya anu ngadupak.
"Hemmmmm putu.........", ana renjag teh hate ngadenge sora kitu bari malik disakalikeun ninggali kana sora eta.
"Ehm....Udung. sia teh. nanaonan. Aing keur serius teh, ngaganggu wae sia mah. aing ieu meni asa coplok kieu jajantung. bari na oge ngaroko na udud naon maneh tah?", ninga si Udung anu teuing timana jeung iraha datangna. keur nyerengeh we bari diuk dina korsi tukangeun.
"Puguh uing uluk salam oge teu dijawab. Ari panto imah bet teu dikonci deuih. Enya blus we asup. Nanaonan atuh, migawe naon atuh. meni teu mirosea pisan ka Uing anu kakara datang teh", ehm si sardung, eta ngajawab meni jiga anu teu boga dosa pisan, naha kumaha pipikiranana ari si eta.
"Ngaroko naon maneh eta, bet bau kieu?"
"Balik ti jawa Atang Ondi, uing dibere roko ku manehna. Barang nyot roko teh bet bau menyan, tapi da puguh ngenah, ah diteruskeun we. Dibere sabungkus malah mah. karek di Udud sabatang. yeuh bisi rek ngasaan mah", pok na teh, meni jujur bari pikakeuheuleun.
"Sangek kudu ngaroko anu kitu, bau jurig kieu roko teh. Meges pareuman. teu kuat ngambeuna oge".
"Cicing ngenah keneh. Anggur mana cikopi. Kasemah teh kudu someah, lain ngambek ieu mah".
"Nyokot we kusorangan. Ngenah we hayang diladenan. Kuring keur sibuk".
Udung-udung......na karep jeng talajak teh meni kacida pisan silaing mah.

*29032010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar