19. ALAH SI ETA........jadi pangersa
Malem Jumaah, abong geus disebut malem wajib......puguh si eta mah sok ngiles, tara ieuh datang ka imah. Tong boro sorana anu sok ngareureuwas, bauna oge teu ieuh kaambeu. Teuing kamana si gede wejus teh. Matak sakalieun butuh si wejus unggal malem jumaah mah tara laju kahayang teh. Unggal jumaah patatan kituna teh. Puguh atuh apal ka si Udung teh lain ukur sakatiga. Geus puluhan taun. Mun tea mah, ti mimiti sadar apal ka jelema nya anu pangheulana apal beungeutna teh si Udung. Malah pernah bareng ngaji sagala, ka pa Amang di Cirandog, nya jeung si Udung, jarak 4 km, bareng we nikreuh. Pasantren Al-Ikhlas jadi tujuan, pernah ngobong dipasantren al-Falah, basa harita al-ikhlas - al-Falah, ku anu ngokolakeuna dihijikeun jadi pasantren badag. Atuh Kuring jeung si Udung oge, milu ngobong aya kana genep bulana.
Nepi ka kelas 3 SMP, kuring jeung si Udung babarengan ngaji di eta pasantren. Si Udung mah teu ieuh dituluykeun ka SMP, ukur tamat SD, ngan terus we manehna mah jujur masantren, sedengkeun kuring mah, satamatna SMP, nuluykeun sakola ka SPG di Cibiru, kituna deui satutas SPG teh neruskeun kuliah, malah kuliah teh nepi kaayeuna can beres wae. Ari si Udung, cenah mah pernah masantren di Cibolang, terus ka Ciucing. Kadituna mah teuing kamana, puguh mimiti taun 2000, si Udung geus gawe cenah di tukang poto kopi.
Minangka taun, 2006, manehna kaluar, cape. Lieur, utamana mah panon serab cenah. Da atuh meh unggal kertas, diantelkeun kana kaca poto kopi, sebrot lampu poto kopi bari panas deui karasana kana leungeun teh. Komo lamun geus salah halaman atawa salah ngamimitian moto kopi anu mang ratus-ratus halaman, lieur pisan kumaha nyusunna.
Kuat lima taun di poto kopian, kituna soteh wani kaluar, geus puguh atuh taun 2004 manehna kawin, ngandelkeun gajih poto kopian, lain nyapirakeun puguh age modal kawi teh tidinya, tina gajih poto kopi. Tapi gajih sakitu, jadi teu cukup, ti saprak boga anak. Aya dua harti cenah teu cukup teh, kahiji gajih mah kaasup bisa keur nganapkahan anak pamajikan, tapi kusabab balik kalembur sabulan sakali, babawaan gajih jadi teu cukup lamun dibandingkeun jeung ninggalkeun anak pamajikan anu merlukeun pangaping langsung manehna. Beh na mah, merlukeun pangaping batin jeung kabutuhan jiwa manehna we jeung pamajikan.
Tah tiharita, si Udung. Gawe sakasampeurna. Anu penting halal, taun 2006, panggih jeung ceu Ati urang cimahi, tepatna mah di leuwei gajah cenah. Minangka anjeuna boga pabrik jeung sagala rupa jijieunan pakaian, sok ngaborong kaos keur barudak sakola, tapi oge mun keur euweuh borongan nya nyieunan cindung. Enya oge saeutik buruhna, cenah nirilik panghasilan tina cindung mah. jaid lamun si Udung milu jadi anak buahna dagang Cindung, lumayan maak awet nepi kaayeuna oge. Beh dituna mah deuih, unggal setor duit jeung nyokot barng kumaha beakna barang we, sapopoe bisi tetep ngaping budak. Isuk-isuk inditm, pasosore balik. budak katingali jeung kaweurukan ngaji unggal peuting cenah.
Ngan nyakitu, abong elmu pangaweruhna dina masalah ngai saluhureun ti Kuring, kusabab teu kabarengan jeung sakola, si Udung, ukur satapak-satapak we, dina ngembangkeun elmuna teh. Enya maca Qur'an jeung hadist mah ngagorolang, tapi maca hrup laten mah merlukeun waktu keur pahamna lamun maca teh. Tapi anu sidik mah si Udundg memang cerdas ngan polos wungkul.
Lamun aya sykuran numpeng jeung nyangu oneng mah teu ieuh kudu ngangkir ustadz, puguh si Udung oge nereleng ngadoa mah. enya oge osok nawar si eta mah, "hayang doa panjang hayang doa pendek". Jawab kuring mah kumdinya, anu penting, doana we dikabul ku Alloh.
Matak teu ieuh, hayang mertelakeun naon-naon bag-bagan agama ka si eta mah, enya oge balaka sadut, lumayan jero. Ngan kitu we, lamun nerangkeun agamana teh, sok ngagampangkeun, sok nyontokeun langsung ku kahirupan sapopoe, padahal keur kurin gmah, hayangna teh, satorolongna tina qur'an jeung hadist. Tara si eta mah,pajarkeun teh "bisi kudidinya teu kaharti, karunya, mangkaning didinya loba pikiraneun. Cik atuh ibadah mah, ulah jadi maak ngabeuratkeun. Ibadah mah geus jadi kawajiban, lain pagawean anu jadi hahalang. Ibadah mah ngadeukeutkeun diri ka Alloh, naon hesena. Naha meni kudu mikir sagala, puguh ieuh aya contona, aya kateranganana, aya anu kudu dilampahkeun aya anu dilarangna.
Malah Dina ibadah mah aya ruhsoh sagala. Tah didinya anu maha kawasa, geus ngaringankeun ka urang, naha meni kudu hese-hese jeung pak-pik ibadah. anu dicontoan lakukeun anu henteu singlar.
Ucapan-ucapan si Udun gsaperti kitu, ceuk kuring mah asa ngagampangkeun teuing kana urusan ibadah, matak ah, teu pati ieuh di denge, ari teu perlu mah.
"Mangga we, ibadah udung kucara udung, eun gkeur udung. Ibadah Kuing keur kuing jeung cara anu dipahami ku kuring", ucapa eta teh geu ka malum ku Si Udung mah. Jadi teu ieuh manehna oge, maksakeun kudu bilik kamanehna.
"Mening dagang cindung, hasilna keur anak pamajikan. Piraanan cikopi, atuh itung-itung jakatna we ka Uing", pok si udung harita.
Nya tiharita, keur krin gjeung manehna, bener-bener teu pernah merhatikeun, ibadah kudu kumaha, jeung carana kumaha. masing-masing geus anggap we pada apal. Nu dipikrian ngan hiji, kumaha ngabahagiakeun anak jeung pamajikan. Mun tea mah si Udung boga kamampuh, teu ieuh hayang nyaho jeung utamana mah katutup ku pangabutuh sapopoe. Katambah-tambah, ku kasilep eta jadi teu karsa, elmuna nepi kamana jeung dimana. Nu aya mah sabolang bentor we, lir piring jeung piring diaradu, gelas jeung gelas, behna mah, teko jeung kompor asal aya cai panas, ngadu manis dina gelas, suruut we, cikopi. kitu jeung kitu we sapopoe natangga jeung manehna teh.
*
Tisaprak kuring kuliah, tara ieuh, ngalangen terus lamun solat jumaah teh di lembur. mun diitung tea mah sabulan sakali oge henteu. 5-6 tauna lalampahan kitu teh, puguh aya dilembur oge, paling-paling ukur sore. Jeung lamun pere. Utamana mah poe minggu, eta mah ngawayahnakeun nyempetkeun waktu keur cicing di imah. Saperti harita, niat mah rek ngahajakeun solat di lembur, tapi boro-boro, abong make motor sesa seuseuiteun, atuh ngajalankeun oge nyalsena. tara ieuh suat seot ngagas dina 80km, teu cukup mun katinggali puguh lenglang kkaran 60km. biasana mah angger we 40km perjam. nyalse.
Atuh waktuna solat jumaah oge hampir-hampiran teu kaburu. Tapi da puguh geus direncana, mun teu kaburu mah rek eureun we dimasjid anu deukeut. Barang ngong adan, gancang we ninggalian masjid, reg eureun. Di Loasari. Ukur 4km deui ka lembur teh, tapi da adan teu satengah jam lilana atuh, daripada kabeurangan mending we eureun di masjid loasari.
Sanggeus wudlu, gancang we milu solat kobla jumah, puguh solat tahiyatul masjid mah teu kaburu, komo lamun ditambah solat sunat syukrul wudlu mah moal ieuh kaburu. Matak beres adza teh langsung we miluan jiga batur anu geus lila di masjid, solat kobla dhuhur. Beres solat oge leuwih milih sasalaman teh jeung anu gigiren we teu ieuh mikir anu tukang atawa hareup. Kalan-kalan ngadoa sok jadi alesan, keur tungkul bari api-api peureum, ngolotrakna kencleng hareupeun oge ukur benta jeung ngageserkeun kotak amal we, kadituna mah peureum deui.
Kadenge eta oge murokib geus nangtung nyilahkeun khotib, ditungtunan adan kadua sanggeus khotib maca salam. Beres eta mah, teu ieuh kamana jeung dimana,puguh kuring mah peureum jeung tungkul deuih, sanajan teu sare oge. Khotib sakumaha biasana ngajak jamaah takwa jeung saterusna minangka rukun khotib. Tapi teu ieuh jadi masalah da puguh geus kawajibanana kitu, malah mun teu kitu cenah khotib teh tong dipake deui.
Khotib, tempres ngajelaskeun rupa-rupa ajakan jeung mistina ibadah, dina jero hate, alus ieu khotib teh, teu loba teori jeung hadist atwa qur'an anu dijelaskeun, kur nyoot saayat tapi penjelsanana mundel jeung nyontokeun dina kahirupan sapopoe tapi teu ieuh nyinggung parsaan jamaahna. hade khotib teh.
Jeung deuih abong tatangga kampung khotib teh bet s apal kana sorana, ieu mah geus wawuh sora kieu mah, ngan naha bet sa sarua jeung cara si Udung amun ngajelaskeun jeung ngomong hiji hal. tapi teu ieuh diteruskeun kapanasaran teh, nu aya mah tungkul we bari terus ngamaknaan anu dijelaskeun ku khotib. kasimpulanana ieu khotib hade.
Sajeroning tungkul, hate nya oge ngabandungan khotib jeun gngamaknaan eusina khutbah, hate tetep noroweco,ngabenerkeun omongan khotib, komo lamun ngadenge, saur anjeuna, yen silaturahmi teh ngahilangkeun rumus matematika, kuring beuki, tenget ngabandungan eta khutbah, bari sirahmah terus we tungkul jeung peureum. Saur anjeuna, silaturahmi teh, mun dicontokeun kana cikopi, sagels sarebu lima ratus, sarua jeung ongkos mobil anu ngajajabkeun 15km jauhna tateh, enya oge ukur sagelas. Behna mah sagelas eta cikopi sarua jeung lempang anu sakitu jauhna anu can tangtu nepi ku lima menit lamun ku urang dilakonan. Tah ku silaturahmi mah, eta itungan teh, bolay jeung teu kapake rumus matematika teh, da puguh sagelas cikopi lamun ku silaturahmi, keur anu bogaeun mah cikopi geus psti diasongkeun jadi suguhan tamuna. Atuh unggal suruput teh, ngaleungitkeun harga anu agelas sarebu lima ratus atawa perjalanan an lima belas kilo tea.
Matak bener silaturahmi teh penting, jeungbisa ngilangkeun rumus-rumus anu teu ieuh kudu ikut campur dina bag-bagan duduluran.
Nagdenge kitu, kuring beuki, panasaran hayang terus ngadengekeun eta penjelasan, hanjakal we ari kuresep mah, aa gancang tah barokalohu teh. Nya sirah oge atuh cengkat, basa khotib diuk sakeudeung nungguan khutbah kadua. Kuring oge rada gorejag ari geus khutbah kadua mah, utamana mah rada panasran, hayang ninggali saha eta khotib teh. khutbah kadua dianti-anti pisan, cengkatna khotib. barang ceung nangtung eta khotib, teusirikna we, kuring hayang ngagorowok, lamun teu bakal batal mah eta jumaahan, tapi untung kakendalikeun boh ucapan boh paripolah. Teu kitu kumaha atuh, puguh anu jadi khotib teh ningn tukang cindung, tukang wedus. Tukang menta cikopi ka Kuring.
Paingan tadi sorana asa-asa apal, oge penjelasanana bet kana cikopi, aeh ningan khotib teh, pangersa Udung. Leuh, hampura Dung, ningan didinya teh bisa ngakhotib euy, tapi moal batal kitu, ieu solat jumaahn kuring? puguh ti saprak khutbah kadua, hate teh lai deui ngabandungan eusi ning khutbah. Hate erus noroweco ngobrolkeun kamampuh si Udung anu sakitu luhungna, keur ukuran kuring mah.
Enya Dung didinya teh ningan dipihormat ku batur mah, kutatangga mah, ku urang lembur batur anu jadi tatngga kampung, hampura Dung, ari ku Kuring didinya malah dibere jujuluk tukang gedebul, tukang wejus, tukang ngaidas. Paingan unggal malem jumaah tara nganjang kituna deui poe jumaahn didinya tara panggih, meureun nyiapkeun keur jadi khotibnya? Hampura dung. Atuh bisi engke balik jadi khotib mah urang bareng we balik kana motor kuring. Keun bae ditungguan sabubarna didinya beresngadua jeung bubaran jumaahan. *9042010
Tidak ada komentar:
Posting Komentar