1. COPET
Yakin ayeuna mah, si Udung teh jelema gedebul, loba ngawejus, jauh kana nyaan, sagala nu diomongnkeunana loba dhaif. Sakuriling bungking si Udung mah, mun ngomong sangeunah hatena wungkul. Na ari si eta, teu sieun kitu, jaga teh aya Naraka.
Enya bener, jadi panasaran oge. Ari tukang ngabohong di Naraka belah mana? Tempatna di hambalan sabarahanya? ah...! pokona mah si Udung geus pasti boga kapling didinya. Top tah siah Udung, wilujeng. Maneh we sorangan, wayahna Kuring moal maturan. Teu deuk, sangeuk teuing. Kudu maturan jelema tukang bohong kitu. Bararaid, amit-amit kahulu-hulu. Sing ulah kasorang ku anak incu. Patataan samodel si Udung kitu. Naudzubillah himindzalik.
*
Yakin ayeuna mah, kieu ningan karasana. Bener, daek medu Kuring mah. Saumur hirup, kakara numpak kareta. Komo deui anu samodel kieu. Leuh ngareunah.....Eta oge kusabab panasaran gegedena mah, kana omongan si Udung. Pajarkeun tong hayang naek kareta. Dina kareta mah loba copet, pasedek-sedek, riweuh. Hese hitut-hitut acan. Tambah deui cenah, sagala tukang dagang nyampak, timimiti, dagang peremen, suuk, buku, minyak seungit, koran, tukang tahu, galendo, wah pokona mah loba.
"Asal boga duit pek beuli ku didinya", pokna teh.
Tapi....weleh, kuring mah teu manggih hiji-hiji acan. Anu sagala rupa diomongkeun ku si Udung. Malah aya oge "s-a-l-e-s t-r-a-i-n", tulisanna teh kitu. Teuing kumaha macana oge, teu pati apal. Nu nyurungna, ngasong-ngasong majalah. Teuing dagang naon. Da nu katingali teh ukur boneka, jam pakeeun barudak, sisir, patlot anu aya bonekaan. Ah teuing naon, jeung keur saha eta anu didodorong teh. Da manehna ukur kacawas kecewis jeung hareupeunana wungkul.
Giliran ngaliwat kana korsi anu didiukan ku Kuring mah, Manehna ukur ngareret ku juru panon, jigana teh. Boro kabita, hayang meuli majalahna. Aralus gambarna.
Tapi basa maksakeun nanya, "teu diical", pokna teh.
"Ieu mah kanggo nawiskeun daftar barang anu diical".
Bedul teh, aya jualan kitu teuing. Nya nu mana atuh anu dijualna. Tapi meureun, gawena we ukur nyunyurung roda. "Promosi", ceuk si Udung mah. Mun aya nu rek meuli, pasti jawabna, "moal diical". Nanaonan mun urang mahnya promosi wae? barina oge, naon ari hartna promosi teh, ngangkleung-ngangkleung wungkul kitu? Bet ku euweuh kacape. Leuleumpangan dina kareta bari nyunyurung roda. Keur kuring mah, bari sakalieun nangtung oge, lieur. Asa oyag-oyagan lempang teh. Ari ieu mah eh........, euweuh kacape babakuna mah.
Komo basa karek sajam tadi barang indit ti stasion Bandung. Keur kuring mah, karasana teh teu pararuguh. Asa maju asa henteu, kareta teh. Mun ningali kaluar tina jandela, kakara. Tangkal awi, kaso, tangkal sampeu, tangkal cau. Meni pating sareak, sakocepat katingalina oge. Dijero mah, puguh asa teu maju kareta teh.
Tah didieu, si Udung oge ngabohong. Pajarkeun teh, dina kareta mah, gandeng.
"Matak hoream kuring mah, naek kareta teh. Teu hayang dua kali", ceuk si Udung.
Ehm......., sakieu naek kareta ngenahna. Pajarkeun gandeng cenah. Dasar gedebul loba ngawejus wungkul. Boa-boa si Udung mah ukur ngomong wungkul bari tacan naek kareta mah meureun. kokolot begog. Amit-amit anu ngaran si Udung. Keur bedegul busekel teh, gede wejus wungkul.
*
Tilu jam naek kareta Bandung-Jakarta. Nu aya kalah ngahodhod Kuring mah. Tiris kacida. Alah batan di lembur kuring, enya di Cisurupan. Kituna oge si Udung nyebutkeun Jakarta panas hawana, bohong! Bohong, bohong kacida. Ningan ieu malah karasa deui panyakit anu baheula, enya bronkhitis.
Keur kuring mah, Jakarta teh tiris ningan. Cacakan ieu dijero kareta. Kuduna mah mun enya Jakarta panas muereun karasa ngelekeb, teu. Teu meueus-meueus acan. Ieu mah..... eh tiris pisan. Puguhan Uing mah sieun ku tiris teh. Komo deui, bronkhitis. Sieun pisan kuring mah ku eta panyakit teh.
Da eta we mun geus karasa teurab, napas teh asa bau gemuk. Teu beda jauh, lamun H. Encu keur nurunkeun gemuk tai hayam keur melak tomat. Kitu rasa jeung bauna teh.
Pernah uubar ka dokter Sutarjo, di Garut, deukeut maktal, praktekna teh. Teu euleum-euleum eta dokter, nitah uubar meni kat kudu genep bulan. Bari teu menang kaselang atawa kaliwat. Obat kudu terus dibeuli, disuntik pilih ganti dina tetepokan katuhu jeung kenca. Ah..... Uing mah geus asa dempes ieu tetepokan teh, balas di suntik ku Dokter Sutarjo. Tapi keun bae da ayeuna mah geus cageur. Ngan ieu we, naek kareta, bet karasa tirisna jiga baheula. Asa soak ku tirisna.
Komo pamajikan mah, rasa mokaha. Teu make jaket, uku rmake baju nu nyampay na awak. Puguh percaya teuing ka si gede wejus.
"Jakarta panas, ceu. Teu Kudu mawa jeket sagala. Moal 'berguna' ", ceuk si Udung.
Heuheuy dedeuh, omongan si Udung, meleg-meleg dipercaya ku pamajikan, ayeuna karasaeun tiris. Kuma dinya we, da pamajikan teh leuwih percaya kana omongan si Udung atuh. Ssakitu memeh indit, keu bae kajeun ridu bawa. Teu ngagugu omongan salaki tuda. Sajam ku Kuring teh diantep we. Sina karasa tiriseun. Matakna kudu ngagugu kana omongan salaki teh. Moal ngagebruskeun salaki mah. Beda jeung si Udung.
Tapi tampolana lila-lila teuing mah karunya. Kituna deui pamajikan eta oge anu menta, jaket kuring dipaksa kudu dibuka. Tiris cenah. "Meni teu karunya-karunyaeun, ka Abdi teh", ceuk pamajikan. Enya oge kapaksa, dibikeun we, da puguh atuh dihenteu-henteu oge, kuring nyaah pisan ka pamajikan teh. "Sagemlengna keur manehna" hehehe....asa dina lagu.
Tapi teuing kumaha, unggal nyebut ngaran si Udung, hate bet angger keuheul. Da eta atuh, Di Jakarta loba gedong anu mewah, ceuk manehna teh. Wedus we eta oge, ninganan anu katinggali ku kuring mah, loba imah jiga asrama diperkebunan enteh. Enya perkebunan teh Cisaruni jeung perkebunan teh Papandayan. Sarua pisan kitu, lain ku kenteng tapi ku seng. Seng gelombang anu geus karahaan. Di perkebunan mah leuheung sengna teu karahaan kitu. Ieu mah, eh..... meni sangeunahna. Jiga daek teu daek ngurus imah teh.
Terus deui, di Jakarta loba artis, ceuk si Udung mah. Pagaliwota anu ngaran artis di Jakarta. Tambah deui, ceuk si Udung "Puguh Jakarta mah, tempatna artis moyan". Hate leutik nyarita, kabeneran. Kaditu teh nepina bakal isuk keneh. Jigana masih keneh loba artis anu keur moyan.
Weuleh....! Sapoe ieu, Uing teu pernah ninggali. Bener si Udung wedus. Gedebul ka hulu-hulu. Boro Uing jeung pamajikan ngerencana, hayang menta tanda tangan ka artis. Artis saha wae we, Kuring mah. Rek menta tanda tangan. Malah cenah artis teh, loba anu jalan-jalan. Lamun isuk-isuk teh di Monas.
Percaya kana omongan si Udung kitu, Kuring ngahaja meuli buku leutik. Maksakeun, meuli notes. Teuing naon ngaran eta buku teh, da nu dagangna nyebut kitu, "notes" pokna teh.
Weuleh...., kuring can manggih. Sagala rupa anu diomongkeun ku si Udung.
Bener-bener, si Udung, ngaabas, ieu mah. Gede wejus wungkul. Si bau hitut teh.
Uduuuuuuung........! maneh teh ngadoreksakeun pisan. Top tah, Papandayan mere si Udung. meungpeung Kuring keur di Jakarta. Sugan ari teu katinggali mah moal ka inget wae. Keuheul tuda, inget kana omongan si Udung. Manehna ngomong anu kacida yakin pisan.
Kitu sotenan, boro ka budak, dijelaskeun sagala rupana ngenaan Jakarta. Komo deui basa budak nanyakeun, mana copet? Kuring teu bisa ngajawab. Teu bisa nunjukeun anu mana jelemana, sakumaha anu dijelaskeun ku kuring ka budak, dumasar omongan si Udung.
Boro-boro, copet, diuk pasedek-sedek, loba tukang dagang jeung tanggunganana asup kana gerbong kareta. Teu, euweuh hiji-hiji acan. Nu aya mah, dina kareta nu ku kuring di tumpakan, aya pelayanna, nawaran meni darehdeh pisan. Pokna teh, "Sarapan pak, nasi rames, beefsteak, mie rebus, jus jeruk, jus apel, jrrd. Bilih bapa bade pesen", ceuk pelayan.
Rijki Hanifa, ngaran eta pelayan anu geulis teh. Enya oge teu jangkung, tapi nya...... sakitu. Ukuran anu geulis di Urang mah. Pantes, gadis sunda bari nyunda. Gadis pribumi, anu geulis kawanti-wanti. Tur make papakean teu ngerakeun lamun bareng leumpang teh. Gadis gaul pisan, nu kieu teh, badis rupana mah mirip Luna Maya, ngan ieu mah rada pendek wungkul.
Basana jeung sikepna nyunda pisan. Padahal manehna ngomongna teh, make bahasa Indonesia. Barang srog, nyamperkeun korsi kuring, bari nyekel kertas. Halimpu teh sorana. Matak dengdengeeun. Manehna nawaran, ka kuring. Teu bisa nolak. Ret ka pamajikan, katinggali pamajikan oge unggeuk.
"Siaplah neng, pesen we hiji. Bisi teu beak. Tadi geus dahar sangu goreng make endog. Wareg jeneh ieu teh. Jadi ayeuna mah, pesen hiji we. Wiosnya neng, hiji oge" ceuk kuring ka pelayan.
Pertengtang kuring nyarita ka pelayan teh. Ceuk pikir mah, meh teu ngerakeun, teu ninggalikeun teuing urang kampung. kuring oge bisa gaul, jeung nu geulis jiga pelayan dina kareta ieu. Bener we, omongan kuring teu ngerakeun, da pelayanna oge, mesem.
Ah....., kuring mah. Meni resep ku mesemna pelayan eta. Pra..., pra-mu-ga. paramugari, ngarana teh.
"Mung hiji wae", ceuk pelayan. Alah eta meni dedengeeun pisan.
"Iyah neng hiji sajah", kuring ngajawab haripeut.
Pesen teh nasi rames, padahal beuteung mah, teu lapar-lapar acan. "Keun bae, urang cobaan, kumaha mahalna", ceuk kuring ka pamajikan. Komo deui ieu mah ukur nasi rames, biasana oge ukur, 7rb lima ratus.
"Keun bae lah nyacapkeun kapanasaran", ceuk kuring ka pamajikan.
Saparapat jam, nunggu nasi rames teh. Teu pati lila. Kurunyung nasi rames.
Geheeelll....!
"Ninganan aya gepukna sagala ditambah endog hiji, acar jeung sangu sacongcot. Jiga nasi padang ieu mah". Ceuk gerentes teh. Harita kuring mikir oge, euleuh nasi rames di kareta mah kieu. Boa-boa hargana mucekil. Dina hate kitu sotenan, ari pok-pokan ka pamajikan mah angger, "keun bae, meh nyahoo. Sugan moal 20rb hargana".
Sajongjongan, malah aya kana sajamna. Kareta terus maju ngulon. Teu ieuh pernah rundag-randeg. teu jiga sakumaha anu diomongkeun ku si Udung. Unggal stasion eureun. Teu ieu mah. Kareta terus maju. Nyeleber jiga anu keur ngalamotan rel anu lempeung bari teu aya hahalang.
Pelayan mamawa kertas, bari nyokotan duit ti penumpang anu lian. "meren ayeuna waktuna mayar", ceuk harewos ka pamajikan."Gancang siapkeun duitna", titah teh.
Barang srog pelayan anu geulis tea, anu tadi nawaran nasi rames, ngasongkeun kertas. Gancang tulisanana dicokot. Bedus teh, bener we. Ari dibayar, meni pas pisan, tambah cai sabotol. Jejeg hargana teh sakitu. 20rb.
"Keun bae, da geus nyaho, engke mah mun naek deui, mending mekel. 20 rebu bisa tilu letereun beas", pok teh.
*
Budak teu beunang dibebenjokeun, keukeuh nanyakeun, mana copet. Hate kuring kahudang deui, kana caritan si Udung. Enya, ceuk manehna dina kareta loba copet. Tapi anggeur omongan kabudak mah, keur nutupan ka era.
"Ke sakeudap deui, copet bakal datang", pok teh.
Marukanan ari copet ceuk budak naonnya? Teu ngarti Kuring mah, eta budak. Keukeuh hayang ningali copet, boa-boa, copet disangka pahlawan kitu? Atawa artis? Boa-boa budak kuring hayang kenalan, rek menta tanda-tangan. hehehe.......piraku deui.
Tilu jam ngangkleung na kareta, tilu setasion geus kaliwatan, Jatinegara, teuing memehna mah naon. Gambir, tah disetasion Gambir. Kakara turun. Barang jrut teh, ranyong. Nu nawaran mobil sewaan. Rek numpak kana naon wae geus nyampak. Taksi, atawa mobil anu rada gede, mewah, hargan sarua. 25rb. Teu nipu jeung ngabohong jiga si Udung. Jakarta loba bangunan mewah, beresih jeung aralus, ceuk si Udung.
Aeh .........ningan di Monas oge angger we kumuh, malahan asa mirip jeung di Tegalega. Kitu sotenan ceuk kuring. Teuing salah nigali meureun. Da puguh, teu miceun sasieur. Mirip di tegal lega.
Barang jrut turun tina kareta, boro niat mah rek jiga, Columbus, mun kakara manggih tempat nu anyar, manehna mah, sok nyium taneuh. Keur Uing niat eta boro-boro kalaksanakeun, jrut turun teh, di gambir mah kudu turun deui malah mah make tangga berjalan sagala.
Gehel teh, si Udung, ngawejus, turun ti Gambir mah, bisa langsung naek taksi. Nu aya mah, ieu tuur meni nyorodcod, tilu kali turun tangga anu kacida luhurna. Ninganan stasiun gambir mah aya ditingkat tilu. Lain di tempat anu jiga di stasion Bandung. Teu atuh, teu kalaksanakeun, cara-cara jiga columbus teh.
Kituna oge rada kabebenjokeun, ku pucuk monas anu katinggali geus ti kajauhnakeun.
"Tuh, Fuy. itu monas", ceuk kuring ka budak. Budak ngorejat, gancang niggali pucuk Monas.
"Cicing heula, ke pami turun urang langsugn kadinya", ceuk kuring.
*
"Fuy, hayu urang kana teras Monas", ceuk kuring ka budak anu cikal. Sirilik budak teh nyampeurkeun. Ngajak pamajikan embungeun. Panas tembala teh.
"Fuy, Tatih gigireun bapa".
"Bade naon pa?"
"Cicing urang jiga Soekarno-Hatta", ceuk kuring ka budak.
"Meh engke empuy, jiga aranjeuna".
Gantawang we kuring ngagorowok. Utamana mah ngabudalkeun kakeuheul jeung geuleuh ka Si Udung.
PROKLAMASI
Dengan ini menyatakan, Jakarta, bebas copet. Lamun aya anu sarua jeung anu diomongkeun ku si Udung. Eta mah oknum, anu mihak kamanehna.
sarua tukang wejus, gedebul.
Tapi tong hariwang, mun tea mah, enya aya copet anu sakumaha ceuk omongan si Udung. Rek diuruskeun kanu berwajib, sakumaha mistina. Ka eta copet, dibere kasempetan, boga pengacara.
Mun aya anu kaliwat dina ieu omongan, rek dibeberes saperluna.
Jakarta, tah didieu,di ieu tempat. di teras Monas. Kuring anu macakeunna.
tanggalna poho, taunna mah ayeuna da puguh karek eyeuna ka Jakartana teh.
Tertanda
Kuring jeung budak kuring anu panggedena. Puguh pamajikan mah embungeun nandatangan teh. Kituna deui budak anu pangleutikna mah. Kalah peperengkelan. Jeung deuih, apanan can bisa maca nulis budakna oge.
Hahahaha...kuring tea atuh. Pidato politik mah, cukup sakitu oge. Hade. Can tangtu si Udung mah bisa kitu. Ngawejus wungkul, si eta mah.
*
Ukur 5 jam. Jakarta anu perlu di datangan enggeus kasungsi. Puguh artis euweuh, kituna deui sagala rupa anu di omongkeun ku si Udung euweuh anu nyata. Jam tilu, kuring balik ti Jakarta. Teu karasa geus nepi deui ka stasion Bandung. Tibra meureun sare dina kareta.
Barang turun ti kareta, hate geus ngagegedeg, ka si Udung. Hayang nepungan si Udung. Rek nyarekan manehna. Barang nepi ka imah, Kuring mah gancang we indit ka imah si Udung. kakarek oge tilu lengkah, renang-rentang si Udung datang.
"Tah maneh ningan, Dung. Kadieu!", si Udung geus katinggali huhah heheh......
"Kumaha tulusna naek karea naon?", tanya na teh.
"Ah maneh mah Udung, karcis kareta cenah murah. Ningan hargana 50rb saurang ka Jakarta teh".
"Euh....atuh eta mah kareta eksekutif. Ngareunah naek kareta eta mah aya AC an", pok na teh jiga anu teu boga salah.......
"Pelayanna gareulis. Bari sok nawaran sarapan. Nasi Rames teh 20rb........". meni pertengtang si Udung ngajelaskeun naon wae an aya dina kareta eksekutif.
Rek niat ngambek. Jadi poho ari hareupeun mah. Puguh naon anu dijelaskeun ku si Udung ayeuna, bener kitu ayana.
"Hampura atuh Dung", ceuk gerentes hate.
*
27012010

Tidak ada komentar:
Posting Komentar