/*Vertikal Menu ———————————*/ .vertikalmenu{ list-style-type: none; margin: 0; padding: 0; width: 180px; /* lebar dari menu vertikal*/ } .vertikalmenu li{ border-bottom: 1px solid white; } .vertikalmenu li a{ background: #000000 ; /*warna dari menu vertikal*/ font: bold 13px “Lucida Grande”, “Trebuchet MS”, Verdana; display: block; color: white; width: auto; padding: 5px 0; text-indent: 8px; text-decoration: none; border-bottom: 1px solid black; } .vertikalmenu li a:visited, .vertikalmenu li a:active{ color: white; } .vertikalmenu li a:hover{ background-color: #737373; /*warna setelah pointer diarahkan (hover)*/ color: white; border-bottom: 1px solid black; }

Jumat, 01 Oktober 2010

KUR KARI SEBLAKNA

11. KUR KARI SEBLAKNA


"Gancang ka Bandung, ayeuna dibuka. bejana mah aya duaan anu teu lulus. Saha nu nyaho didinya kaasup salasahijina", ceuk telepon ti babaturan. anu dua taun ayeuna meh taya poe anu kaliwat, babarengan terus. babaturan anu haat pisan. enya oge manehna teh lain urang sunda. malah lain oge urang jawa.
"Waduh kumaha atuh, apanan sayah na oge keur ngajar".
"Alah didinya mah ngajar wae, memangna barudak teh masih keneh kurang ajar, make kudu dibere pelajaran wae?", pokna teh. enya oge keur serius, heureuy mah tetep lancar.
"Yaya...sayah kadinya ayeuna", pok teh. bari mikir, puguh motor dipake ku adi. keur ongkos teuing timana. dina ayana oge duit, apanan keur poe rebo. keur miang engke bimbingan.
Sakedapan, sanggeus telepon ditutup. uteuk mikir bari uleng. teuing kamana jigna suku, jeung kudu kumaha? hate jadi rada lewang. beuteung ngusial. tetempoan asa jadi rada poek dibarung nyoreang kana sagala anu geus dilakukeun jeung anu kadenge pok-pokan ti babaturan.
Boa enya, boa enya. leuh kendel wiwirang. era.
Getret we nulis na sms, "Nyi. omat pang melengkeun saya. ayeuna rek diumumkeun kelulusan. intina mah, sayah bakal lancar, lulus atawa moal. sayah keur lieur ieu teh. omat bantuan. sayah meh teu geumpeur", tulis teh. bari teu ieuh mikir. cara kitu teh hade atawa alus. ngan harita mah, dianggap teh tepat we. usaha nu pang hadena. ngumaha ka babaturan anu kabeneran bisaan norah.
"Jam 11 nepi ka sore diumumkeunna. tenang we bakal lancar. moal aya anu diher. didinya mah gede milik. tenang we. ku nyinyi dibantu, bacakeun we ieu", derekdek we manehna teh macakeun jajampean.
"Babari eta mah babacaanna na, didinya oge pasti geus apal", pokna deui.
"Enya apal. tapi smskeun we. bisi aya kecap anu poho", pok teh.
Agger teu pati tenang, enya oge geus aya beja kitu. make pameleng batin jeung babacaan anu matak ngadeukeutkeun kanu maha kawasa. hate angger. leeh. tuur ngaroroncod. beuteung ngusial deui.
Kusialna beuteung karsa beuki tarik, bari leuleus makskakeun ngalengkah muru WC sakola dirungan guru. porosot we calana. bari cinutrun teh, lengeun mah teu weleh neangan ngaran dina hape. saha anu bisa di telepon.
Oh enya ieu, kaprodi we. bae disebut teu sopan oge. ke basana kumaha yeuh?, ceuk hate. sugan anjeuna mere beja. getret we deui nulis sms, keur kaprodi. biasa basa direka-reka, maklum ieu mah keur jalmi anu dipihaormat. make sunda we. da puguh anjeuna mah urang sunda. terektek-terektek nulis, kira-kira dua lambar. tulisan dina sms diulak-ilik. bisi aya tulisan anu salah. dibaca jeung teus diulak-ilik. eta tulisan geus dibaca deui ayakana tilu kalina, bisi salah basa. hayoh katulah ku kaprodi. meren lain ere beja malah dibenduan.
"Yakin. cukup sopan. bener ieu mah, cukup kana maksud", ceuk pikir.
Belenyeng sms luncat tina WC sakola ka bandung. ka anu nyicingan gedong sigrong. bari cingogo, karasa geus cangkeul. gancang we gusat gesut. teuing beresih teuing henteu. teuing garing teuing henteu. serelek we saleting teh di tutup. leungeun nu katuhu tetep nyekel hape. panon terus nuju kana layar hape sugan aya balesan. kituna deui ngaran-ngaran babaturan terus diteangan sugan aya anu bisa dipercaya jeung bisa mere beja. hate terus karasa tagiwur. ka WC asa hayang asup deui, beuteung tetep teu reureuh. sakitu pingping geus cangkeul oge. ah teu ieuh digugu. noyod we ngajauhan.
Tah ieu, ningan aya", pok teh. bari teu malire babaturan anu aya diruang guru. suku terus ngalengkah teuing kamana jugna. teuing kaluar ruangan guru, teuing ka luar rek asup ka kelas deui. teuing.
Aya kana sajamna sms taya wae balesan. hate beuki tagiwur. leungeun terus nerektek ngasms babaturan. beres nulis, belenyeng deui sms dikirim. geus satengah jam tutas di kirim, nungguan deui bae. kamarana ieu teh, meni euweuh anu ngabales. teng-teng sora hape mirip lonceng sakola disada. tah, ningan aya balesan. teu mikir bari leungeun ngadegdeg hape gancang dibuka.
"Euleuh, ningan ti kaprodi", ceuk hate, bari gancang muka jeung dibaca. inti na mah tetep teu mere beja. malah nyarankeun kudu ka bandung, "candak nyalira. wios teu dinten ieu oge", saurna teh.
Leuh .....kalewang dina hate beuki nambahan. boa-boa, ngawaler kitu teh anjeuna teu werat ngabejakeun kuring teu lulus. boa bener ceuk babaturan tadi, saha anu nyaho, didinya asup kana dua jalma anu teu lulus.
poek. hate, uteuk, jeung paninggali beuki poe. kabeh babaturan anu ditanya tacan ngajarawab. terektek deui ngasms. babaturan anu hiji deui. urang tasik manehna teh. teu lila manehna mah barang di sms teh, langsung nelepon. pok na teh, kabar can aya, saya ayeuna keur di bandung. bieu geus nanyakeun, ke cenah dibukana jam 12. kabarna angger saperti kamari. cenah aya beja, anu diragukeun dua jelema anu moal lulus. kitu we heula nya. saya ge sarua geumpeur. keun mudah-mudahan we anu duaan teh lain urang", ceuk babaturan anu ieu mah mere usaha nengtremkeun hate masing-masing.
"Enya atuh, amin", pok teh. bari teu pati igeg hate mah sanajan geus ditengtremkeun ku babaturan kitu. angger ngadudud ku kasieun. palaur sieun ku sugan, inggis ku bisi. boa-boa jeung boa boa.
Satengah jam, nungguan deui beja, sugan babaturan anu lain bisa mere beja anu matak ngagumbirakeun. lengkah bari tungkul ninggali hape teui ieuh mirosea babaturan anu lain. ngungkug we, bari teu karasa lengkah teh ningan geus hareupeun kelas.
Ka juru panon katinggali babaturan guru anu dikelas, kaluar bari ngadeukeutan, teuing ngobrol jeung nanya naon, teu pati kareungeu. ramo terus ngoprek ngaran jeung hurup-hurup dina hape.
Nyay-nyay, lampu hape hurung. hate beuki gegebegan. bari rada poek rarasaan mah panenjo teh, hape dibuka. leuh.....ningan kur saeutik tulisanna teh, ukur dua kecap. bari ukur tujuh hurup deuih. "lulus pa", sakitu. teu kaluhur teu kahandap. sababaraha kali dibaca. angger tulisanna teh kitu. teu salah kitu ieuh teh. tuur leuleus, bari brek we deku, kana lantey buruan kelas. teuing naon anu diucapkeun, da harita teh tarang nepi kana lantey. anu karasa mah ukur alhamdlilah.
Ninggali kitu babaturan cigana nu reuwas. kuring keur sujud syukur, gancang dipangku, pajarkeun kuring cenah kapiuhan. bari dag dag deg deg babaturan nanya "aya naon pa?", tanyana teh. "henteu. henteu kunanaon. cing ieu pang macakeun", titah teh. "naha aya naon pa?" bari nyokot hape kuring. "muhun pa seratan ieu? ciga nau ragu ragu babaturan maca. "mung aya seratan lulus pa. lulus naon ieu teh?" tanya babaturan hariweusweus.
"Leuh bener ningan, ari kitu mah. kuring lulus. ari sarua mah babacaanna"
"Terektek deui we, teu mirosea, pananya babaturan guru anu katinggali masih keneh, heran bari jiga an reuwas. maksud mah rek nga sms babaturan, anu ti tasik tea. rek ngabejaan.
"Pa pengumuman atos dibuka, candak ka pa anu. alhamdlilah ningan urang-urang mah lulus", tulis teh. belenyeng duei we sms teh, ngabiur mawa kasuka ka bandung ka gedong anu sigrong tea. anu pangeusina balalageur tea.
Babaturan teu kungsi lila, nelepon deui. cenah ieu amplop geus dibawa. mun ngawidian rek dibuka, penta na. "enya buka we. meh jentre. sok mangga buka", pok teh. kadenge korosakna kertas amplop dibuka. bari ngong sora babaturan ngabejaan. "atos pa lulus", pokna teh.
Teuing iraha nutupna eta hape. kuring terus ajrag-ajragan. bari awak mah kalah ka tambah leuleus. kedepruk we ngagubrak kana lantey. teuing kumaha jeung dimana. teuing bener mereun ceuk babaturan kuring kapiuhan. barang hudang teh, panon beda titinggalian. apanan tadi mah di hareupeun kelas, "naha ieu bet di kamar?" tanya hate.
Bari rucang-riceng panon nyidikeun ruangan, leungeun katuhu karasa baseuh. duh....
Impusan kitu? leungeun kenca ngararampa, ningan euweuh suntikanna? euweuh selang deui. dimana atuh nya ieu teh?. panon terus ngajelas-jelas tetempoan. aeh ningan dikamar. kamar kuring paragi sare jeung pamajikan jeung jeung budak dua. leungeun katuhu angger karasa baal. leuh...... ningan si cikal ngompol. kuniang we hudang rek nyalinan heula. ret kana jam dinding, aeh ningan karek jam 3 subuh. ngimpi kitu anu bieu teh?.......
*100310

Tidak ada komentar:

Posting Komentar