9. SI UDUNG, MILU BANGREUNG!
Keur nunggu. Kari nungguan hasil. Tapi bener matak dadas hate. Matak stress. Matak ngagijleg kayakinan, lamun teu terus wae ngalelemu hate mah. Piraku atuh kudu eleh kitu wae, enya ku satengah jam, balukar tina pagawaean dua poe. Mana atuh ladang kolot masantrenkeun kuring teh. Mana atuh ladang kolot nyakolakeun kuring nepi kaayeuna teh. Mana atuh ladang ngadua unggal peuting, di barung dunga kolot jeung pamajikan anu sakitu husuna.
Mana ladang peurih unggal poe pulang anting ka bandung, bari indit subuh datang peuting, belaan ninggalkeun pagawean jeung sentak dunungan katut anak anu keur sakitu rondelna. Menang kuru cileuh kentel peujit. Komo lamun, inget dukungan indung, anu terus muasaan wedal kuring keur nguatkeun patekadan. Menang nganjuk ngahutang. Lamun kudu eleh tur pindah kayakinan, piraku deui.
Hanteu, lamun kuring ku gara-gara ieu, kudu pindah pileumpangan jeung ganti kayakinan mah. Moal-moal nepi ka kitu mah. Karunya aranjeuna anu geus soson-soson ngadukung kuring.
"leu .....gusti!"
Teu pati beda tina panyangka, utamana mun ngiker-ngaker carita si Udung. Aya benerna manehna teh. Enya oge jelema sompral, uteukna mah encer. Utamana hatena anu seukeut. Da eta we basa harita nitah ka kuring, kudu transaksi jeung Alloh, hate kuring teh rada hareneg. Aya gilisir na hate ngarempod. Bet, ku luluasanan si Udung nyarita kitu.
"Kumadinya we rek percaya atawa henteu na mah", pokna teh, bari terus mulak malik kertas potokopieun.
"Buku pak Darwis ieu teh. Aya borongan ti ajeunna", pokna bari jiga anu teu hayang dijawab.
"Transaksi kumaha, Dung?", tanya teh.
"Didinya, pek wudu heula. Tengah peuting leuwih alus, komo lamun sholat sunat heula. Dua rakaat we, cukup keur didinya mah. Bisi teu biasa. Dek ngadunga....., mun perlu lampu kamar poekan. meh husu ngadungana".
"Apanan eta mah kuring oge osok sanajan belang betong bari lamun aya kahayang oge", potong teh.
"Ah didinya mah sok ngaheumkeun jadi we uing poho....naon nu rek diomongkeun. Dengekeun heula atuh", semu nyereng rada kapugag.
"Euh ...heueuh bener, sok terus keun".
"Teuing ah poho, dosa ti indung cenah.lamun rek nyarita, heug anu dicaritakeun sapok-pokkeun heug poho".
"Teruskeun atuh...Dung. sok gantung dengeun didinya mah"
"Nepi kamana tadi teh?" tanya na.
"Dek ngadunga......", tembal teh. bari meraktekkeun basa manehna ngomong kitu.
"Tah dina ngadunga teh, sebutan kahadean urang, anu geus jeung pernah dilakukeun. Kade tong disebutan anu can pernah dilaksanakeun mah. Da Alloh oge uningaeun".
"Terus...", jadi rada panasaran, mireng caritaan kitu teh.
"Badningkeun jeung anu ayeuna keur dihareupan".
"Maksudna?"
"Naon nu keur dihareupan ayeuna kudidinya. Lamun eta matak jadi kabeungberat. Pok we ka Alloh caritakeun. Da Alloh mah moal tersinggung. Sagala rupa eta teh. Kahadean urang kieu. Kabutuh urang kieu. Lamun didinya ngarasa lewuih, padungdengkeun jeung Alloh teh".
"Kumaha carana?"
"Ya Alloh, abdi tos ngalaksanakeun kahadean, anu ieu anu itu. Tos ngabahagiakeun ka batur anu ieu anu itu. Malih batur oge ngaraos atoh, sareng katulungan ku lampah abdi. Tah ayeuna abdi aya karerepet, kabingung, sareng kageumpeur. Mugi sing janten balesan sae kanggo abdi. Abdi hoyong ngaraos bahagia sapertos jalmi anu ditulung ku abdi. Saupami eta janten kasaen kanggo abdi. Abdi rido, upami ditimbang, kahadean abdi sareng kahoyong abdi ayeuna. Abdi hoyong lancar sakumaha anu dipimaksad ku abdi ayeuna. Pok we ka Alloh caritakeun sakabehna. Tong era-era, tong sieun-sieun ka Alloh mah. Apanan Alloh teh deukeut jeung urang. Apanan mun urang ngarasa deukeut jeung Alloh, Alloh oge bakal deukeut jeung urang".
"heup-heup. Enya kaharti".
"ulah kaharti ceuk bacot wungkul. Da didinya mah kaharti. Lancar. Ari hate jeng sikep, ngahuleng wae".
"bener ieu mah. Kaharti. Ngan moal enya jeung Alloh meni itungan kitu?"
"aeh yeuh......Alloh mah. Tong boro kanu kahadean jeung kagorengan anu gede. Kanu sagede siki sasawi oge, kebul. Anu ngapung. Di etang ku Alloh mah. Moal cudek".
"Enya bener. Manasina jiga ddinya. Motokopi KTP oge diitung saratus".
"Aeh tong mamawa kana dagang atuh. Apanan dagang mah hayang aya bati".
"Eh apanan dagang oge. kudu mamawa Alloh. Pan aya, carios. sing saha jalama......ah poho ketang"
"Ah apal maksud didinya mah, kabaca pipikiran didinya mah. Anu ngurangan takarannyah. Yeuh uing mah lain tukang ngilo sayur da teu dagang sayur. Kertas uing mah. Moto kopi tugas-tugas. Apanan teu dikilo".
"Ah salah, takaran teh ulah heureut atuh, mikirna. Ari takaran teh sarua we jeung ukuran. Ngukur, nimbang-nimbang. Ukuran sagede kieu, sakieu, ukuran sagede kitu, sakitu. Ukuran A4 hargana sakieu. ukuran B5 sakitu. Ukuran KTP, naha bet sarua jeung ukuran a4 hargana. Tah teu adil tateh".
"Teuing ah bingung uing oge mikir kadinya mah, tapi da puguh aya itung-itunganna ari dagang potokopi mah, insyaaloh moal ngarugikeun konsumen"
"Hahahaha........aiiiiing, kumaha we ngalieurken jelema mah".
*
Saminggu, ti saprak ngobrol jeung si Udung di tempat potokopianna. Cenah waktu anu sakuduna poe salasa ieu, diumukeun teu jadi, di undurkeun kana salasa hareup. hate lai bangblas tapi malah asa nambahan bangreung. Kumaha lamun kitu kieu. Era temen.
"Dung kumaha aya bejana", kuring ngahajakeun nanyakeun ka Si Udung. da atuh enya oge, manehna mah tukang poto kopi, da atuh sarjana. bari deui di potokopian manehna mah apanan sok ngagimbung wae, mahasiswa pasca. sugan we, aya anu ngobrol geus dibuka, atawa aya omongan babaturan, anu kadenge kumanehna.
"Acan. ngan eta oge aya anu ngobrol, aya sababaraha urang anu diperkirakan moal lulus".
"Leuh....saha tah?", tanya deui
"Teuing atuh, saha-sahana mah. Ngan uing rada ngahuleng. Basa ngaran didinya jeung pak pri, disebut-sebut ku batur teh".
"Leuh moal enya Dung, boa-boa".
"Ah apal ti saha maranehna, apana acan diumumkeun", si udung ngabeberah hate kuring.
"Aeh enya bener tah, omongan teh".
"Ngan omat we, gancang transaksi jeung Alloh. mengpeung aya keneh waktu, saminggu deui", si Udung nyarankeun kitu.
"Nanaonan, Dung?"
"Tuh enya apanan harita geus kaharti. kumaha didinya mah", sms si Udung jiga anu semu nyereng. enya oge ukur tulisan, meni asa kabayang kerung beungeutna, bari malengos. kituna deui bari nyedot rokok, gawena teh.
"Uing mah, bet asa milu mikiran didinya. sakitu teu milu dikelas, teu milu diajar. gawe teh ukur motokopian tugas didinya, bari dianjuk oge. kukuring tetep digawean. tapi naha bet milu bangreung ieu teh", ceuk si Udung rada ka ubaran, basa dina sms kukuring rada dipuji .
"Alus tateh. sesama muslim mah apanan sahate. mun diciwit anu ieu, anu itu teh karasa nyerina".
"Ah utamana mah, uing ngarasa babaturan we kadidinya. nyaah uing mah. enya oge didinya rada saliwang", pok-pokan si Udung meni teu make ugeran.
"Angger, didinya mah geus ngomong teh...... beja nu lain aya teu?"
"Teu”
"Omat mun aya beja. gancang sms. kali-kali telepon atuh. tong itungan teuing".
"Siap bos", pokna teh.
Maju kana minggu anu dijangjikeun ku bagian akademik jeung anu nyekelna. si Udung terus hariweus-weus ngabejaan naon wae anu sagala kadenge. karasa manehna belana. ngabejaan itu ieu. utamana mah pasualan kelulusan.
Basa harita babaturan nelepon, kudu gancang indit ka Bandung, sabenerna mah. Kuring geus menang beja ti si Udung. Cenah, boro uing milu mikiran. Milu riweh. Tapi alhamdulilah ningan. Hasilna nyugemakeun. Lancar jeung lulus. Kade ulah poho kana solat. Ningan transaksi didinya jeung Alloh teh berhasil.
Tapi insyaalloh, da ngarana oge ibadah. enya oge transaksi, tukar guling. da moal ngurangan. moal amal urang di cokot kusabab geus silih ganti. moal. Alloh mah maha kawasa.
"Duh nuhun pisan dung. Kana bejana", ceuk kuring ka manehna.
"Iraha atuh rek ka Bandung?" tanya deui.
"Ke we lamun geus boga keur ongkos", jawab teh.
Nepi ka ayeuna kuring sanajan geus menang beja lulus, can pernah ninggali surat kelulusanna. can ninggali amplop-amplopna acan. can ninggali kumaha belegenjeurna kelulusan teh. tapi keun bae da geus puguh dicokot ku pa Pri, jeun geus dibuka kumanehna. puguh cenah tulisana LULUS. euweuh deui embel-embel naon. ukur
LULUS.
*130310
Tidak ada komentar:
Posting Komentar