/*Vertikal Menu ———————————*/ .vertikalmenu{ list-style-type: none; margin: 0; padding: 0; width: 180px; /* lebar dari menu vertikal*/ } .vertikalmenu li{ border-bottom: 1px solid white; } .vertikalmenu li a{ background: #000000 ; /*warna dari menu vertikal*/ font: bold 13px “Lucida Grande”, “Trebuchet MS”, Verdana; display: block; color: white; width: auto; padding: 5px 0; text-indent: 8px; text-decoration: none; border-bottom: 1px solid black; } .vertikalmenu li a:visited, .vertikalmenu li a:active{ color: white; } .vertikalmenu li a:hover{ background-color: #737373; /*warna setelah pointer diarahkan (hover)*/ color: white; border-bottom: 1px solid black; }

Jumat, 01 Oktober 2010

KARORONCODAN

30. KARORONCODAN


Dunya teh tatalang raga. Salila raga masih dieunteupan ku hirup nya hirup teh kudu hurip. Huripna hirup tinangtu kudu dibarengan kaheman nu naker kakuatan, nu ngajurung jeung nguntup kana kamampuh. Moal boa titip diri sansang badan teh aya dikieuna. Jiga-jigana mah bakal terus sumerep kana akmana sukmana papada jalama.

Tapi lamun kitu naon atuh diri teh? Naon atuh badan teh? kasaha nitipkeun diri? naon anu dititipkeun dina diri teh? naha bet disangsangkeun dina badan? Naon anu disangsangkeun dina badan teh? Atuh meureun dunya? naha dunya bisa nalangan raga? naha raga henteu daya lamun euweuh dunya? Saha anu kudu ojah, naha dunya atawa raga? naon atuh lamun kitu hartina, ulah nepika dunya numpakan jeung ngadalikeun urang tapi kudu urang numpakan jeung ngadalikeun dunya.

Aya naon dina eta dunya nepika dipahing kitu sagala? Aya naon dina eta kecap urang meni sarua meunang peupeujeuh kitu?

Mun tea mah papada urang teu dipasihan kanyaah kunu maha kawasa. Boa teuing urang bisa saling pikaheman. Tangtu urang bakal mawa karep mangprung kamana meureun kahayang lumpat. Lamun tea mah lumpat teu mawa hakekat boa teuing balik mawa katresna. Jigana kitu, papatah teh aya benerna, sagalak-galakna oge macan moal nepikeun ngahakan anakna.

Tah didinya, kaheman eunteup diina diri sanajan ukur disangsakeun dina badan napel tara ieuh bisa lesot, sanajan gelap terus dordar ngarungrum kukabingung, ngotektak ngacak-ngacak rasa. Kaheman, kanyaah moal luntur ka ibunan moal laas kahujanan moal gedag kaanginan. Anjeun anaking anak kuring.

Mun pareng jaga dewasa bral anjeun gera miang, tarik jangkar beberkeun layar, teangan kabagjaan hirup mingkin hurip. Tulis dina ati hidep yen kolot teh miboga kaheman, sanajan nepika hulu dijieun suku, suku dijieun hulu. Tong werat ngomong mun aya pangbubutuh samemeh caringin hempak diburuan. Komo deui sasaweran geus sasadia keur ngocorkeun kanyaah anu taya wates wangenna.

*

Teu weudeu boga duit, si Sardung mah. Alesan hayang ngabahagiakeun budak. Pokna teh, keur saha deui atuh usaha teh lamun lain keur budak. Leuh....ningan kaheman oge enteup dina ati sanubari si sardung anu sakitu dug hulu pet nyawa keur ngabayuan kulawarga. Manasina can boga anak. Sagala usaha teh keur pamajikan. Ari geus boga anak mah anak nomor hji kakara pamajikan.

Ku jiga anu heueuh ngomong kituna teh. Tapi da jauh kana bohong dina nohonan jangji keur budak mah, kituna teh manehna bari belenyeng we eta teh ngajak ka tempat anu dipikahayang ku badakna. Barang beuli sagala rupa anu dipentana. Teu ieuh mikir harga jeung barang naon, anu penting mah keur kamajuan budak jeung teu matak picilakaeun, boh keur dirina boh keur batur.

Eta alesan geus mindeng pisan ngadengena. Mun tea mah diitung geus aya puluh kalina atuh, si semprul teh nyarita kitu. Giliran ngalakukeunana mah angger we matak pikarunyaeun. Puguh mindeng bati sabulan jualan cindung sok beak ku saharita.

Ari kituna mah si eta teh embung eleh wae lamun ngomong sagala rupa teh. Jeung aya we alesanana bari asup akal wae. Hese lamun ngalawanan si Sardung. Dina eleh ngomongna oge gancang ngaluarkeun hujah, dalil atawa kabiasaan budaya anu aya dimasyrakat. Dasar kasebelan, sedil Aing mah kukalakuanana teh.

Ngan kamari we, ningali si eta rada ngeunah nyeungseurikeun, dumeh cenah balik ampir-ampir ngorondang. Meni puas kana hatena teh.

Da eta we, ojol-ojol bari teu puguh-puguh nginjeum duit 20rb keur sisimpenan rek dagang. Ke balik dipulangkeun.
"Na ari hasil dagang dikamankeun atuh?", tanya teh.

"Nyeta beak kamari pake ngajajanan barudak, dumeh sikembar ulang tahun. Budak tilu diabringkeun ku Uing mah. Suka pisan Uing mah, enya oge balik ampir ngorondang".

"Ngorondang kumaha?"

"Heueuh....asa gede, mawa duit teh. Kahayang budak sagala dicumponan, henteu di piit jiga didinya ngajajan budak teh. Digolontorkeun tah ku uing mah. Puguh uing mawa duit loba atuh. Piraku budak jajana nepi ka beak sakitu, ceuk pikir teh. Teu uing mah teu di awer, di golontorkeun tah ku Uing teh. Sirikna sagede pingping atuh eta duit ngagolontor kana kahayang budak..." si Abdul eta ngomong meni teu kireum-kireum.

"Nya mawa duit sabaraha Dung meni digolontorkeun, bari nepi ka beak sagala kitu?"
"Uing mawa duit 500rb, bati cindung sabulan tateh. Tadina mah keur nambahan meuli semen ka matrial latif. Teu kaburu kabikeun, da budak keukeuh ulang taunna hayang ulin ka Jatos, Dumeh aya Uana diditu. Ku Uing diheueuhkeun jeung deuih Uing mah, ari ngajajanan budak teh tara itungan. Manasina didinya, 50rb oge meni geus dianggap badag", alah si eta ngomong meni teu diwengku kitu, jeung mamawa ka kuring sagala.

"Heueuh eta teh jamuraul euy".
"Jamuraul kumaha ari didinya. Puguh ieu mah atuh keur budak. Ngajajanan budak. Lain keur monyah-monyah sorangan".

"Heueuh ari enggeus, didinya nyiksa budak..."
"Naha?

"Ari geus...., balik dititah leumpang...bari nungtun motor. Teu jeung ukuran didinya mah ari ngabagjakeun budak teh".

"Eta mah kapohoan,...sugan, dina pesak anu kenca teh 300rb. Dumeh sarua beureumna warna duit bari tilu lambar deuih. Ari pek 30rb. Lain kasalahan Uing eta mah. Kasalahan anu nyieun duit. Meni euweuh pariasi warna nyieun duit teh. Cing atuh...bedakeun saeutik mah warnana. Ulah beureum wae, cacakan anu nyieuna nagara mah. Moal enya partey oge loba warnana, na ari duit, jiga anu kakurangan warna. Tong itungan kana untung rugi ari nyieun warna keur duit mah, da eta teh kapentingan keur rakyat, jiga anu sieun pisan ...buktina tuh Uing hampir karoroncodan atuh. Balik ti Jatos, ninggali duit ukur 30rb deui. Untung Uing teu ditangkep ku satpam oge".

"Naha make ku satpam?"
"Anak Uing rek sakopkopeun nyokot baju, alus warnana dumeh aya gambar teuing dakocan teuing naon tateh...ditinggali labelna 129.900. Ceuk Uing teh beuli, bari ngodok pesak. Terus diitung, ngoprot uing mah euy tarang teh ku kesang..."
"Hahahahahah...eta alesan kabudak kumaha....?"
"Uing tea tuh pinter...ceuk uing teh, hayu urang tinggalian heula, acuk anu sae, tuh beh ditu..."

"Siah ngobohong..."
"Ah eta mah meh anak uing teu kuciwa we atuh, karunya".
"heueuh ari enggeus kabeh ditu?"

"Ku Uing gancang diajak meuli es kalapa muda, bari terus diajak balik....hehehe".
"Alah siah eta ngomong meni ku babari kitu".
"Ceu Uing kabudak....meuli baju kitu mah keu engke di Garut oge loba. meh teu beurat deuih dina motor. Bakal rib-rib mawana".

"Puguh budak geus ngarasa cape atuh, sirikna sakeresek koin ku uing mah eta budak ulin dina sakabeh mainan budak. Sagala dicoba ditumpakkan di maenkeun".

"Geus mah amitan ka Uana, belenyeng we balik....Alhamdulilah salamet, teu ditangkep polisi padahal Uing mawa budak tilu atuh...Dina ayana oge polisi, Uing mah rek amitan tiheula, hampura ieu mah lain rek ngalanggar, tapi keur ngabagjakeun barudak. Dinten ayeuna ulang taun. Bilih bapak bade masihan hadiah ulang taun kanggo pun anak mangga. Geus diarncang ku Uin gmah pijawabeun ka polisi bisi naya jeung megat".

"Hahahaha......moal enya oge percaya atuh dung, Polisi ku jawaban kitu"
"kumaha beungeut atuh, ari beungeut pi kasebelen mah enya we kitu, ari beungeut jiga Uing kieu mah, Polisi oge bakal ngarti. Puguha tuh alat nagara mah jelema pinter, manasina jiga didinya", eta ngomong geus mamawa deui kuring. Na ari sieta, nya rek nginjeum duit, nya nyindirn wae hirupna teh.

"Tong waka kasigeung hate didinya teh, dengekeun heula lamun Uing ngomong, lenyepan, cing boga saku dua ari hirup mah. meh teu cilka", euleuh eta ngomong kalahka ngabolekerkeun kitu.

Yeuh ah duit......gancang indit, ari rek dagang mah" ceuk kuring baringasongkeun duit 20rb sakumaha anu rek diinjeumna tadi.
"Lain titatadi atuh, ari rek mere mah, meni loba pamikirn sagala. Moal atuh uing ngomong sakucamplang sakacampleng"

"Jig-jig gancang indit, sebel kuring mah ningglina oge kadidinya teh"
"euh dasar jelema pelit...aya mere ngagonggorekanan", ceuk si sardung bari ngleos seja dagng cindung bri mawa kabeungbeurt anu kudu dibayar engke balik dagangna.

*26042010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar