/*Vertikal Menu ———————————*/ .vertikalmenu{ list-style-type: none; margin: 0; padding: 0; width: 180px; /* lebar dari menu vertikal*/ } .vertikalmenu li{ border-bottom: 1px solid white; } .vertikalmenu li a{ background: #000000 ; /*warna dari menu vertikal*/ font: bold 13px “Lucida Grande”, “Trebuchet MS”, Verdana; display: block; color: white; width: auto; padding: 5px 0; text-indent: 8px; text-decoration: none; border-bottom: 1px solid black; } .vertikalmenu li a:visited, .vertikalmenu li a:active{ color: white; } .vertikalmenu li a:hover{ background-color: #737373; /*warna setelah pointer diarahkan (hover)*/ color: white; border-bottom: 1px solid black; }

Jumat, 01 Oktober 2010

LOGAK JALAN TI CISURUPAN KA LEDENG

6. LOGAK JALAN TI CISURUPAN KA LEDENG



"Taun kamari mah kaitung keneh jalan anu legok ti Cisurupan ka Ledeng teh", ceuk si Udung muka carita bari nyekelan dada.
Sok karunya ari keur kieu mah ka si Udung teh. Hoream-hoream oge ngawayahnakeun we mencetan.
"Kudu gancang, ka Ujang domba, Dung. Di urut. Ari nyeuri iga kitu mah. Palaur", pok teh.
Moal aya gunana. Dipencet oge. Jalan barolong keneh mah. Hayoh we, matak cilaka. Lieur uing mah ninggali jalan teh. Nya loba mobil motor riab, loba logak deuih. Teu kaitung deui eta logak. Rek anu gede rek anu leutik, riab. Mangga pilih logak anu mana kahoyong. Anu Matak picilakaeun. bade barud wungkul, bade misalah, bade potong suku, bade potong leugeun atanapi bade samisanna. kantun kawantun".
"Naha ngomong teh, meni sakarep-karep kitu"
"Keuheul tuda. Lieur uing mah ngitung logak ti Cisurupan ka Ledeng teh. Jiga tengah peuting loba bentang tuda ".
"Na aya sabaraha hiji logak kitu. Meni leukeun diitung", tanya teh.
"324 siki taun 2009".
"dimana wae?".
" Di wilayah Garut 180 di wilayah Bandung sesana".
"Ari 2010?" jadi hayang ngukur kamampuh si Udung ngitung logak dijalan.
"Nyeta lieur uing oge ngitungn. Meh satengah kilo aya logak 5".
"Kutan?"
"Na ari didinya can pernah ka kota? Meni jiga anu heran, Uing nyarita kitu. geus biasa ayeuna mah. Katambah-tambah tong boro pamarentah. Jelema anu boga imah hareupeun jalan oge ayeuna mah euweuh tanggungjawabna. tong boro presiden, gubernur, bupati, camat, lurah. RW jeung RT Og ayeuna mah, ukur ngurus KTP jeung beas Raskin ".
"Na ngomong teh sok kamalinaan".
"Bener uing mah ngomong kitu teh. Sok tah di Cibeureum, anu boga imah matrial. Susukan kapendet, lain diomekeun, apanan kalah diantep, atuh cai kajalan. Banjir tah ka Simpang teh. Di Pasar Andir, mun hujan leutik oge. Lain jalan tapi jadi wahangan. Satuur, cai ngagulidagna oge. Kadituna unggal jalan mun hujan, badis we walungan, anu mawa sagala runtah. Pas nagreg, sakitu aya pos polisi, jalan kana pos, ditembok. Puguh cai atuh kajalan. Keur mah mudun, leueur, jiga walungan anu rek malidkeun jelema jeung kandaraan. Keuheul tuda uing mah. Matak pamarentah teh lain teu hayang ngurus jalan. Jelema anu hareupeun jalan oge, teu taranggung jawab. Moal enya aya logak nepi kajerona satuur. Cik atuh pangruangankeun. Tong nungguan wae pagawe jalan. Amal teh lain ukur solat wae, barangbere ka pakir miskin. Memener jalan oge ibadah".
"Naha Dung, didinya mah bet jiga anu ambek ka kuring".
"Heueuh apanan uing labuh teh gara-gara logak eta. Di Nagreg. Uing nuturkeun mobil. Mobil gede. Hese ninggali ka sisi gigir, komo kaharep mah. Na ari gejlig teh...motor uing kana logak. Ti bebes. Uing tigubrag. Untung teu kalindeus oge kunu ditukang. keur mah untung Uing geus dibere jampe ku Aki suadma, barang gejlig teh, uing mah jiga anu ngapung atuh, ngalayang. nan nyakitu, ninggang batu anu parentul disisi jalan, kena kana dada. enya oge weduk, da anggeur tulang mah nyeuri atuh ".
"Baruk kitunya Dung".
"Geus ah pencetan deui we, moal neruskeun ngomong cilaka tadi. Bisi darah tinggi uing yeuh gara-gara jalan. utamana mah uing ginggiapeun".
"Enya bener Dung, entong diteruskeun. Bisi aya cak-cak bodas".
"Jadi geuleuh uing mah, ka ......kalahka we riweuh. Rek garelut sagala. Cing tenjo tuh jalan. mana fungsina wakil rakya teh, mana fungsina pamarentah anu ngalindungi rahayat teh. Ngurus jalan wae oge teu becus. Komo ngurus jalema".
"Geus-geus sabar Dung. Apanan Ujang domba arek diteang ke ku si Ondi. Bakal rerep geura nyeurina".
"Kaluhur saeutik mencetanna. Tah eta. Sok tarikan saeutik, cing aya tanaga atuh".
"heug Dung....", ceuk kuring nyabar-nyabar maneh. Padahal na hate mah, pikasebelen si Udung teh. nya hayang dipencetan nya ngambek deuih. Mun cageur dipalempeng ku cukil siah.

*250310

Tidak ada komentar:

Posting Komentar