ULIN KA PAMERAN
Saminggu ieu, sakola teh keur pere. Saur pun nini almarhum mah pakanci. "Neng sakola teh keur pakanci?" kitu patarosnana teh. Heueuh unggal-unggal kuring teu ka sakola pun Nini mah sok narosna teh kitu wae. Mus-mus pakanci, musmus pakanci. Sakapeung mah sok asa bosen ku kekecapan jeung patarosan anu eusina teh pakanci. Puguh naon atuh hartina pakanci, apanan kuring mah can apal hartina oge. Kabidiweunakeun kuring apal hartina pakanci teh hartina pere.
Puguh enya atuh, sakola kuring karek beres ngayakeun ulangan semesteran minggu kamari teh. ayeuna giliran pere. poe kadua tina pere saminggu teh. dina poe kadua ieu Kuring jeung babaturan geus jangjian rejk ulin bareng. Rencana ulinna oge geus disiapkeun, da puguh atuh, teu ieuh aya niat rek ulin kamana-mana keur ngeusi liburan jeung kulawarga. jadi kuringjeung babaturan rada bebas mun rek ngayakeun ulin kamamana teh.
Rencana anu kahiji mah rek ulin ka pameran di alun-alun cisurupan jeung babaturan sakelas teh. Kitu sotenan dumeh we tlu poe samemeh pere teh biasana mah pun biang atawa pun bapa sok ngawartosan mun sakola pere rek iinditan kamana-mana. biasana mah ukur uin we ka bumina pun aki. Apanan pun nini mah tos almarhum aya kana tilu taunna.
Tah ayeuna mah boh pun bapa oge pun biang teu ngawartosan, bisa dihartikeun we ku sorangan, meureun moal iinditan ulin sanjan sakola pere oge. Sip lah. Alus, mending oge teu kamana-mana. Apanan kuring rek ulin atuh ka pameran jeung babaturan sakelas. Enya babaturan anu deukeut we, teuieuh kabeh sakelas rek bareng ulin.
Indung bapana babaturan oge kitu, teu aya kagiatan rek kamamana, cenah. Jadi we rada bebas ngarencanakeun keur ngeusi liburan kuring jeugnbabaturan mun rek ulin teh. Komo deui ieu mah panan ulinna oge anu kahiji mah di alun-alun Cisurupan. rek naek kaulinan di pameran. Dipikir-pikirmah, asa mending ulin ka pameran daripada ulin kanu tempat lain mah. Da eta atuh sok cape dijalanna ari iinditan kanu jauh teh. keur mah wargi-wargi teh tempatna jauh pisan. aya anu di bandung, di tasik eung ciamis. ih...sebel lamunindit teh pun biang mah sok mesakan keresek tuda. "bawa ieu, bisi hayang ongkek engke cokot ieu. Geuleuh ih..."
Rencana ka pamera teh memeh indit rek ngumpul heula di imah kuring. Ceuk si Ari mah, meh inditna bareng, ngabring kabeh. jeung pangpangna mah ti imah kuring deukeut pisan. Katinggali puguhan mah. Leumpang sakeudeung oge langsung nepi.
Samalah tiimah teh, katinggali sakabeh kaulinan anu aya di tempat pameran, saperti kincir angin meni luhur pisan. jiga munara masjid agung atuh jangkungna oge. ombak banyu, korsel, tong setan, rumah hantu, jeung anu daragang oge parentel saungna katinggali atra pisan.
Geus mah ngumpul, harita teh jam satu, Pameran can pati loba anu ngadatangan. jadi can pati rame, da ari hayang rame mah kuduna oge jam 3 atawa jam 4 sore. tapi keun bae lah urang ulin heula we ninggalian anu daragang. "kudu pacekel-cekel leungeun meh teu leupas, hayoh keh hese neangan. Bisi aaya culik siah, mun lepas mah", ceuk si ari. meni bari popolotot tea nyaritana teh. jiga anu hayang pisan dipercaya.
"Bae lah culik wae mah, pirage cukil na bilik tuda", ceuk kuring.
"Ih si eta mah angger, puguh ceuk si mamah oge enya ayeuna mah usum culik siah", pokna deui.
si tina ani jeung si dudi mah kalah murungkut we ngadenge caritaan si ari kitu teh.jiga anu milu sieun kanaeta beja.
Basa kuring jeung babaturan nepi ka alun alun, sanggeus kukurilingan ninggalian dagangan anu loba pisan rupana, anu daratang ka paeran oge beuki sore teh beuki loba, tapi teu ieuh dipalire, kajeun we. kuring jeung babaturanmah terus we langsung milih kaulinan anu rek di tumapakkan. Si Ani jeung si Dudi mah milih naek kareta api. Ahmad naek kincir angin, sedengkeun si Puput jeung Kuring mah naek korsel. Tiap kaulinan kabeh oge mayarna mah sarua, 4rebu.
Pameran di alun alun
kolot Budak balawiri
Raramean sukan-sukan
Kaulinan narik ati
Naek korsel kukudaan
Samemehna meuli karcis [kinanati]
Lima kali muter naek korsel teh geus kudu turun. meni asa sakeudeungnya", ceuk puput.
"heueuh...rugi aing mah ah..mayar 4 rebu teh. sakeudeung", ceuk si Ari.
"keun bae ah, urang naek deui we yu. kanu mana maneh rek naekna"
"hayu atuh urang meuli deui karcis".
"hayu"."Sakali deui we nya naekna. bisi beak keur jajan. hayoh wae naek mah", ceuk si
Puput. puguh cenah manehna mah ukur dibere duit 10 rb. naek dua kali 8rb. keur jajan 2 rebu.
"Enya lah mending oge pake jajan. naek korsel mah teu wareg", ceuk si Ari.
Naek anu kadua teh kana kurung manuk. sakurung teh bisa tiluan. jadi kabeh bisa asup. barang di puterkeun teh, hate meni asa ngaleunyap basa geus naek terus muter kahandap. si ari jeung si puput mah meni kat ngoceak, calangap tapi bari seuseurian sagala. reuwas, cenah.
Ari kuresep mah teu karasa waktu teh, geus hampir magrib. Kuring tiluan niat rek balik anu lainna mah teuing dimarana. meureun geus baralik tiheula.
Basa kuring rek ngincid balik, ti kajauhan katinggali si Tina jeung si Tuti, babaturan anu kembar keur aranteng we ulin katinggalina mah jeung indungna keur meuli karcis apolo-apoloan.
Tina jeung Tuti ninggalieun oge ka kuring jeung babaturan. Tapi ngan ukur seuri we, wungkul. Da puguh geus meuli karcis kagok meureun. Maranehna langsung naek apolo-apoloan. Ukur ngagupaykeun leungeun we wungkul. Kuring mah gancanga we mere tanda ku leungeun, rek balik tiheula. manehna ngaenyakeun, bari unggeuk sagala. Tina, Tuti neruskeun naek apolo-apoloan tea, ditungguanku indungna di sisi pager beusi. Katinggalina teh meuli jiga anu atoh pisan.
manehna oge ngabejaan, cenah mun beres naek apolo-apoloan, rek meuli jepit. apal soteh manehna we pepeta bari nunjuk ka tukang jepit.
ukur di enyakeun we ku kuring jeung babaturan teh, puguh kuring mah geus beak duitna dipake naek permainan anu tadi. jeung meuli arumanis. Geus kitu mah kuring jeung si ari oge si puput lumpat kaluar ti alun-alun cisurupan. rek balik ka imah sewang-sewangan.
Ti pameran kuring mangprung
Ngiciprit niat rek balik
Inggis bapa neneangan
Indung rawah riwih ceurik
Matakna ge gancang mulang
Jeung bisi kaburu maghrib. [kinanti]
*15101999
*ieu carita kadua tina 60 carita anak anu geus diterbitkeun dina mingguan pelajar versi bahasa Indonesia
Tidak ada komentar:
Posting Komentar