14. HAPE ANTIK
Poe minggu kasorenakeun si Udung geus biasa, jiga nu kilir ari nganjang ka imah kuring teh. Ngobrol jiga anu heueuh, tamba era menta cikopi tateh. Bari ngobrolkeun perkembangan hape. Cenah ngikeur-ngikeur lamun ayeuna usum hape anu kieu, engke bakal usum hape anu kitu. mun kabiruyungan tea mah ku hape anu alanyar, bakal beak duit, lain cumpon kapuas. Matak manehna mah hayang hape antik, pona teh.
Si eta mah, boga leuwihna tina hasil dagang cindung, lain dibikeun ka pamajikan, malah dipake tukeur tambah hape.
"Hayang hape anu antik", pokna teh.
"Kade Dung, boga bati teh, bisi kaasup sumput salindung ti pamajikan", ceuk kuring.
"Ah henteu, ieu mah da, unggal dagang meunang bati, sok nyimpen, dina kantong saleting buntelan cindung. Uing mah leukeun nyimpen poho. Ari dibuka lumayan, aya keur nambahan tukeur tambah hape", jawabna deui.
"Bosen tuda, basa harita we meuli hape teh, ladang kukumul cau tea, nepi kaayeuna can ganti-ganti".
"Pamajikan satuju?", tanya teh.
"Ah naha meni kudu ijin pamajikan sagala, da rasiko sapopoe teu kurang ieuh", ehm...si eta meni namalang ari diomonganan teh.
"Heueuh syukur we ari kitu mah. Ari anu antik teh anu kumaha Dung?, anu produksi unlimited tea lain?", tanya teh.
"Hahahaha.....didinya teu apal perkembangan hape. Jadi moal apal nu kumaha anu antik ayeuna. Keur jadi mode, barang anu kitu teh".
"Heueuh anu kumaha Dung, hapena?"
"Moal apal didinya mah, ke we tinggali Uing mawa anu hade".
"Heueuh kumadinya wae atuh", ku keuheul atuh kuring mah, meni ngareken kurang apal perkembangan. Memangna manehna geus apal anu kumaha kitu ari perkembagnan hape. Meni asa pang angkeuhana, pang nyahona wae.
"Kumadinya", teu kaluhur teu kahandap kuring mah ngajawab teh, keuheul tuda, lamun geus ngoong moal apal didinya mah. jadi pariabasa omongan kitu teh keur manehna mah.
"Tapi kurang 50rb deui ieu teh".
"Hampura bisi didinya rek api-api ngomong kut teh, apal kuring oge eta teh rek nginjeum, moal dibere. Teu boga duit. Sakitu mah", pok teh miheulaan. Da puguh geus apal laguna atuh si Udung mah, lamun ngomong kitu teh pasti rek nginjeum. Dipungkas kitu we, moal terus biasana mah.
"Naha meni nyanyahoanan didinya mah, bari na oge saha anu rek nginjeum".
"Syukur we atuh ari kitu mah"
"Enya tapi lamun didinya rek nitip duit mah keun bae, ku Uing ditarima", tuh da teu jauh atuh. Ukur beda basa. Maksudna mah angger. Nginjeum tateh. bari lamun sok mayar tereh-tereh mah.
"Sangeuk, sarua we jeung nitip hayam kahuelang atuh kadidinya mah. Geus sabaraha lila jadi tukang bank keliling, Dung?"
"Moal mere mah moal we atuh....dasar didinya mah cap jahe", eta si Udung ku sangeunahna ari ngomong teh. Meni teu di dingdingkelir ari ngomong teh. Dasar ablahu.
*
Saminggu ti harita, teuing kamana si Udung, anu biasana losbot ka imah, euweuh. Jempling. Teuing kamana. Kopi aman. Tapi asa kaleungitan ari kitu mah. Moal nyeuri hateeun kitu, basa kukuring diomongan. Tapi da asa euweuh cupat keur kitu si eta mah. Da puguh atuh wawuh jeung si eta teh lain sakatiga. Boa-boa gering. Pamajikanana euweuh deuih. Nyeta kukasibukan kuring, puguh hese ari manehna teu kadieu mah, hese panggih. Ah bisi enya nyeuri hate, ke mah, lamun kadieu rek menta dihampura we, bari puguh bisi kurang keneh keur meuli hape mah, erek we dibere. Kuma dinya mayarna mah. Tong boro anu anyar nginjeum anu tiheula oge, si eta mah, sok pura-pura poho. Duka ketang meureun, mun nginjeum duit teh, sok make kecap bisi rek nunda. Jigana kitu. Heueuh nunda teh hartina menta keur si eta mah. matak teu kireum-kireum lamun kurang modal, sok ngomongna teh, bisi rek nunda keur modal.
"Tunda duit tiis teh, ulah dipepesakan wae, bisi kukencit", biasa sok kitu si eta mah.
Asa inget, basa harita kuring dibabawa, keur ngancleung ku si Sardung, pikasebeuleun. Hampir ka satiap jalma atuh, lamun dagang teh. Teu sirikna mun boga kartu nama mah, dibere kabeh sakur anu meuli. Ngan kusabab teu boga jadi nomer hape di bikeun.
"Bilih peryogi, ka Mamang. Pesen cindung, mangga kontak wae. Mamang segera datang. Mamang akan langsung meluncur", iiihhh geuleuh mun geus ngomong kitu kuring mah. Bari leungeun angger merengkel jiga beben, ngaitkeun cingir kana biwir jeung indung leungeun kana ceuli
"Kontak-kontek begitu lah", hihi.....geuleuh kuring mah.
Leuheung ka budak ngora, da ieu mah atuh ka nini-nini, ka budak leutik oge kitu patataanana teh.
"Naon Ujang kontek-kontek teh. Ari ieu nomor naon? Apanan impo mah geus teu usum ayeuna teh. Leuh boro alus ieu mah nomerna. Si aki baheula, sok hayang cenah anu 8 atawa 4 angka, ari meunang buntutna wae, anu dua angka. Ari ieu sabaraha angka Ujang meni ngantay", hahahaha....puas sia Udung. Top tah impo jongklok nini ti si Sardung.
"Ah si Nini mah, ieu teh nomor hape Uing. Nomer cantik dan antik. Nomer anu matak di pigeugeut ku gadis, Nini. Tah bilih Nini peryogi cindung, kantun kontek-kontek ka Mamang Udung. Bilih peryogi pulas naon, potongan kumaha, mangga kantun kontek-kontek", eta meni kukeukeuh, nitah nelepon ka si Nini.
Ari si eta mikir kitu henteu, si Nini rek nelepon ku naon jeung kana naon. Puguh ngarti oge henteu. Piraku kudu kana seueung mah kitu.
"Aeh......apanan nini na oge meureun boga incu. Tah incuna bidikan Uing mah", teu eleh ngomong ari si eta.
"Eta ari mere nomor ka budak leutik?", tanya teh.
"Tah eta mah bisi indungna perelu. Apaan lamun boga nomer hape Uing mah tinggal kontek-kontek tah ka Uing. Kudu mikir jauh kahareup atuh ari dagang mah. Ulah ukur saayeunaeun", leuh meni gumede si Udung.
"Kumadinya we Dung, ah", pok teh.
Matak si eta mah, unggal ngancleung teu weleh, hape dicecekel. Ka ngintung-ngitung cindung make kalkulator hape, si eta mah. Leuh.... harianeun sardung maneh. Ditalr oge babari ngitung cindung 10rb tilumah.
"Yeuh ngitun gduit mah kudu cermat dan akurat. Leuwih saeutik kurang saeutik, pimatakeun eta teh. Salng ngitung mah atuh Uing nombokkan ".
"Heueuh kumadnya we Dung ah. Didinya mah enya bener pinter ngan kabalinger". geuleuh tuda.
*
"Keur naon yeuh, nyorangan wae. Kamarana barudak, asa jempling", pokna. Anggeur si eta mah lamun datang tara uluk salam. Ngareureuwas wae.
"Alah naha didinya teh....."
"Alah tinggali yeuh....bati cindung", teu kebat nyarita teh, kaburu kaptong ku si sardung.
"Uing mah meunang hape hade. Antik bin ajaib", ceuk si udung bari nembong-nembong hape baheula anu aya keneh antene.
"Tinggali atuh....hape Uing mah. antenena ngahaja diganti ku anu panjang", pokna teh meni reueus.
"70rb. Anteneuna wungkul oge".
"Ari hapena Dung sabaraha? Meni anteneu na 70rb", tanya teh.
"250rb".
"Ih naha Sarduuuung. Da alus anu kamari hape teh, didinya mah di lelebar".
"Yeuh Uing mah lain alus atawa henteuna hape. Antik. Nyeni. Geus bosen ku hape anyar".
"Naha iraha dung boga hape anyar didinya. Apanan anu kamari oge hargana ukur 300rb"
"Yeuh...didinya mah matakna maca atuh koran hape. Makin lila hiji barang makin mahal hargana. Tinggali we hape ieu 10 taun kahareup. Hargana bakal salangit. Eureun tah Uing mah sataun dagang cindung lamun hape ieu engke geus payu".
"Alah siah ngomong teh. Sok lahuta. Make jeung sapaluh taun. Leuheung lamun kuat keneh. Utamana mah. Didinya teu boga modal dilelang deui", pok teh.
"Moal ieu mah ka meumeut. Uing ninggali harita, haji Abas make hape, anu gede kieu, dipesakan, nolol anteneuna. Resep Uing mah. Komo deui ieu atuh, anu uing. Tah tinggali dina cangkeng Uing, sakalian jeung kantongna atuh meuli. Sup kadieu, tuh apanan mantes. Anteneuna panjang. 50cm ieu teh panjang anteneuna oge. Jiga hate nya? ".
"Kumadinya ah teu beunang diomonganan mah".
"Nanaonan atuh ngomong wae aya semah teh, lain gancang disambut. Cikopi anggur suguhkeun. Piraku beak, apanan Uing teu kadieu aya kana samingguna".
"Kamana wae dung?"
"Aya proyek..."
"Proyek naon?"
"Pesenan cindung. Ti karyawan pabrik bulu mata".
"Eleuh, syukur atuh. Sabraha kodi pesen na?"
"Sapuluh siki".
"Alah siah.....sugan teh heueuh we proyek. Cindung sapuluh siki. Disebut proyek. Paingan meni ka ngiles saminggu didinya, ari kitu mah".
"Uiiiiing proyek gede tateh. Utamana mah, eta resep ku gareulisna anu pesen teh. Uing kajongjonan, dagang didinya. Barina oge, maranehna marena nomor hape. Uing sibuk ngalayanan anu narelepon"
"Teuing ah Udung, hoream kuring mah ngadenge didinya ngomong kitu teh. Anu aya mah didinya sibuk mere nomer telepon jeung menta nomorna meureun ti batur. Gawe teh so dibalik-balikeun wae. Kade siah bisi rijki tibalik gera".
*5042010
Tidak ada komentar:
Posting Komentar