/*Vertikal Menu ———————————*/ .vertikalmenu{ list-style-type: none; margin: 0; padding: 0; width: 180px; /* lebar dari menu vertikal*/ } .vertikalmenu li{ border-bottom: 1px solid white; } .vertikalmenu li a{ background: #000000 ; /*warna dari menu vertikal*/ font: bold 13px “Lucida Grande”, “Trebuchet MS”, Verdana; display: block; color: white; width: auto; padding: 5px 0; text-indent: 8px; text-decoration: none; border-bottom: 1px solid black; } .vertikalmenu li a:visited, .vertikalmenu li a:active{ color: white; } .vertikalmenu li a:hover{ background-color: #737373; /*warna setelah pointer diarahkan (hover)*/ color: white; border-bottom: 1px solid black; }

Jumat, 01 Oktober 2010

BONEKA

9. BONEKA


Bongan tuda, basa balik mawa gambar imah, cenah rek sakeudeung tapi teu balik deui kamari teh....torojol isuk-isuk, bari ngajak dagang cindung kapasar, Teu hayng teuing. Eta dumeh apaleun kuring pere meueun. Cig we kadituh sorangan Enya oge ayeuna poe pasar teu hayng mantuan ah ayeuna mah.... Pangajak si Sardung teu hayang ngaheueuhken.

"Jig we didinya sorangan, kuring mah rek mawa ulin budak puguh. Hayang meuli boneka cenah di pasar", pok teh.
"Meuli boneka wae, ku didinya. Pamajikan atuh titah", ceuk si Udung, bari jiga anu maksa ngajak ka kuring.
"Emmbuuung..... Pamajikan apanan teu pere sakolana kumaha didinya teh. Karunya ka budak geus jangji rek meul boneka poe ieu".

"Euh ..... didinya pikiran teh cupet. Yeuh keur meuli boneka mah ulah ngaluarkeun duit sorangan tina pesak langsung. Mending engke, sugan aya bati jualan cindung, urang beulikeun kana boneka. Pilakadar 15rb atuh boneka mah. Mun Uing anu meulina mah, bisa dua tah boneka anu harga 15rb teh. Hayuuu.......!, sakapeung mah nurut atuh kana caritan Uing teh. Da moal ngagebruskeun atuh Uing oge", eta si sardung, ngomong ku sangeunahna kitu. Geuleuh aing ngadengena oge.
"Horeaammm....keur purun oge teu kudu diolooo", pok teh.
"Hueuh atuh ari kitu mah, tapi lamun purun gancang tuturkeun. Biasa deukeut tihang listrik", pokna deui bari ngincid nyorendakeun buntelan cindung.
"Sangeuk teuing ah...jig we sorangan", ceuk hate bari ngalacat kana teras, rek ngaluarkeun motor.

Teu lila motor sanggeus diluar, diberesihan, dihirupan. Budak anu geus didangdanan ku pamajikan, di bawa indit ka pasar rek meuli boneka anu geus sabulan dipikahayangna. Puguh nyeta atuh, ari keur di Bandung tara sempet neangan boneka jeung dina ayana oge atuh riba mamawana dina motor mah. Komo deui budak teh hayang boneka nu gede cenah. Dumeh harita basa di bawa ku bibina ka SM ninggali boneka badag bari alus, ceuk bibina ditingali teh hargana 250rb.

"Leuh mahal pisan, boro-boro hayang meuli...nu aya mah pangabutuh moal kacumponan mun eta boneka di beuli teh", ceuk bibina.
"Engke jeung bapa meulina ti Bandung", bibina ngolo puguh budak teh cenah merod wae hayang eta boneka. Ari geus disebutkeun rek meuli ti Bandung mah kakara atoheun jeung indit deui budak teh.

Paingan atuh basa balik ti Garut, budak teh meni galecok, nyaritekeun sagala titinggalian. Nya utamana mah hayang meuli boneka anu gede bari sae, cenah. Tapi bener, kuring can kaburu meuli eta kahayang budak, can kacumponan. Heeuh atuh, duitna timana harga boneka sakitu mahalna mah. Mending pake meli baju duit sakitu mah, bisa dipake sakulawarga.

Tapi alhamdulilah, kamari boga peresenan jeung menang duit kesra ti sakola anu tilu bulanan. Ah rek dipangmeulikeun we kahayang budak teh, tapi moal anu harga sakitu, anu 50rb we dina mahalna oge, bari mun bisa mah duaaneun atuh jeung keur adina harga sakitu teh. Bisi parebut, hayoh keh gurger deui.

Geus mah kabeh parimpen, belenyeng we indit ka pasar jeung budak duan. Puguh we budak teh, da apal rek dipangmeulikeun boneka, sajajalan meni terus we galecok ngobrol sagala papanggihanana.

"Pah....kamari mah puya ngiring rapat sareng mamah tea...ninggal bumi meni saeeee .....teh. Padahal mah nyieun bumina jiga kitu Pah..., Puya mah resep. Anu cet biru bumina teh, Papah.....hoyong apal?", "Dimana?" tanya kuring.
"Ke dipayun oge aya anu sae, ku Puya ditunjukkeun. Mun papah ngadamel kudu jiga kitunya....Sae!".

"Enya keun engke urang ngadambel...."
"Anu saenya Pah.......", pok budak.

"Enya anu sae. Puya hoyong anu kumaha kitu?"
"Anu sae. Jiga bumina Puji".

"Puji mana?"
"Puji...anu bumina di Loa ningan", ceuk budak.

"Terus kumaha hoyongna Puya bumi teh?"
"Enya mun bumina sae mah, disimpenan boneka teh bakal sae, jiga di bumi Puji ningan".

"Oh enya....kamamah atuh wartoskeun. Mun gaduh artos kempelkeun jiga Mang Udung. Apanan rek ngadambel bumi sae mang Udung mah".

"Enya, bumi puya mah kedah saeeeeeeeee ...pisan, nya pah".
"Enya sae pisan!"

Teu karasa, geus nepi deui ka pasar simpang. Puguh atuh poe jumaah mah di Simpang teh poe pasar. matak loba domba sagala. Tukang bako milu riweuh di pasar domba mah. Nya ngariung domba nya ngariung bako para bandar teh. Kituna deui anu rek ngajual domba, memeh ngajual teh milih heula bako, bari api-api tahan harga biasana mah. Meh domba hargana mahal jiga-jiga daek henteu entong rek ngajualna teh.

Tapi bae ah...kuring mah kapasar lain rek meuli domba. Rek meuli boneka keur budak. Jadi teu pati loba ninggalian anu lian, langsung we ngincid ka toko boneka, kabeneran tukang boneka di pasar Simpang mah deukeut toko emas, jadi panghareupna. Pulah pilih warna jeung boneka naon, geus budak cocok mah gancang we creng diduitan. Kabeneran hargana 20rb-an. Jadi bisa meuli dua jeung keur adina.
"Puy.., urang kabeh ditu yu...ningal tukang lengko. Urang meser", ceuk kuring ka budak. Nghaja nu dibeuli teh lengko, meh ti tukang lengko mah katinggali si Sardung lamun jualan deukeut tihang listrik tea sakumaha kabiasaan tempat manehna jualan.

Puguh tempat eta mah, nya deukeut ka pasar pakaian jeung barabadan, deukeut oge ka tukang pasar domba. Cocok eta tempat teh keur jualan cindung si sardung mah.

Gek teh diuk di tukang lengko, sanggeus pesen dua bari diasongkeun kunu ngaladanganana, teu pati lila lengko samangkok langsung ledis. Puguh atuh isuk-isuk ngadahar lengko, samara caina panas keneh...leuh karasa sengitna bawang jeung kerekesna kacang kadele....pedo. Pedo elom ceuk si Sardung mah.

Ngan eusi mangkok budak we nu can beak teh, padahal ukur alas satengahna, tapi keun bae lah, itung-itung bari ngawaskeun si Sardung we keur dagang cindung. Cindungna teh di amparkeun make tilam samak paragina dagang di pasar. Bener ku kituna tea mah, dagangna hade. Payu. Alus mawatna tah dagang cindung si Sardung mah, itu meni pada ngagonyok kitu ku ibu-ibu.

Leuh adat...paingan cindung geus dipake atuh, ari diriung ku ibu-ibu mah.

"10rb tilu-10rb tilu-10rb tilu...sok saha deui-saha deui..... 10rb tilu-10rb tilu-10rb tilu. .....Mangga ulah isin-isin-ulah isin-isin. .......Mang udung siap ngaladangan... siap milih .....siap mungkusan .......siap nampi artos kanggo modal meser deui cindung ti Bandung........., sapalihna kanggo meser beas.......... Mangga 10rb tilu-10rb tilu-10rb tilu........", euleuh itu meni panjang napas kitu si abdul.

"Santey euy.....ngomongna atuh....bisi paregat tah urat beuheung", ceuk hate. Bari terus we ngahuapan budak.

"Mangga saha deui...mang Udung siap mungkus...ladang anu ieu ah arek dipake sarapan jajan lengko", pokna teh meni teu kireum-kireum bari dibeja-beja. Atuh tukang lengko oge katinggali semu anu rada seuri ngadenge kitu teh.

"Boa-boa si sardung geus apaleun Kuring aya di tukang lengko ieu teh", ceuk gerentes hate. Ngahuapan budak rada badag dihuapanana. Karunya si Sardung, bisi hayang dibantuan, mangkaning enya meureun manehna can sarapan. Heueuh manehna sina sarapan heula, keun kuring ngaganti nungguan.

"Alah teu kudu......teu kudu mantuan. Pang mantuankeun mayarkeun ieu lengko we", pokna teh, meni teu apal datangna ujug-ujug geus aya gigireun si sardung teh.

"Siah .....ngareureuwas we hirup teh. Kuring meni asa coplok kieu jajantung. Dasaar... ablahu. Teu diditu teu didieu ngareureuwas teh".

"Matakna baheula teh bejaan ma paraji....barang didinya borojol teh...kudu di tenjrak kitu Uing. Da meunang atuh boga kahayang, sanajan karek lahir oge. Apanan didinya teh jelema", etah ngomong meni teu diwengku kitu.

"Barina oge, Kuring mah ku bidan lain ku paraji, manasina didinya ku paraji, ma Onih. apal kurin goge paraji didinya mah.

"Mang ladana mana...tambah lah sasendok deui mah...meh seger yeuh. Tos gogorowokan mah. Caina anu haneut mang", penta si sardung ka tukang lengko, bari teu ieuh ngadenge omongan kuring. lempeung we ngahuap lengko.

Set-set-set...meureun tilu huapeun mah, lengko samangkok meni gancang ledisna teh. Leguk kana cai sagelas, beak deui wae.

"Mana atuh rokona, tong dipepesakan wae, pamali. Boga rijki teh, disumputkeun wae mah", alah eta si sardung...ku asa ngeunah pok-pokan teh. Nya menta, nya ngagonggorekanan. Huh...dasar....

"Yeuh atuh....".

"Lebar euy....anu meuli yeuh rada pahibut tadi mah....mata teu kasiwer ngaladangan...komo sarapan heula mah", pokna bari nyeungeut roko. Leuh si sardung eta ngenyot roko meni teu kaluar kitu haseupna oge.....ih aing mah dasar geus nyandu...paingan awakna sakapeung sok bau belenok, da kitu we meureunnya ngarokona teh...

"Bayar kudidinya...uing rek ngaladangan deui, karunya tuh ibu-ibu nyampeurkeun dagangan uing", pokna bari ngincid. Ehm...si bedul...poho we tadi mah basa ngajak rek pangmeulikeun boneka keur anak Kuring. Boro-boro boneka, jajan lengko oge dipangmayarkeun ku kuring...Bedul siah.

*24042010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar