15. Si Udung tea atuh......cerdas!
"Kajeun Uing mah jadi penjaga oge. Pasapon, baheula mah disebutna teh. Rido Uing mah. Sugan didinya atuh bisa merjuangkeun keur Uing. Mun teu kapake kitu, bae .....jadi satpam oge, daek lah uing mah", si Udung datang-datang ujug gantawang we kitu.
"Naon Dung, asa teu gugur-teu angin, didinya mah. Naon mimitina ieu teh?"
"Alah didinya, mah codeka. ari boga beja teh, meni teu ngabejaan ka uing mah. Sarua we atuh Uing oge da jelema, boga kahayang. Cing haat, meh Uing teu ngancleung wae dagang. Ari kitu mah, jadi penjaga atawa satpam, meureun cicing ditempat. Moal geseng teuing kulit teh, suku moal jebrag atuh. Taktak moal dengklek, ari jadi pasapon mah".
"Teuing....Dung. Kuring mah teu ngarti ieu teh. Aya naon didinya? Boa-boa kasambet. Dagang kamana tadi? Ku sorangan we gancang kadituh, menta cai jampe ka Ustadz WS. Bisi aya anu nyiliwuri, heug nangkel na buntelan cindung didinya", hate teh rada ngangles, puguh teu ngarti naon anu diomongkeun ku si Udung.
"Alah naha didinya, meni ngareken pisan, ka Uing teh", ceuk si Udung jiga anu kesel. Tapi da puguh Kuring teu ngarti naon anu dimaksud ku si Udung teh. Biasana oge barang jol teh enya .......tara uluk salam. Tapi apanan salam si eta mah ku menta cikopi,
"cik kadieukeun, cikopi", kitu biasana oge. Lain...kajeun jadi penjaga atawa satpam.
"Mun kudu sakola deui sok atuh Uing kudu sakola kamana? heug cing rido ngabiayaanana. Sugan ari ku sakola mah, Uing bisa jadi Gelar. Resep Uing mah, jadi gelar, de..er...es.... Ceuk si ceundeu mah anak Uing, deeres teh.....naon da, bisaan nyingketna teh. Poho Uing mah ah...... Pan hade meureun gelar Uing teh, guru Udung", euleuh etah, ngomong meni pabalieut kitu, gelar guru, sakola menang gelar. Beuki teu ngarti kuring mah.
"Dung, cokot heula cikopi. Meh, teu koslet pipikiran didinya euy.... Sugan ari geus nginum cikopi mah, urat saraf didinya kendor", pok teh, nenenangkeun maksud mah. Bisi bener si eta mikiran hayang jadi penjaga atawa satpam.
"Lain titatadi atuh ngomong teh, Uing sakieu geus ranteng kieu. Bet kakara, nawaran", alah etah si sardung, malah nyentak kitu si eta. Asa kurang basa pisan.
"Dimana ieu teh kopina, asa teu dina tempatna ieu teh? Sing puguh tempat ari nunda kopi jeung gula teh. meh teu hese neangan", eta sora meni gogorowokan kitu kawas dileuweung wae, maneh teh sardung, ceuk geretes hate we da puguh ar pok mah karunya bisi si Udung bener keur mikiran anu serius.
"Teangan we didinya....kade we bisi macok. Tah kahalangan ku tudung saji, urut bieu kuring ninyuh. Da moal kamana lumpatna".
"Cik naon, maksud didinya tadi ngomong teh. Kuring mah asa jadi mikir ieu teh", ceuk kuring basa si Udung, geus rengse ninyuh cikopi bari gek diuk hareupeun. Manehna nyamperkeun deui katepas imah tempat kuring diuk.
"Teuing atuh, Uingna oge poho, naon anu tadi diomongkeun teh", pokna meni teu giren-giren nyebut kituna teh.
"Naa....Sardung maneh teh meni ngagelokeun pisan ka kuring teh, boro asa milu mikiran", meni asa rugi ngadagoan si Udung ninyuh cikopi, maksud rek nanya anu diomongkeun ku si Udung tadi. Ari pek manehna ukur alesan wungkul jigana teh.
"Yeuh Uing mah, kamari basa saminggu dagang cindung jeung meunang proyek ti karyawan pabrik, bulu mata. Uing ngadenge informasi, cenah aya sakola anu gancang, ukur dua taun tilu taun. Mun enya kuring rek miluan, sugan we atuh ari geus sakola anu kitu mah, kuring bisa, jadi pagawe nagri, jiga didinya".
"Geus tutup ayeuna mah, anu 2 taun 3 taun teh. D2 atawa D3, tateh disebutna. Tapi da anggeur we kudu sakolana oge lulusan SMA atuh", jawab teh.
"Naon da ieu mah meunang gelar, cenah"
"Enya eta oge meunang gelar, A.Ma atawa A.Md."
"Sarua jeung Insinyur tatehnya?"
"Insinyur mah kudu kuliah s1 Dung, sarua jeung Drs. baheula mah. Doktorandus, tateh".
"Taaahhh....eta ceuk budak Uing teh. Pah...., apal teu naon hartina Drs. Anak Uing tea atuh cerdas, kumaha we bapana. Manehna teh nyebut nu jiga bieu ngan di tambahan, harti cenah, 'di rumah sajah", alaahhhh .........eta si Udung. Meni ku gaya kitu, budakna nyebut papah sagala. Meni tayoh kapatutna tukang cindung disebut papah. Cing atuh, matutkeun maneh we nyebut ka kolot teh. Dasar...... Agan Udung raja cindung.
"Naha kalah ka ngahuleng kitu?"
"Lain Uing hayang seuri ka si Ceundeu....meni asa kakara ngadenge, kuring mah....budak didinya, nyebut Papah......hahahaha......."
"Uing tadina mah.....panggilan keur anak uing ka uing teh, rek jiga bule. Dedy....jadi panggilan anak ka Uing teh......Ded Udung.....hehehehe....", ehm.....sardung meni teu euleum-euleum maneh euy, ceuk gerentes hate.
"Ari ka Indungna.... rek nyeubut naon atuh? Lamun didinya Ded Udung mah?".
"Yeuh panggilan keur Rodiah mah, cukup. Seus Diah....."
"Heug ....Ku Kuring ke kamajikan didinya rek digeroan seus Diah'.
"Alaaah tong kitu atuh euy......didinya mah. Hayoh Uing diketig punduk ku jikan".
*
Isuk-isuk geus torojol deui we datang, menta cikopi. bari si duru. nghaja sanajan aya gas, hawu mah teu ieuh di jungkirkeun. paragi siduru isuk.
"Sapeupueting, Uing mikir. Bener-bener Uing hayang kuliah ayeuna mah. Meh jadi guru", pokna teh. Ehm...Si eta. kamari hayang jadi penjaga atawa satpam. Ayeuna hayang jadi guru. na kumaha pipikiran si etanya. asa mereel teuing kieu kahayang teh. Naha dumeh boga hape anyar kitu? Diangsonan kusaha ari si etanya?
"Jadi guru mah, piraning oge ngajar, KABATAKU".
"Hade euy......boga cara ngajar jiga-jiga bahasa Jepang kitu" pok teh.
"Teuh nya.......didinya mah. pinter kabalinger tea anu kitu teh. Kawas teu sakola pisan didinya mah".
"Na....kumaha kitu hubunganana"
"Kabataku teh......yeuh rengekeun.....kali.....bagi.....tambah...kurang. Tambahan ku CALISTUNG....tah eta mah hartina .....maca...nulis.....ngitung"
"Enya bener......hampura dung. Poho euy"
"Kudu panjang ingetan atuh....ari ter pelajar mah. Enya oge kuring mah ukur tamat SD, otak mah pinter....cara moto kopi apal, cara bisinis apal...hubungan make hape apal", ehm si eta meni asa kaalem.
Tapi ....sok marakela tea anu kitu teh......cenah ukur tamat SD, ari pipikiran bet hayang kuliah. naha ari sieta kuliah teh sarua jeung SMP kitu?
"Hayang we atuh Uing teh jadi jalma anu boga bisluit. Eureun gawe teh....nyi Rodiah masih keneh bisa ngageulis..."
"Milu heula paket B atuh Dung. terus ke lamun lulus ka paket C. kakara bisa kuliah", pok teh.
"Ah hoream, puguh loba katipu. Pamajikan oge di pasar cenah, miluan paket keur lebaran. Waktuna di bagikeun teh....kabur anu ngumpulkeunana. Mun bisa mah langsung we, kuliah. Sataun beres. Meureun anu ngajarna oge ninggali ka uing mah, cerdas. pelajaran naon wae ku Uing di hakan buled-buled. sakalian tah bukuna ku uing dipake ninyuh cikopi ", alah si eta kamana jeung kumaha mikirna. Asa koslet wae dua poe ieu mah mikirna teh. Boa-boa kagembang ku karywan bulu mata saminggu harita.
"Pokona mah omat pangusahakeun. Hayang kuliah Uing, keur namabahan kacerdasan Uteuk yeuh. Geus lila teu diasah. Tong poho biayana. Uing mah sakola na we cukup", kituna teh bari regot kana cikopi teu sirikna deudeukna ditengtengkeun.
*6042010
Tidak ada komentar:
Posting Komentar