ngupahan maneh
Mun pareng ibun ngeclak janari
ngumpul minuhan leuwi
rek ditawu keur ngabasuh beungeUt harieum
sugan nepi kana ati
sakeclak-sakeclak rek dirarasakeun
diantep mapay urat-urat badag
dina lengkah apay-apayan
muru munara cahaya sanajan ukur apal sakolebatan
dina ibun eta, dina cahaya eta
silih eusi kukatresna
sangkan ibun ngeclak mun panon poe
munceran
*041010
Minggu, 10 Oktober 2010
Sabtu, 02 Oktober 2010
keutamaan membaca bismillah: keutamaan membaca bismillah
keutamaan membaca bismillah: keutamaan membaca bismillah: "Keutamaan Membaca Basmalah Written by Sahdan Dalam menafsirkan surat Al Kafirun ayat terakhir , Hazrat Khalifatul Masih Tsani bersabda b..."
Jumat, 01 Oktober 2010
KARORONCODAN
30. KARORONCODAN
Dunya teh tatalang raga. Salila raga masih dieunteupan ku hirup nya hirup teh kudu hurip. Huripna hirup tinangtu kudu dibarengan kaheman nu naker kakuatan, nu ngajurung jeung nguntup kana kamampuh. Moal boa titip diri sansang badan teh aya dikieuna. Jiga-jigana mah bakal terus sumerep kana akmana sukmana papada jalama.
Tapi lamun kitu naon atuh diri teh? Naon atuh badan teh? kasaha nitipkeun diri? naon anu dititipkeun dina diri teh? naha bet disangsangkeun dina badan? Naon anu disangsangkeun dina badan teh? Atuh meureun dunya? naha dunya bisa nalangan raga? naha raga henteu daya lamun euweuh dunya? Saha anu kudu ojah, naha dunya atawa raga? naon atuh lamun kitu hartina, ulah nepika dunya numpakan jeung ngadalikeun urang tapi kudu urang numpakan jeung ngadalikeun dunya.
Aya naon dina eta dunya nepika dipahing kitu sagala? Aya naon dina eta kecap urang meni sarua meunang peupeujeuh kitu?
Mun tea mah papada urang teu dipasihan kanyaah kunu maha kawasa. Boa teuing urang bisa saling pikaheman. Tangtu urang bakal mawa karep mangprung kamana meureun kahayang lumpat. Lamun tea mah lumpat teu mawa hakekat boa teuing balik mawa katresna. Jigana kitu, papatah teh aya benerna, sagalak-galakna oge macan moal nepikeun ngahakan anakna.
Tah didinya, kaheman eunteup diina diri sanajan ukur disangsakeun dina badan napel tara ieuh bisa lesot, sanajan gelap terus dordar ngarungrum kukabingung, ngotektak ngacak-ngacak rasa. Kaheman, kanyaah moal luntur ka ibunan moal laas kahujanan moal gedag kaanginan. Anjeun anaking anak kuring.
Mun pareng jaga dewasa bral anjeun gera miang, tarik jangkar beberkeun layar, teangan kabagjaan hirup mingkin hurip. Tulis dina ati hidep yen kolot teh miboga kaheman, sanajan nepika hulu dijieun suku, suku dijieun hulu. Tong werat ngomong mun aya pangbubutuh samemeh caringin hempak diburuan. Komo deui sasaweran geus sasadia keur ngocorkeun kanyaah anu taya wates wangenna.
*
Teu weudeu boga duit, si Sardung mah. Alesan hayang ngabahagiakeun budak. Pokna teh, keur saha deui atuh usaha teh lamun lain keur budak. Leuh....ningan kaheman oge enteup dina ati sanubari si sardung anu sakitu dug hulu pet nyawa keur ngabayuan kulawarga. Manasina can boga anak. Sagala usaha teh keur pamajikan. Ari geus boga anak mah anak nomor hji kakara pamajikan.
Ku jiga anu heueuh ngomong kituna teh. Tapi da jauh kana bohong dina nohonan jangji keur budak mah, kituna teh manehna bari belenyeng we eta teh ngajak ka tempat anu dipikahayang ku badakna. Barang beuli sagala rupa anu dipentana. Teu ieuh mikir harga jeung barang naon, anu penting mah keur kamajuan budak jeung teu matak picilakaeun, boh keur dirina boh keur batur.
Eta alesan geus mindeng pisan ngadengena. Mun tea mah diitung geus aya puluh kalina atuh, si semprul teh nyarita kitu. Giliran ngalakukeunana mah angger we matak pikarunyaeun. Puguh mindeng bati sabulan jualan cindung sok beak ku saharita.
Ari kituna mah si eta teh embung eleh wae lamun ngomong sagala rupa teh. Jeung aya we alesanana bari asup akal wae. Hese lamun ngalawanan si Sardung. Dina eleh ngomongna oge gancang ngaluarkeun hujah, dalil atawa kabiasaan budaya anu aya dimasyrakat. Dasar kasebelan, sedil Aing mah kukalakuanana teh.
Ngan kamari we, ningali si eta rada ngeunah nyeungseurikeun, dumeh cenah balik ampir-ampir ngorondang. Meni puas kana hatena teh.
Da eta we, ojol-ojol bari teu puguh-puguh nginjeum duit 20rb keur sisimpenan rek dagang. Ke balik dipulangkeun.
"Na ari hasil dagang dikamankeun atuh?", tanya teh.
"Nyeta beak kamari pake ngajajanan barudak, dumeh sikembar ulang tahun. Budak tilu diabringkeun ku Uing mah. Suka pisan Uing mah, enya oge balik ampir ngorondang".
"Ngorondang kumaha?"
"Heueuh....asa gede, mawa duit teh. Kahayang budak sagala dicumponan, henteu di piit jiga didinya ngajajan budak teh. Digolontorkeun tah ku uing mah. Puguh uing mawa duit loba atuh. Piraku budak jajana nepi ka beak sakitu, ceuk pikir teh. Teu uing mah teu di awer, di golontorkeun tah ku Uing teh. Sirikna sagede pingping atuh eta duit ngagolontor kana kahayang budak..." si Abdul eta ngomong meni teu kireum-kireum.
"Nya mawa duit sabaraha Dung meni digolontorkeun, bari nepi ka beak sagala kitu?"
"Uing mawa duit 500rb, bati cindung sabulan tateh. Tadina mah keur nambahan meuli semen ka matrial latif. Teu kaburu kabikeun, da budak keukeuh ulang taunna hayang ulin ka Jatos, Dumeh aya Uana diditu. Ku Uing diheueuhkeun jeung deuih Uing mah, ari ngajajanan budak teh tara itungan. Manasina didinya, 50rb oge meni geus dianggap badag", alah si eta ngomong meni teu diwengku kitu, jeung mamawa ka kuring sagala.
"Heueuh eta teh jamuraul euy".
"Jamuraul kumaha ari didinya. Puguh ieu mah atuh keur budak. Ngajajanan budak. Lain keur monyah-monyah sorangan".
"Heueuh ari enggeus, didinya nyiksa budak..."
"Naha?
"Ari geus...., balik dititah leumpang...bari nungtun motor. Teu jeung ukuran didinya mah ari ngabagjakeun budak teh".
"Eta mah kapohoan,...sugan, dina pesak anu kenca teh 300rb. Dumeh sarua beureumna warna duit bari tilu lambar deuih. Ari pek 30rb. Lain kasalahan Uing eta mah. Kasalahan anu nyieun duit. Meni euweuh pariasi warna nyieun duit teh. Cing atuh...bedakeun saeutik mah warnana. Ulah beureum wae, cacakan anu nyieuna nagara mah. Moal enya partey oge loba warnana, na ari duit, jiga anu kakurangan warna. Tong itungan kana untung rugi ari nyieun warna keur duit mah, da eta teh kapentingan keur rakyat, jiga anu sieun pisan ...buktina tuh Uing hampir karoroncodan atuh. Balik ti Jatos, ninggali duit ukur 30rb deui. Untung Uing teu ditangkep ku satpam oge".
"Naha make ku satpam?"
"Anak Uing rek sakopkopeun nyokot baju, alus warnana dumeh aya gambar teuing dakocan teuing naon tateh...ditinggali labelna 129.900. Ceuk Uing teh beuli, bari ngodok pesak. Terus diitung, ngoprot uing mah euy tarang teh ku kesang..."
"Hahahahahah...eta alesan kabudak kumaha....?"
"Uing tea tuh pinter...ceuk uing teh, hayu urang tinggalian heula, acuk anu sae, tuh beh ditu..."
"Siah ngobohong..."
"Ah eta mah meh anak uing teu kuciwa we atuh, karunya".
"heueuh ari enggeus kabeh ditu?"
"Ku Uing gancang diajak meuli es kalapa muda, bari terus diajak balik....hehehe".
"Alah siah eta ngomong meni ku babari kitu".
"Ceu Uing kabudak....meuli baju kitu mah keu engke di Garut oge loba. meh teu beurat deuih dina motor. Bakal rib-rib mawana".
"Puguh budak geus ngarasa cape atuh, sirikna sakeresek koin ku uing mah eta budak ulin dina sakabeh mainan budak. Sagala dicoba ditumpakkan di maenkeun".
"Geus mah amitan ka Uana, belenyeng we balik....Alhamdulilah salamet, teu ditangkep polisi padahal Uing mawa budak tilu atuh...Dina ayana oge polisi, Uing mah rek amitan tiheula, hampura ieu mah lain rek ngalanggar, tapi keur ngabagjakeun barudak. Dinten ayeuna ulang taun. Bilih bapak bade masihan hadiah ulang taun kanggo pun anak mangga. Geus diarncang ku Uin gmah pijawabeun ka polisi bisi naya jeung megat".
"Hahahaha......moal enya oge percaya atuh dung, Polisi ku jawaban kitu"
"kumaha beungeut atuh, ari beungeut pi kasebelen mah enya we kitu, ari beungeut jiga Uing kieu mah, Polisi oge bakal ngarti. Puguha tuh alat nagara mah jelema pinter, manasina jiga didinya", eta ngomong geus mamawa deui kuring. Na ari sieta, nya rek nginjeum duit, nya nyindirn wae hirupna teh.
"Tong waka kasigeung hate didinya teh, dengekeun heula lamun Uing ngomong, lenyepan, cing boga saku dua ari hirup mah. meh teu cilka", euleuh eta ngomong kalahka ngabolekerkeun kitu.
Yeuh ah duit......gancang indit, ari rek dagang mah" ceuk kuring baringasongkeun duit 20rb sakumaha anu rek diinjeumna tadi.
"Lain titatadi atuh, ari rek mere mah, meni loba pamikirn sagala. Moal atuh uing ngomong sakucamplang sakacampleng"
"Jig-jig gancang indit, sebel kuring mah ningglina oge kadidinya teh"
"euh dasar jelema pelit...aya mere ngagonggorekanan", ceuk si sardung bari ngleos seja dagng cindung bri mawa kabeungbeurt anu kudu dibayar engke balik dagangna.
*26042010

Label:
Carpon Seri Si Sardung
BONEKA
9. BONEKA
Bongan tuda, basa balik mawa gambar imah, cenah rek sakeudeung tapi teu balik deui kamari teh....torojol isuk-isuk, bari ngajak dagang cindung kapasar, Teu hayng teuing. Eta dumeh apaleun kuring pere meueun. Cig we kadituh sorangan Enya oge ayeuna poe pasar teu hayng mantuan ah ayeuna mah.... Pangajak si Sardung teu hayang ngaheueuhken.
"Jig we didinya sorangan, kuring mah rek mawa ulin budak puguh. Hayang meuli boneka cenah di pasar", pok teh.
"Meuli boneka wae, ku didinya. Pamajikan atuh titah", ceuk si Udung, bari jiga anu maksa ngajak ka kuring.
"Emmbuuung..... Pamajikan apanan teu pere sakolana kumaha didinya teh. Karunya ka budak geus jangji rek meul boneka poe ieu".
"Euh ..... didinya pikiran teh cupet. Yeuh keur meuli boneka mah ulah ngaluarkeun duit sorangan tina pesak langsung. Mending engke, sugan aya bati jualan cindung, urang beulikeun kana boneka. Pilakadar 15rb atuh boneka mah. Mun Uing anu meulina mah, bisa dua tah boneka anu harga 15rb teh. Hayuuu.......!, sakapeung mah nurut atuh kana caritan Uing teh. Da moal ngagebruskeun atuh Uing oge", eta si sardung, ngomong ku sangeunahna kitu. Geuleuh aing ngadengena oge.
"Horeaammm....keur purun oge teu kudu diolooo", pok teh.
"Hueuh atuh ari kitu mah, tapi lamun purun gancang tuturkeun. Biasa deukeut tihang listrik", pokna deui bari ngincid nyorendakeun buntelan cindung.
"Sangeuk teuing ah...jig we sorangan", ceuk hate bari ngalacat kana teras, rek ngaluarkeun motor.
Teu lila motor sanggeus diluar, diberesihan, dihirupan. Budak anu geus didangdanan ku pamajikan, di bawa indit ka pasar rek meuli boneka anu geus sabulan dipikahayangna. Puguh nyeta atuh, ari keur di Bandung tara sempet neangan boneka jeung dina ayana oge atuh riba mamawana dina motor mah. Komo deui budak teh hayang boneka nu gede cenah. Dumeh harita basa di bawa ku bibina ka SM ninggali boneka badag bari alus, ceuk bibina ditingali teh hargana 250rb.
"Leuh mahal pisan, boro-boro hayang meuli...nu aya mah pangabutuh moal kacumponan mun eta boneka di beuli teh", ceuk bibina.
"Engke jeung bapa meulina ti Bandung", bibina ngolo puguh budak teh cenah merod wae hayang eta boneka. Ari geus disebutkeun rek meuli ti Bandung mah kakara atoheun jeung indit deui budak teh.
Paingan atuh basa balik ti Garut, budak teh meni galecok, nyaritekeun sagala titinggalian. Nya utamana mah hayang meuli boneka anu gede bari sae, cenah. Tapi bener, kuring can kaburu meuli eta kahayang budak, can kacumponan. Heeuh atuh, duitna timana harga boneka sakitu mahalna mah. Mending pake meli baju duit sakitu mah, bisa dipake sakulawarga.
Tapi alhamdulilah, kamari boga peresenan jeung menang duit kesra ti sakola anu tilu bulanan. Ah rek dipangmeulikeun we kahayang budak teh, tapi moal anu harga sakitu, anu 50rb we dina mahalna oge, bari mun bisa mah duaaneun atuh jeung keur adina harga sakitu teh. Bisi parebut, hayoh keh gurger deui.
Geus mah kabeh parimpen, belenyeng we indit ka pasar jeung budak duan. Puguh we budak teh, da apal rek dipangmeulikeun boneka, sajajalan meni terus we galecok ngobrol sagala papanggihanana.
"Pah....kamari mah puya ngiring rapat sareng mamah tea...ninggal bumi meni saeeee .....teh. Padahal mah nyieun bumina jiga kitu Pah..., Puya mah resep. Anu cet biru bumina teh, Papah.....hoyong apal?", "Dimana?" tanya kuring.
"Ke dipayun oge aya anu sae, ku Puya ditunjukkeun. Mun papah ngadamel kudu jiga kitunya....Sae!".
"Enya keun engke urang ngadambel...."
"Anu saenya Pah.......", pok budak.
"Enya anu sae. Puya hoyong anu kumaha kitu?"
"Anu sae. Jiga bumina Puji".
"Puji mana?"
"Puji...anu bumina di Loa ningan", ceuk budak.
"Terus kumaha hoyongna Puya bumi teh?"
"Enya mun bumina sae mah, disimpenan boneka teh bakal sae, jiga di bumi Puji ningan".
"Oh enya....kamamah atuh wartoskeun. Mun gaduh artos kempelkeun jiga Mang Udung. Apanan rek ngadambel bumi sae mang Udung mah".
"Enya, bumi puya mah kedah saeeeeeeeee ...pisan, nya pah".
"Enya sae pisan!"
Teu karasa, geus nepi deui ka pasar simpang. Puguh atuh poe jumaah mah di Simpang teh poe pasar. matak loba domba sagala. Tukang bako milu riweuh di pasar domba mah. Nya ngariung domba nya ngariung bako para bandar teh. Kituna deui anu rek ngajual domba, memeh ngajual teh milih heula bako, bari api-api tahan harga biasana mah. Meh domba hargana mahal jiga-jiga daek henteu entong rek ngajualna teh.
Tapi bae ah...kuring mah kapasar lain rek meuli domba. Rek meuli boneka keur budak. Jadi teu pati loba ninggalian anu lian, langsung we ngincid ka toko boneka, kabeneran tukang boneka di pasar Simpang mah deukeut toko emas, jadi panghareupna. Pulah pilih warna jeung boneka naon, geus budak cocok mah gancang we creng diduitan. Kabeneran hargana 20rb-an. Jadi bisa meuli dua jeung keur adina.
"Puy.., urang kabeh ditu yu...ningal tukang lengko. Urang meser", ceuk kuring ka budak. Nghaja nu dibeuli teh lengko, meh ti tukang lengko mah katinggali si Sardung lamun jualan deukeut tihang listrik tea sakumaha kabiasaan tempat manehna jualan.
Puguh tempat eta mah, nya deukeut ka pasar pakaian jeung barabadan, deukeut oge ka tukang pasar domba. Cocok eta tempat teh keur jualan cindung si sardung mah.
Gek teh diuk di tukang lengko, sanggeus pesen dua bari diasongkeun kunu ngaladanganana, teu pati lila lengko samangkok langsung ledis. Puguh atuh isuk-isuk ngadahar lengko, samara caina panas keneh...leuh karasa sengitna bawang jeung kerekesna kacang kadele....pedo. Pedo elom ceuk si Sardung mah.
Ngan eusi mangkok budak we nu can beak teh, padahal ukur alas satengahna, tapi keun bae lah, itung-itung bari ngawaskeun si Sardung we keur dagang cindung. Cindungna teh di amparkeun make tilam samak paragina dagang di pasar. Bener ku kituna tea mah, dagangna hade. Payu. Alus mawatna tah dagang cindung si Sardung mah, itu meni pada ngagonyok kitu ku ibu-ibu.
Leuh adat...paingan cindung geus dipake atuh, ari diriung ku ibu-ibu mah.
"10rb tilu-10rb tilu-10rb tilu...sok saha deui-saha deui..... 10rb tilu-10rb tilu-10rb tilu. .....Mangga ulah isin-isin-ulah isin-isin. .......Mang udung siap ngaladangan... siap milih .....siap mungkusan .......siap nampi artos kanggo modal meser deui cindung ti Bandung........., sapalihna kanggo meser beas.......... Mangga 10rb tilu-10rb tilu-10rb tilu........", euleuh itu meni panjang napas kitu si abdul.
"Santey euy.....ngomongna atuh....bisi paregat tah urat beuheung", ceuk hate. Bari terus we ngahuapan budak.
"Mangga saha deui...mang Udung siap mungkus...ladang anu ieu ah arek dipake sarapan jajan lengko", pokna teh meni teu kireum-kireum bari dibeja-beja. Atuh tukang lengko oge katinggali semu anu rada seuri ngadenge kitu teh.
"Boa-boa si sardung geus apaleun Kuring aya di tukang lengko ieu teh", ceuk gerentes hate. Ngahuapan budak rada badag dihuapanana. Karunya si Sardung, bisi hayang dibantuan, mangkaning enya meureun manehna can sarapan. Heueuh manehna sina sarapan heula, keun kuring ngaganti nungguan.
"Alah teu kudu......teu kudu mantuan. Pang mantuankeun mayarkeun ieu lengko we", pokna teh, meni teu apal datangna ujug-ujug geus aya gigireun si sardung teh.
"Siah .....ngareureuwas we hirup teh. Kuring meni asa coplok kieu jajantung. Dasaar... ablahu. Teu diditu teu didieu ngareureuwas teh".
"Matakna baheula teh bejaan ma paraji....barang didinya borojol teh...kudu di tenjrak kitu Uing. Da meunang atuh boga kahayang, sanajan karek lahir oge. Apanan didinya teh jelema", etah ngomong meni teu diwengku kitu.
"Barina oge, Kuring mah ku bidan lain ku paraji, manasina didinya ku paraji, ma Onih. apal kurin goge paraji didinya mah.
"Mang ladana mana...tambah lah sasendok deui mah...meh seger yeuh. Tos gogorowokan mah. Caina anu haneut mang", penta si sardung ka tukang lengko, bari teu ieuh ngadenge omongan kuring. lempeung we ngahuap lengko.
Set-set-set...meureun tilu huapeun mah, lengko samangkok meni gancang ledisna teh. Leguk kana cai sagelas, beak deui wae.
"Mana atuh rokona, tong dipepesakan wae, pamali. Boga rijki teh, disumputkeun wae mah", alah eta si sardung...ku asa ngeunah pok-pokan teh. Nya menta, nya ngagonggorekanan. Huh...dasar....
"Yeuh atuh....".
"Lebar euy....anu meuli yeuh rada pahibut tadi mah....mata teu kasiwer ngaladangan...komo sarapan heula mah", pokna bari nyeungeut roko. Leuh si sardung eta ngenyot roko meni teu kaluar kitu haseupna oge.....ih aing mah dasar geus nyandu...paingan awakna sakapeung sok bau belenok, da kitu we meureunnya ngarokona teh...
"Bayar kudidinya...uing rek ngaladangan deui, karunya tuh ibu-ibu nyampeurkeun dagangan uing", pokna bari ngincid. Ehm...si bedul...poho we tadi mah basa ngajak rek pangmeulikeun boneka keur anak Kuring. Boro-boro boneka, jajan lengko oge dipangmayarkeun ku kuring...Bedul siah.
*24042010

Carpon
TIBALIK IEU MAH
28. TIBALIK IEU MAH
Pasosore, ditengah imah teh keur nyalse we, tiluan, pun bapa, pamajikan jeung kuring. Citeh haneut jeung kulub sampeu, ngebul keneh. diantep sina tiis heula rek di dahar teh dicoelkeu kana kurud gula beureum. ngahaja di gelar puguh karesep pun bapa tateh. Puguh budak mah duanana keru parebut remot tipi. hayang acara itu acara ieu. gurger teh diantep we, bae ah da biasana.
"Cing geroan atuh Udung. Urang ajak ngariung. Da si eta mah sok boga ide anu beda jeung urang-urang. Sugan kapanggih pialuseuna kumaha....", ehm...naha bet siseblu kudu diajak ngariung. Piraanan nambahan rohangan ka hareup keur warung. Tapi keun bae ah da kahayang kolot rek digugu we. Bisi enya si Sardung boga pikiran anu hade. Ret kapamajikan, nandakeun nitah ngageroan ka si sardung.
Kudu siap-siap jeung si sardung mah. Cikopi. Untung, babaturan urang palembang kamari mawa kopi jeung mere sabungkus badag. Cenah bawana ti Aceh.... basa tas penelitian. Leuh .......mantap sugan. Ari kopi Aceh mah, moal bau jagong.
Titatadi diuk jeung ngariung sareng pun bapa, teu ieuh cikopi atuh komo meledug ngaroko. Puguh anjeuna mah teu resep cikopi sareng ngaroko. Jadi ukur cienteh pait we kalan-kalan di gulaan atawa susu kaleng. Dipasihan susu murni mah teu kersaeun, sebel.....saurna teh. Matak ngalengen.....pun bapa mah kana susu kaleng we. Rek anu coklat rek anu bodas, pokona mah susu kaleng.
Jung we nangtung tina korsi, rek nyokot kopi jeung termos. Emuuuk siah, disiapkeunana oge keur si Sardung mah. meh teu kalahka nyiuk deui-nyiuk deu kopi jeung gula. Hayoh we termos dipulang antingkeun jeung menta di pang nyodorkeun. geuleuh aing mah......mun menta pang nyodorkeun termos bari eta leungen meh antel kana beungeut. Iiihh...teu boga cedo pisan. nya menta nya nitah deuih....abong-abong si Sardung tukang cindung.
Pamajikan katinggali muka panto rek neang si Sardung, karek oge turun ti teras bari make sendal geus balik deui pamajikan teh.
"Naha aya naon uih deui", ceuk kuring ka pamajikan.
"Tuhh....", jawabna bari nunjukna teh ku biwir...bari ngalieukeun benget ka luar.
"Heuheuy...aya naon euy...neang Uing", pok si sardung ujug-ujug nyarita kitu. Bari langsung nyokot gelas jeung nyiukan kopi gula. cor cai tina termos.....kucak kocek kucak kocek, suruput. Si gehel meni jiga anu ngeunah. Kuring oge titdi anu nyiapkeun kopi gula jeung temros acan nyieun na ari si eta jol-jol langsung nyieun. Dasar si seblu. Gek manehna diuk payuneun pun bapa.
"Saha nu rek neang, bari na oge", ceuk kuring ngangles.
"Pamajikan mah rek kawarung meuli peuteuy. Hayang dahar nikmat Kuring mah", pok teh bari ngabibita si sardung. kituna soteh meh manehna we daek diajak ngobrol da aya harepan rek dibere dahar.
"Jeung cepat anu leutik we...meh garing", ceuk kuring ka pamajikan. katinggali pamajikan rungah ringeuh. Tapi puguh kahartieun meureun, gejlig deui we pamajikan teh kaluar.
"Teu kudu neang Uing, jam sakieu mah. Geus aya gerentes na hate. Didinya perlu ka Uing. Katambah-tambah ieu suku da merenyeng we hayang leumpang kadieu", pokna teu euleum-euleum.
"Enya bari hate hayang ngopi euweuh.....nu aya ukur napikiran. opi teh aya didieu. puguh we haget leupang tehnya", pok we kitu. Geuleuh tuda. Loba alesan pisan tuda, hayang ngopi mah ngopi we atuh da teu diulahkeun.
"Puguh...kadieu teh. Aya piobroleun", ceuk si sardung barang gek diuk na korsi.
"Piobroleun naon Dung", saur pun bapa.
"Muhun itu pa, pun bojo muhun nyi Rodiah........"
"Memangna aya ngaran lain jikan didinya teh.....?", heureuy jigana mah pun bapa teh. Salah si Sardung sorangan, ongkoh nyebutkeun pun bojo bari sebut ngaranana. heueuh kukituna mah apik. kudu apik ari ngobrol jeung kolot mah.
"hehehe...", ukur seuri si sardung ngadenge kitu teh.
"Ari geus kumaha kitu?"
"Nya muhun.....",
"Muhun naon Dung", saur pun bapa deui motong omongan si Udung.
"Keukeuh punbojo teh, hayang wae ngacak imah, cenah kalahka we ngungumpul batu, bata keusik kenteng ari diterapkeun henteu. Puguh da ereng sareng kai mah tos dikeukeum di balong mang ojon. Aya kana 6 kibikna tateh. janten mun tea mah rek ger kuriak teh kantun nyait tina balong", pok si sardung.
"Euleuh ningan, geus ngumpul kitu mah kari ger we atuh. Mikir naon deui?"
"Nyeta, semen da tos nitip artos di matril latif, paku tos aya di bumi, mung teu acan aya teh artos kanggo tukang basna......da eta saurna teh anu nengah biayana teh. Eueuhhh...abdi atuh timana biayana kanggo ayeuna mah.....", heuheuy deuh....asa getek ieu ceuli, si sardung nyebut abdi ari hareupeun apa mah.
"Teungenaheun euy ngomong teh", ceuk hate we da ari pok mah henteu.
Si Sardung rada mesem...bari ninggali ka kuring. Meureun rumasa rada beda ngagunakeun basa ari ngobrol jeung apa mah.
"tiasa ngekempel ngawujud janten barang teh, muhun ku koreh-koreh cok abdi mah. kengeng sabataeun meser, ka kesikeun mese. da ari batu mah abdi we ngunjalan ti wahangan ciparugpug".
"ih alus pagawean kitu teh".
"Muhun tiasa nitip artos kanggo semen oge, harita ngical domba dua. Lumayan tiasa dititipkeun di matrial".
"Jadi kari naoneun deui atuh ayeuna?", saur pun bapa.
"Muhun kanggo tukang bas pami tea mah maksakeun kahoyong nyi Rodiah, kapaksa we si jalu teh kudu ngencar. nya paling tabih we sareng bikangna 2 mah".
"Ih hade tah...boga sabaraha domba teh?".
"kantun lima deui ayeuna mah, nya pami si jalu kaluar mah jeung anu bikang dua", kantun anu mang ojon we...panginten. puguh eta mah nengah sareng mang ojon atuh. Tapi keun we ah da ayeuna keur keureuneuh. manawi we kajantenan deui. Muhun aya tungguaneun".
"Alus bener tah. Rek iraha atuh prakna kuriak teh?".
"Nyeta pun bojo teh...hoyong ngangge gambar anu aya dina komputer ieu yeuh", pokna teh bari nunjuk ka kuring.
"Ih eta mah keur gambar imah kuring atuh Dung. Ulah ah....", ceu kurin ggancang nyarita.
"Enya atuh wayahna we, pang gambarkeun deui. Didinya mah jigana rada bisa", pokna.
"Ukuran teh rek nyieun anu 35 elo we moal gede teuing. kahayng mah kamar tilu. make WC di jero imah ruang tengah dapur ayakeun. Sakitu. piraku teu bisa. Kade ptonganana anu jaman ayeuna. Tong jiga potonga sakola, ti baheula nepi kaayeuna angger wae kudu kitu. Teu ngeunaheun Uing mah".
"Na bet mamawa ka bagnuna sakola".
"Geuleuh tuda, iiihh....ti kuring keur leutik. nepi kaayeuna, bangunan sakola mah angger wae kitu. Cik atuh apanan anu ngeusianana teh, ilmuan wungkul. Jelema anu ngarti tapi ningan teu menyat wae, bangunan sakola teh angger we kitu. Paingan pendidikan teu maju wae, da buktina bangunan ge teu robah. Atung eneh atung eneh. kali-kali atuh sakola teh potongan imah spanyol", euleuh eta ngomong kamana wae.
"Standar bagnuna sakola atuh dung eta mah, kudu kitu'.
"Heueuh nyeta, matak hasilna anu diajar dina bangunan anu standar mah. pinterna teh ukur standar. euweuh menyatna. Sok tinggali ku didinya, bangunan sakola. rek satingkat atawa dua tingkat, angger bentukna teh kitu. Teu ngenaheun cek Uing mah".
"Ah teuing Dung ah. Didinya mah kamana wae ngomong teh. Rasa maneh rek nyieun imah gedong".
"Tah matakna. Imah Uing mah hayang bentukna hade. biayana leutik. anggeusna gancang. Mangga eta mah nyanggakeun. Kumaha bentuk imah anu hade keur uing. Yeuh bentuk imah teh bakal mangaruhan kana sikep jeung milikna papada jalma. apanan alloh oge moal ngarubah hiji kaum lamun kaumna eta sorangan teu ngarubah dirina. Uing hayang ubah sa eutik mah atuh...meh teu sarupeuk di imah teh".
"Hade niat teh Dung ".
"Aeh muhun. Manawi teh.....da eta atuh sok ngajak wae gurger ari ka abdi mah", ceuk si sardung bari nunjuk kakuring.
"Ah anu ieu yeuh Dung keur bestek imah didinya mah. Hade euy....bentuk imah na teh. Kuring harita ninggali imah di deukeut pasar bayongbong bentukna jiga kieu. sederhana tapi nyeni", ceuk kuring satutas nyokot conto gambar dina meja.
"tah bener anu ieu yeuh...cik injeum urang bejakeun ka nyi Rodiah. Jir....jigana manehna atoheun. bakal jigrah lah ninggali potongan kieu mah".
"Heueuh atuh top we tinggalikeun ka jikan didinya".
"Ke atuh urang bejakeun heula ka nyi Rodiah", kituna teh bari gancang cengkat indit mamawa gambar imah rek ditinggalikeun ka nyi Rodiah.
Sawatara si Udung balik, kuring sareng pun bapa jadi hulang huleng. Naha ieu teh apanan si Sardung dititah kadieu teh, rek badami kumaha alusna nyieun rohangan keur warung. Bet jadi mikiran imah si Sardung ieu teh. Tapi keun bae ketang sugan we rek nurut lieuh kana barang-barang anu manehna sugan aya sesana. heuheuy tuh ningan dibabrikeun rijkina...ari nurut ka kolot mah.
Nuhun sardung...sesa mah didinya ku kuring rek dipake nyieun rohangan keur warung pun bapa. Hade tah ide teh Dung. *23042010

PAH.....
27. PAH.....
Tah kecap eta. Nyebutkeunana teh...pas... dina hurup P logatna sok ditarikeun.
Pah......
heuheuy...dedengeeun...sakapeung mah sok diturutan kekecapan eta teh....Pah...
Mun teu ras Bandung teh jauh......ieu hate geus asa hayang sagok-gokeun we panggih, mangku...ngais..ngajodang...nyiuman, duanana. kumaha we budak leutik anu keur meujeuhna kumincir jeung bilatung dulang. Sagala beretek, sagala ngeunah. Matak pesenna oge meni loba. Teu kapikireun meureun...ku budak mah, kuring ti Bandung teh....balik usaha atawa naon. Anu penting teh jigana pesenan maranena katohonon.
Tapi keun bae...da rido atuh...keur saha deui usaha jeung naon wae anu dilakonan ayeuna...iwal keur maranehna. Anak pamajikan kuring.
Matakna.....geus mah dianggap beres pagawean jeung sagala tugas. Purat perot balik ti Ledeng teh. Enya oge karek sapeuting ditinggalkeun, meni asa geus sabulan we rarasaan teh. Da eta atuh kucapetangna, leuh....keur kuring mah matak kabiruyungan kusora budak teh. komo deui lamun ninggali tingkahna.
Paribasana pamajikan lamun ngasms iber ngeunaan budak, "ieu Puya hoyong ngobrol atawa ieu Imut hoyong ngobrol".
Jigana teh pamajikan kuring, bosen make ku kalimat eta....ganti jadi ..."ieu Puya naroskeun...Imut oge. Ceuk Imut mah, naha bet lami can uih wae. Ku weni teh dijawa nuju di jalan. Ceuk Imut teh, hayu atuh urang antosan di payun. Enya hayu, ceuk weni. Ari akang tos dimana ayeuna? ", Unggal sms ti pamajikan teh resep kuring mah. Sok lengkep sagala ngeunaan paripolah budak. Kabayang eta budak kumaha nyaritana jeung mamanjaanana.
Bari eta teh lamun geus ngasms kitu, teu kungsi lila kiringing hape disada. Teu aya kecap bubuka atawa kumaha we salam, ilaharna anu nelepon. Da ieu mah langsung pok torolong.
"Pah....," deuh meni gaya anak kuring nyebut papah. Untung euweuh si Udung. Si eta mah sok ngalelewaan mun anak kuring nyebut kitu teh.
"Papah-papah......leumpang.... papah mah", pok si sardung. Gerewek we ceurik budak teh, lamun geus dikitukeun ku si sardung. Dasar si ablahu, kabudak teh disasaruakeun jeung ngaheureuyan ka kolot.
"Puya ......sosis hiji, imut hiji. cokolatos puya hiji, imut hiji, susu kotak rasa stroberi puya hiji, imut hiji. Meser coklat puya hiji,imut hiji, nabati sip puya hiji, imut hiji, pray ciken meser tujuh ceuk mamah eta mah.
Puya mah, sosis hiji, imut hiji. cokolatos puya hiji, imut hiji, susu kotak rasa stroberi puya hiji, imut hiji. Meser coklat puya hiji,imut hiji, nabati sip puya hiji, imut hiji, pray ciken meser tujuh ceuk mamah eta mah.
Pah....didinya hujan teu? didieumah saur mamah hujan. Papahna nyarios atuh".
"Muhun pa ieu oge nuju nyarios, hoyong naon puya teh?"
Puya mah ..... sosis hiji, imut hiji. cokolatos puya hiji, imut hiji, susu kotak rasa stroberi puya hiji, imut hiji. Meser coklat puya hiji,imut hiji, nabati sip puya hiji, imut hiji, pray ciken meser tujuh ceuk mamah eta mah.
"Pah....naha bet lami wae can uih,...saur imut".
"Apana ieu keur dijalan. Bade uih".
"Imut mah...hideng....puya hideng. Puya mah ameng sareng Intan. Imut mah sareng mamah. Imut teh hoyong......eh ....Puya mah...sosis hiji, imut hiji. cokolatos pya hiji, imut hiji, susu kotak rasa stroberi puya hiji, imut hiji. Meser coklat puya hiji,imut hiji, nabati sip puya hiji, imut hiji, pray ciken meser tujuh ceuk mamah eta mah".
"Pah....tos heula nya....ieu di kamamahkeun".
Dedengeun. Anak kuring dedengeun pisan. Matak sok didedengekeun we lamun ank kuring keur capetng nyarita kitu.
Jenteuing ah...rek didengekeun rek henteu. Rek diengklokan rek henteu. Kuma karepna si sardung. rek bari ngitung cindung atawa nginum cikopi. rek nonggongan, ngajebewan atawa ngareret ukur kujur panon. Kuring rek tetep ngobrolkeun anak kuring. Anu celembeng, jeung haben wae lamun pesen dahareun teh.
Teu ieuh hayang ngahewag....keun bae da keur diajar nyarita. Komo anak kuring mah keur geulis teh....pinter deuih. celembeng. lucu hideng. bari mun kuring balik ti panyabaan, sok datang mukakeun panto bari ngajorowok tiluar...."Papaaaaah......" taaah .... sora eta anu pating koceak jeung pating jorowok ngageroan, ngabageakeun kuring. Duanana pating beretek. Pada-pada hayang dipangku.
Nyaan kacape...gawe jeung dijalan......musnah. Jag-jag deui, padahal mangku anak dua. Anu tadi riweuh pesen itu ieu. Geus jonghok mah ukur parebut anu hiji hayang di ais anu kadua hayang di jodang. Musanah kacape teh, sakitu bareurat oge anak kuring teh gasik di pangku jeung di jodang.
Padahal lumayan beurat. Teu beurat kumaha atuh.....anu cikal 17 kg, anu kadua 14 kg. heuheuy deudeuh....31kg. Anu rimbil dina aisan jeung dina punduk. Enya kalan-kalan mah....parebut anu hiji hayang di ais dina dada, ditangkeup. Anu hiji hayang di akod. Lanceukna anu hayang diais dina dada sok nyiwit lamun kagiliran diakod. Gerewek anu kadua ceurik di dicimit ku lanceukna. Sedengkeun sicikal....digengeureuhkeun ulah galak...gerewek deui ceurik. Leuh ieu ceuli meni pinuh ku anu sarono meureun.
Tapi papada kitu....enya oge cape, bari diturunkeun tina taktak atawa tonggong jeung aisan, bari parebut lahunan.....keur pangbebenyo kacape jeung beurt. Pesenan manehna gancang dibikeun masing-masing sarupa-sarupa. Puguh lamun ukur ditambrukeun mah....sok parebut jeung ceurik bagian kadua sok kajadian. Reret panon panitah kapamajikan geus surti...nyokot eusi keresek...ngabagi rata hiji ewang.
Geus boga mah sakeresek ewang.....enya oge ukur dicekel bari meni jiga anu atoh, leuh.....ieu hate. bungangan atoh kacida. Asa kapake.....naon rupa barang anu tadi dipesen bari diinget-inget. Naon anu kadaharan anu kudu dibeuli. Dibageakeun....bari brak masing-masing keresek dibuka...terus cacamuilan didahar bari nyaritakeun sagala pangalmanana ulina.
Heuheuy....kuring bet heueuh......asa ku resep. Suka sedih. Ningan kieu jadi bapa teh. Asa kapake jadi bapa teh lamun barang beuli terus di aropi jiga anu katarima...leuh dunya teh ningan anu kulawarga urang wungkul.
"Paaah......hoyong?", biasana anu leutik anu sok nawaran bari langsung ngawewel-wewel kana baham kuring. Teu meunang henteu, eta kadaharan, kudu we digegel saeutik wae mah.
leuhhhhh..... anak kuring. Sing bagja temenan hidep tehnya......
*22042010

KAMEREKAAN
26. KAMEREKAAN
Kapaksa peuting ieu mah, kuring kudu ngaronda. Padahal mun ningali jadawal ronda mal lain giliran kuring. Tapi duka kumaha ieu hate asa ku teungarareunah. Ah dari pada ngalamun diimah sorangan bari hese sare mending miluan ngaronda jeung babaturan bari ngobrol itung-itung ngabangbrangkeun katugenah hate.
Jlig we ti imah turun bari teu poho senter jeung pangkarang anu dijieun tina ruyung kawung. Teu panjang ukur satengah meter. Ngan geus dialus-alus dibunerkeun bari rada gede kahareup. Malah mah dihampelas bari disirlak deuih. Tamba maturan kakeueung we mawa pakarang teh, da ari aya mah bangsat tacan tangtu digunakeun.
Teuing mun tea mah aya bangsat, ku tewasa. Atawa kuringna we anu teu wani lamun pa amprok mah. Dina emprona lamun tea mah aya maling…mending lumpat we bari ngagorowok. Mawa pakarang the Ieumah ukur maturan kakeueung. Dibawa soteh.
Dua lengkah tina tepas, tihang listrik langsung ditakolan 11 kali. Kadenge tibeh kulon aya anu nembalan ku sora nakol loceng pos ronda
“aeh ninggan geus aya batur. Si sardung nyaring keneh kitu? Ah dina geus sarena oge rek digudrag we….. ah.
“Aeh tuh ningan panjang umur, boro ku kuring rek digudrag, Dung”.
“Aya naon kitu?”
“Kuring, asa hayang ngadurukan bari meuleun sampe atawa jagong”, pok teh rada ngilungan karuwet hate. Ah ketang teuing karuwet teuing naon. Da puguh pipikiran teh asa teu pararuguh peuting ieu mah. Teuing aya kila-kila naon. Tapi muga-muga we pialuseun.
“enya bener, puguh asa bakal ngeunah yeuh lamun meuleum sampeu. Tadi beurang ninggali tangkal sampe anu mang Ojon meuni baradag. Kabeneran manehna peuting ieu ngaronda. Geus gogoleran oge cengkat deui. Eta ku muruhmuyna sampe mang Ojon mah, bari koneng atuh”, pok si Udung ngengklokan.
“Hayu atuh, Dung. Urang bebeja heula atuh ka mang Ojon”.
“Alah can tangtu mere bebeja mah. Keun bae ngalana we anu sisi gawir. Dirabut bari lumpat oge bakal beunang. Keu urang bawa ka pos ronda. Geus dial amah, rek nyangka rek hentu jeun teuing lah. Da manehna ge bakal ngahakan atuuh”.
Eehhm….. eta kalakuan cacakan …. Ah ketang da ieu mah ngaronda barina oge lain keur jumaahan. Dasar atuh anu gede wejus … sipolos tomo.
Kincid we si sardung indit ka kebon mang Ojon, kuring oge nuturkeun. Karunya bisi heseeun ngarabutna. Geus mah dekeut kana gawir, teu sirikna ngajleng bari ngarawel atuh si sardung, ngarabut sampena teh. Bener garede, nya lumayan lah sagarede pigeulang leungeun. Bari aya kana opat siki sanajan ukur satangkal.
“Cukuplah, hayu. Bisi ambek mang Ojon loba-loba teuing mah”, cekeng teh.
Kela urang potongan heula tangkalna”, pok si Udung, bari semu culang cileung. Abong teu biasa ngala sampeu batur.
“Bebeja Dung euylah, sieun Kuring mah. Hayoh disakompet daunkeun jeung batur”.
“Enya atuh, meni miit pisan didinya mah. Keun we atuh apanan engke oge bakal dibawa kahareupeunana”.
“Hayu, gancang”.
“Na ari didinya, meni ngababarikeun. Caangan atuh ieu poek. Kalahka we mawa batre”.
“Aeh heueuh. Uing mah gemper euy. Tara biasa”.
“Na ari didinya, memangna Uing biasa maling. Barina oge ieu mah ngala tiheula. Bebeja engke bari nyampeurkeun. Apanan rek dibeuleumna oge dina durukan hareupeun pos ronda”.
“Alah didinya mah”, ceuk kuring bari teu sirikna, digusur si Udung. Diburu-buru ku kuring. Nyaan ngadeg-deg ieu hate. Cacakan ukur ninggali ngarabut. Leuh….asa dosa.
“Tobatna kumaha dung euy?”
“Alah, naha didinya… meni kudu tobat sagala. Apanan ayeuna oge panggih atuh jeung mang Ojon. Keun kuma uing masalah eta mah. Tenanglah”, ceuk si Udung.
“Ieu atuh lesotkeun…samping”, pokna deui, anu teu karasa terus ku kuring digugunyeung sampingna.
“Hehehe….poho Dung euy. Hampura”.
“Uing eungap gehel siah”.
“Heueuh apanan Kuring geus menta dihampura, didinya mah…. Ayeuna giliran didinya menta dihamppura ka mang Ojon”.
“Teuhnya didinya mah, pake kasempetan, ari mumul ngomong teh”.
“Aing….. didinya. Eeta ngomong ka Kuring meni nyebut mumul”.
“Naha didinya hayang dihargaan?”, ceuk si Udung siga anukeuheul dumeh dikenyang sampingna anu meulit kana beuheungna tadi.
“ Moalnya hayang diharagaan maling sampeu?”
“Sardung siah. Didinya anu maling mah. Kuring mah ukur nganteur”.
“Sarua anu nganteur jeung anu maling ge. Dosa tateh”.
“Naha bet dilakukeun?”
“Apana ku kabita muruhmuyna sampe atuh”, bet ku teu ngarasa dosa ari si sardung ngalakukeun kitupatut teh. Iihhh….aing mah era. Teu karasa lempang teh geus hareupeun pos ronda, bari celengkeung mang Ojon nyarita. Hate kuring kacida pisan gnagebegna, boa-boa bakal ngambek mang Ojon teh. Duh gustiiii…..tulungan abdi. Da si Sardun ganu kitu tea mah, make maling sampe sagala.
“Syukur euy. Geus ngala sampe. Boro tadi mah rek nitah kadidinya teh”, ceuk mang Ojon. Euleu ieu hate meni ngemplong.
“Nya ceuk Uing oge. Geus aya ilapatna atuh ka jelema soleh mah. Matak Uing wani ngala oge”, ceuk si sardung jiga anu heueuh wae meunang ilapat.
“Teuing ah siah, kumadinya we”.
“Dieu Dung urang beuleum. Ku emang”.
“Yeuh mang can dikerik. Da bieu atuh kaburu digunyeng samping. Meni eungap gera”.
“Wayahna we atuh Dung. Da dosa sorangan tateh. Bongan teu bebeja”, ceuk kuring.
“Alaaah….etah.nahaaa…. didinya. Ku teung ngadaenge. Sakitu mang Ojon tarik kitu nyarios, nya mang?. Dung ngala sampeu kaditu. Tapi kusabab geus kajudi ti imah keneh bakal kitu, Uing hihidenganan. Karunya we atuh Uing mah ka Mang Ojon. Jeung dueih cape atuh Uing lamun ke balik deui ngala sampeu”.
“Enya bener Dung. Anggur emang nuhun geus dipangalakeun. Anu sisi gawirna nya?”
“Tuh nya bener. Uing mah tepat atuh kana ilapat mah. Leres pisan tetah mang. Anu caket gawir”, ceuk si sardung bari meni jiga anu enya we meunang ilapat.
“Yeuh jang Dung geus asak, sok kdianya raosan”, ceuk mang Ojon, nawaran ka si sardungjeungka Kuring. Heueuh bet ku teukarasa ari bari ngobrol mah. Sampeu asa karek bieu di ala ayeuna geus bisa didahar deui.
“Tuh…Dung. Emang mawa gula beureum. Di pos ronda sisi katuhu, cokot”.
“Tuh bener. Yakin ieu mah. Ilapat Uing anu bener. Hayang ngala sampeu sabab aya anu nitah. Bari si Emang geus nyiapkeun gula beureum. Hade mang”, ceuk si sardung meni gasik nangtung nyokot gula beureum dijero pos ronda”.
“Gula kidul ningan mang”, ceuk kuring.
“Nyeta pun anak. Nembe tadi nganjang ka Bibina di Bungbulang. Mekel dua bonnjor. Dibawa we ku emang tilu gandu”, ceuk mang Ojon.
Memeh ngahuap, kuring mah ninggali heula si sardung, ku jiga meni ngeunah cacamuilan ngadahar sampeu jeung gula beureum. Sebel Aing, meni cacaleuhakan kitu, si sardung”.
“Hok hok ahuh, henah henggeng hanas heneh”, cek si sardung bari mamemong kana sampeu jeung gula anu.
“Alah ngomong teh, eta tong mamemong teuing. Rasa maneh gratis, moal ieuh aya anu nyoro”, pok teh.
“Heunah heung”, pokna deui bari terus we mamemom. Itu gera meni geus kop deui kop deui, sakitu geus beak tilu parpat gelempeng.
“Sardung….na dahar teh jiga kasurupan didinyamah”, ceu kuring.
“Sok-sok eta dahar, na leungeun”, pokna kalah malikeun.
“teu kudu dititah uing mah da geus puguh. Ari didinya ihh…tobat dung euy”.
Teukarasa waktu meni nyerelek pisan. Asa can ngurilingan lembur, tapi ieu geus kadenge waktu janari leutik. Anu ngahudangkeun geus mimiti kadenge tikajauhan. Si sardung anu tadi cacaleuhakan katinggali ngahuleng hareupeun pos ronda bari diuk dina tempat panyarandean.
“Tuh geus kadenge anu ngahudangkeun”,
“Ah…keun we ku mang Enjo… da lain bagian Uing ieuh ayeuna mah, jadi imamna oge”.
“heuh saha anu daekeun jadi ma’mumna atuh, puguh ajenganana oge maling sampeu”, ceu kuring bari nangtung ngabatekan anu carangekul. Puguh atuh teu sakerejep pisan peureum bari terus siduru bari ngobrol ngaler ngidul jeung mang Ojon.
Bari ngabatek leungeun kaluhur, beungeut tanggah ninggali kalangit. Angger… masih keneh poek. Tong boro bentang, bulan oge teu daek datang. Janari leutik keur kuring asa angger jiga tadi tengah peuting. Masih poek mongkleng buta rata, sirikna teu kaciri ngupetkeun curuk-curuk acan. Gancang datang panon poe, caangan hate kuring anu keur teu puguh rarasaan.
Ah, mudah-mudahan poe ayeuna hate kuring sing sacaang saperti panon poe anu bakal moncorong.
Amin.
“Hayu balik, kalahka ngalamun bari nguliat didinya mah”.
“Kunaon Dung, nyekelan beuteung? Kamerekaannya? Matakna mun dahar teh tong jiga anu bakal kabeakeun batur atuh. Tapi top we rasakeun kusorangan, tong mamawa ka Kuring. Ieu mah, iihhh…meni mamemom rasa maneh geratis didinya mah”.
“Alah gancang hayu…teu kuat yeuh engap. Hayang ka cai deuih”.
“Jig-jig we sorangan bis kaborosotan. Moal enya kacai kukuring dianteur. Asa nateh meni kungenah”.
“Na ari didinya. Apanan ngala sampeuna oge duaan atuh”, ceuk si sardung.
Eleh…. deet. Leumpang ngagancangan nuturkeun si Udung anu teu sirikna rek bari lumpat bari leumpang ngageang jiga aya anu ngahalangan dina palebah bujurna.
“Tah siah rasakeun anu rasa mokaha teh. Matakna atuh…..

SAAMPAR
25. SAAMPAR
Teu hayang mantuan ngentepan cindungna. Bisi salah ngitung, hayoh kerok keh. Diantep we sorangan. Itung-itung maturan mah dibarengan we diuk deukeuteunana. Ehmmmm....dasar si sardung, ngitungna teh, eta cindung dijajar-jajar. Ku meni amalayah dina teras teh. Boro-coro hayang mantuan, lieur we nu ya. Kuring mah gek we diuk dina korsi biasa, gelas anu biasa roko oge anu biasa. Regot......cikopi panas. Nyot ......serebeng, nyot serebeng.......
Malah sakapeung mah ngahaja haseup roko teh ditiupkeun kana lempengan si Sardung. Batuk-batuk, top tah siah Sardung. Geuleuh tuda meni teu lemek teu nyarek, eta ngitung cindung meni husu kitu. Jiga anu embung ka ganggu. Nanaonan atuh mun urang mahnya, rek ngitung cindung mah diimahna we, meh jongjon. Lain ieu mah malah dina tepas imah kuring.
"Kabita Kuring mah ku eta tanah teh, Dung. Ceuk didinya kumaha?", jadi waleh kuring miheulaan ngomong ka si srdung. Tadina mah rek diantep we, barina oge kuring mah keur anteng mikiran tanah anu tukangeun imah. Cenah aya beja rek dijual.
"Hanjakal we, nu rek ngajualna, si eta mah sok ngabebereg wae menta duitna anu enggeus-enggeus oge. Paralun lain ngaleungitkeun rejeki ti Alloh. Teu boga ari kudu sakitu mah", ceuk kuring deui sanajan teuing didengekeun, teuing henteu omongan teh ku si sardung anu eukeur ngodian cindung.
Jeun teuing lah. Pokona mah Kuring rek ngomong. Ieu na uteuk geus numpuk yeuh pi omongeun.
"Sebel tuda, rasa maneh ka kuring geus wawuh, nawarkeun tanah meni ngaesemes sagala. Bari didinya apal teu esmesna?, ieu gera ku kuring dibaca bisi pajarkeun kuring akon-akon. 'naha leres peryogi, tanah anu abdi teh, bilih leres mah mangga we seriuskeun ku salira. Harga mah wios sapertos anu tipayun. Kaleresan anu sanes aya dua jalmi anu sami peryogieun tanah eta, janten sareng salira teh aya tilu jalmi. Upami tea mah sapuk, wios we ayeuna mah uang mukana heula we satengahna. Etang-etang pangjadi'. Tah kitu esemesna teh", ceuk kuring ka si sardung, tapi teuing si sardung ngadengekeun henteu. Da sikepna teh angger we ngitungan jeung mengkeutan cindung sakodi-sakodi bari dicaruk warna cindunga teh.
"Ah da kuring teh kasengenan atuh, dibales deui we ku sms. 'Muhun ibu abdi serius mayunan eta tanah. Tapi biih aya anu langkung ti payun mah mangga we, tenan aya duaan kitu. mangga we ka anu langkung ti payun artosna. Muhun tea mah abdi peryogi tapi da, ayeuna mah nuju riweuh emutan'. Eta gera manehna ngabales dui Dung Euy, jawabna teh 'muhun bilih we abdi dilepatkeun ku salira, eta tanah hayoh diical kanu sanes.Ari kieu mah atos wawartos abdi panginten moal teuing dilepatkeun'.
"Ah....aing mah, ku jawaban kitu teh dung, euy lain ngeunah tateh. tapi meni asa disungkun kuring mah", ceuk pamikir didinya kumha?, puguh ku kuring mah dijawab teh, 'magga ibu, sae kitu. wios mangga we kanu sanes. puguh abdi mah dalah dikumaha kanggo ayeuna mah'. Dikitu keun we ku kuring mah", pok teh. Si Udung angger we teu ieuh mere pendapat. Tapi kuring oge teu ieuh hayang eureun ngomong, terus we. jenteuing rek didengeukeun rek henteu. top tah kaliru-kaliru ngitung cindung. Kuring rek tetep ngobrol.
Geuleuh tuda taun kamari oge, alesan manehna nginjeum duit. Ari geus waktuna jangji manehna mayar, ngalah mikeun motor. Tamba henteu teuing eta motor ku kuring di cokot, na ari pek teh...gehel eta motor cicilan. lain atuh kuring terus unggal bulan nyicil motor ka deler. Kapok tah kuring mah harita jual beuli jeung manehna teh. Barimanehna menta deui tambah anu geus dicicil ku manehna. Leuh ....nagihna euy meni losbot ka imah. ledeg tah ku manehna ieu imah di pake tempat nagih ka kuring. maksa jeung loba alesan we atuh manehna teh.
Tah ayeuna oge, Kuring mah sieun. Enya oge manehna menta satengahna heula......lah...paling oge eta mah babasan keur manehna anu butuh. Geus waktuna mah pasti ledeg deui nagih. Embung kuring mah ah....barina oge. Tanah anu aya oge keur ayeuna mah butuh teu butuh...ditukang oge apanan aya keneh bangunaneun. Can kapalire. Boro-boro hayang nambahan. Pek we ah jual kabatur. keun we engke oge ari geus milikna keur kuring mah bakal kapimilik.
"Tilu kodi tah"
Naon didinya bet dianggap sepele......mentana oge diharegakeunana tilu puluh juta. Jadi mun satengahna teh 15juta. iiiihhhh.....aing, keur ayeuna mah duit sakitu,mending pake nganggeuskeun heula kuliah.
Katinggali si Udung rada ngareret, bari henteu ari ngomong mah. Jenteuing ah. Bae top we terus ngitung, kuring rek terus ngomong.
Da lamun dibeberes ah eta tanah teh.....leuh bakal ngeunah. boga buruan di tukang anu rada leuga. Enya atuh Dung, lumayan we enya oge rada nyungcung katukang, eta tanah teh 20 tumbak. Leuga atuh. Rek nyieun imah sagede kumaha keur dikampung mah...
"Opat kodi"
Ahhhh....didinya teu ngitung luas tanah atuh. Bisa opat imaheun atuh 20 tumbak mah. Eta teh mun masing-masing lima tumbak. da gede atuh dung....5 tumbak oge keur imah mah. Cigna leutik soteh can di imahan. Harita we basa Kuring nyieun imah, eta ukuran kamar basa keur nyieun keubeukan, jiga anu salengkaheun. padahal mah ukuran kamar teh 4 ka 3. Imah ieu teh....tanah 15 tumbak dibekaeun kabeh. nyesa anu katukang we 5 tumbak. keur dapur rencana mah. Matak lamun tea mah kabeuli kukuring tanah anu tukang. lumayan lega. ngan nyakitu,keur ayeuna mah baroraah.
Ret deui si Udung ka kuring, ukur ditinggali we ku juru panon. Kurinng api-api we teu ninggali. Puguh diuk teh teu di robah, angger we dina korsi bari rada tanggah ngararaseakeun cikopi jeung udud.
Sakali deui jenteuing, rek didengekeun rek henteu, rek ngarasa kaganggu rek henteu, kuring rek terus ngomong. Keur kuring mah ngomongkeun tanah tatangga anu rek dijual leuweih penting batan ngitung cindung jeung daftar anu nganjuk bulanan. tnah mah saampar atuh, ngeunah pisan lamun kukuring kabeuli. buruan bisa lega. Cindung mah, ukur digagandong ieuh. Diungkus. Dibuntel. ditawarkeun ka ibu-ibu. Sedengkeun tanah....bisa dipake nyieun imah aawa dipake tempat barudak ulin. Meureun imah oge moal cakueun teuing ari aya barudak anu arulin mah.
Kabayang tuh diditu teh barudak arucing-ucingan, maen sonlah, gatrik. Ngan omat pang nyaramkeun ulah maen gaplok. palalaur. Heueuh da gaplok mah atuh maen batu. Bae maen galah we atuh. da bakal lega keur sapuluh urang oge. Keun bae popoean mah da beurang, terus barudak arulin mah meureun ukur pasosore.
Komo lamun dibere sumanget....bere hadiah peremen we. Bakal resep euy. Enya ah engke mah erek dibere hadiah. Rek dibere limun ku kuring mah sabotol ewang, barudak apanan cape arulin, anu meunang dibere hadiah...cai. seger euy.
"Heup.....Uing kerok yeuh ngitung".
Ulah waka dieureunkeun...geus dibere hadiah. Manehna papatahan heula jeung bere nyaho samemeh bubar teh. Isukna hadiahna rek dibere hadiah buku jeung patlot. Malah mah euy mun daraekeun mah budak lalaki, apanan ayeuna mah usum men bal anu limaan-limaan.....tea. Naon tateh ngarana?
"bi haji......"
Siah gehel......bi haji mah harita oge mere ukur kaos. Caritana rek mere dua grup. Buktina mah ukur limaan teh, dulur-dulur manehna wungkul.
Ulah dibejaan deui ah.....cukup we ieu mah urang, bae atuh...cukup we keur men bal anu limaan-limaan mah, euh inget....futsal ngarana teh.
"Futsal.....futsal......fut sial......Ieu uing kerok yeuh ngitung", ceuk si Udung rada molotot.
"Euleuh keur ngitung didinya teh......geus atuh eureun heula. mending ngopi yeuh meh teu yakaliru ya katipu.
"Heueuh lah.....didinya mah ukur ngaganggu we. Padahal uing keur serius aya pesenan lima kodi", ceuk si sardung bari gek dina korsi ngargot cikopi anu kuring.
"Na...didinya, sangeunahna nginum teh....anu kuring eta mah".
"Eh....anu uing mana?"
"iraha nyieun didinya? tatadi oge ukur ngitung cindung didinya mah.....ganti ah anu kring. top tah eta beakeun.....embung ah....sieun asma didinya".
"Na asa nateh....jalama siga Uing mah moal aya panyakit kitu. Unggal poe oge olah raga atuh leumpang. Sehat. manasina jalmi anu calikpengkeureun meja sareng AC. Uing mah unggal poe oge papanggih jeung panon poe tuh", ceuk si Udung. Bari ngaleos ka jero imah rek nyokot cikopi.
"Heueuh kumadinya we ah....sardung".
*20042010

SING DIBABARIKEUN WE REJEKINA ANGGUR MAH
24. SING DIBABARIKEUN WE REJEKINA ANGGUR MAH
Diuk oge teu sirikna disakalikeun dina korsi tepas imah teh. Ret kana cikkopi gigireun, masih keneh satengahna, kituna deui roko ukur nyerebung we dina asbak bari teu ieuh hayang dicokot, dikenyot.
"Top we angin tiup haseupna. Bawa tah panyakit jeung kariweuh teh", ceuk pikir.
Meni teu euih-euih gogoda teh. Cik atuh, geus kolot mah istirahat. Tong loba mikir, santey we. Mun tea mah tamba kesel, apanan ayeuna oge eukeur. Enya oge ukur muka warung keur jajanan barudak. Tamba kesel, eta we keureuyeuh heula. Apanan eta oge keur dilakonan. Tong waka, hayang itu hayang ieu. Murugul. Santey we da kuring oge sarua keur mikir, milu mikir. Teu cicing uteuk mah, enya oge unggl poe teh ukur ngahareupan komputer. Apanan ieu teh gawe keur kuring mah. Ieu teh bekel keur hirup kahareup. Susuganan aya rejekina. Piduana we, doakeun sing papada lancar anggur mah.
Huhhh....
Ret ka buruan....paling oge ukur saeutik anu kapake teh, dinya tah palebah dinya, bangunan teh....keun we. Eta oge aya kana 3 meterna. Rek sakumaha atuh meni gede-gede teuing. tambah jeung anu enggeus 5 meter. Tuh sakitu gedena. Naha rek dagang naon ublug ablag teuing. Anggur mah, anu aya we lengkepan, sing pepek. Mun aya biaya oge daripada nambahan bangunan mah, mending dipake modal.
Huhhhh....
Muga-muga we ketang sing aya rejekina. Sing dibabarikeun. Da teu saeutik atuh pibiayaeunana oge. Da eta atuh si ibu Titi anu kitu teana mah. Sugan, datang teh rek mere kupat tahu wungkul. Bet kalah cicing diuk jeung ngobrol sagala. Enya puguh eta bibit buit masalahna mah. Ngobrol anu teu pira, bet jadi riweuh kana pipikiran.
Enya poe senen kamari, pasosore, datangna teh. Kukabeneran keur ngumpul, jadi omongan bu Titi teh, pada apal kabeh. Naha kitu kuring teh disangka loba duit, tinggal nyokot. Dumel hampir unggal minggu ka Bandung. Apanan eta mah lain usaha, kuring teh keur nyuprih elmu. Lain ku boga duit apanan eta oge, ku maksakeun. Hayang sakola nepi kajucungna. Sugan jeung sugan engke jaga aya miikna. Da meureun Alloh oge moal samata-mata mere kasempetanlamun teu jeung tempatna. Enya atuh meureun kuring teh kudu yakin kitu. Kudu gede awahan, kudu lebar ijasah. meh teu angger dihiji tempat. Sugan ari lebar mah ijasahna, gede keur palumpatan. Aahhh...mudah-mudahan we.
Kusabab imah sisi jalan jigana mah, enya oge ukur 15 tumbak, bari kabangunankabeh tanah anu aya teh, bari imah oge teu puguh matut bentukna. Loba rohangan anu teu mantes jadi teu ngabentuk. Meureun ceuk anu ninggli mah ruangan itu dipake, ruangan ieu teu dicicingan. Jigana kitu, matak loba anu harayang oge. Hayang nyewa, hayang meuli, hayang nukeuran jeung tempat anu aya, aaahhhh...puguh jadi bingung keur kuring mah. Kudu kumaha anu diputuskeun.
Nyeta bu Titi teh, boga warung anu antel pisan jeung imah kuring, pedah warungna teh bentukna nyungcung katukang. tapi kusabab disisi jadi katinggali nenggangna. Katambah-tamabah dialus-alus, puguh we meni mantes. Negla kateinggalina teh. katambah-tamabh pepek daganganana. Enya meureun kolot teh resep lamun nungguan dagangan anu pepek kitu mah. Teu era meureun.
"Ah kieu we bu.....", lah-lahan kuring nyarita.
"Ari digentosan mah moal. Margi ngagokan, tapi kumaha saupami dituker we sareng mobil. Enya oge mobil kolot apanan jag-jag. Komo deui mobil teh apanan irit ieu mah, ka Garut cukup sapuluh rebueun bari bulak balik tateh", ceuk kuring. Susuganan manehna daekeun.
"Nyeta, pami ditukeurkeun sareng mobil mah, tos bosenen si bapa teh, ngangge mobilna", pookna.
"Muhun atuh kumaha, ari digentosan tempat mah, sanes ngowelkeun abdi teh. Mun panginten, mangga we emutan, kendel ngahalanganana kana bentuk bumi sareng buruan. Tenan apanan teu aya deui buruan bumi abdi mah", ceuk kuring.
"Kumaha lamun ceuk apa mah, keun we tukerkeun lah, da meureun puguh itunganana", saur pun bapa ngengklokan.
"Sanes maksad, abdi baha kasepuh, tapi abdi aya emutan, asa langkung sae pami henteu. Margi kieu pa.....".
"Aeh...kumaha atuh jantenna...", Bu Titi motong carita kuring jeung pun bapa.
"Wios abdi mah, pami cios di gantosan mangga we sareng eusi-eusina. Moal ieuh di etang bari abdi sanggeum nambihan deui artos. Eta oge pami sapuk".
"Ah kieu we bu....", saur pun bapa.
"Ieu cariosan, acan putus. Pasihan waktos kanggo pun anak sareng abdi badami".
"Muhun atuh mangga lajeungkeun badantenna. Abdi bade uih heula, karunya si bapa, ngantosan", saur bu Titi.
"Muhun ke wartosna we di antos", saur pun bapa.
Puguh pun bapa teh meni haget, hoyong ngagantoskeun, warung ibu titi sareng ruangan belah kenca anu ayeuna sok diangge garasi. Tapi kuring tetep dina hiji pamadegan, moal rek di tukeran eta ruangan ku warung anu ibu titi. Sanajan eta warung pepek bari jeung alus bangunana.
"Ari ceuk apa mah....", saur pun bapa. Muka carita saatos bu Titi mulih. Anu intina mah tetep keukeuh hoyong pisan nukerkeun warung jeung ruangan anu aya diimah kuring. Tapi kuring tetep teu pati panuju. Teu hayang ruangan imah dituker-tuker.
"Ayeuna mah kieu pa, hayu gera urang pilari, kaluar", ceuk kuring bari teu nunggu pun bapa ngawaler. "Tah, palih dieu....pa. Abdi atos ngemut, abdi teu cicingeun. Teras ngemutan kumaha pisaeunana. Mung teu pati tebih teuing ngemut teh, da puguh teu acan aya piartoseunana. Keun we engke saupami aya artos, bade mimiti dikawitan. Tah dugi kadieu", ceuk kuring bari nunjukeun tempat anu bakal dilebaran jadi ruangan keur warung.
"Muhun eta oge, saupmi tea mah ayeuna gaduh artos sajuta, puguh moal picekapeun atuh. Moal kaditu kadieu. Janten mending sabar we heula ayeuna mah. Urang antosan mamanawian ke aya tambihna. Malih saena mah bangunan teh rada dijangkungan, ngarah teu ieuh sami teuing sareng jalan. diluhurkeun 50cm mah", cek kuring panjang lebar nyarios ka pun bapa.
"Enya atuh alus we geus boga pamikiran kitu mah, bisi we tadina mah cicingeun teu mikir-mikir acan", saur pun bapa.
"Tong hayang langsung jadi. Kukumpul we heula ayeuna lamu boga rejeki teh. Naha meuli keusik heula atuh, atawa meuli bata. Meungpeung keur murah. Da lamun disakalikeun mah, bakal eungap. Ngan eta ku lebar we Apa mah, warung anu bu titi. Bari jeung moal di itung deui naon eusina, rek ditukeurkeun kana ruangan anu eta. Lebar Apa mah", saur pun Bapa, meni kacida pisan hoyongeunana. Tapi sakali deui kuring lain owel jeung baha kana kahoyong pun Bapa. Moal payus, ruangan anu puguh eta teh, imah. Ditukeurkeun kana warung jeung jadi milik batur. Teu. teu aya niat saeutik-eutik acan kana pamikiran kitu.
"Pasihkeun we atuh kang, meh apa teu seueur emutan, ningan apa mah kacida pisan hoyongna eta warung", ceuk pamajikan basa kuring karek beres metakeun tempat jeung pun Bapa.
"Na ari didinya, kalah nambahan karieut, yeuh ingetkeun, eta ruangan teh enya oge can dipake bener. Sok pikirkeun, naha pantes teu, ieu ruangan ditukeurkeun jeung batur. Naha moal karagok engke. Bari sok atuh tinggali, eta kamar urang, anu ieu ruangan kosong. Leuh....ulah. Teu panuju".
"Eh, abdi mah karunya we ka Apa", ceuk pamajikan deui
"Heup....hampura. Kaputusanana. Moal".
"Enya atuh kumaha akang we ari kitu mah", ceuk pamajikan bari katinggali ngajengkat bari carinakdak. Puguh ku kuring rada disentak. Lempeuh yuni pamajikan teh, teu kaop sora rada di tarikeun komo deui bari rada molotot, sok langsung gering. Nyeri sirah, lieur. Malah mah ayeuna oge keur ngajoprak we dikamar, cenah lieur.
Basa mingu kamari mah, cek dokter Melina, tekanan darah pamajikan teh, 140 per 110. Cek pipikiran teh naha teu salah kitu? Moal enya pamajikan kuring darah tinggi, apanan mun ninggali umur mah pamajikan teh ngora keneh. Asa can pantes keur boga panyakit kitu.
Haaahhhh......
Jadi teu pararuguh, pamajikan keur nyeuri sirah.....nepi kaayeuna ngajoprak dikamar, pun Bapa keukeuh hoyong nukeurkeun warung jeung ruangan imah, eta budak anu cikal deuih, teu puguh-puguh kalahka ongkek.......leuh....kudu kumaha atuh ieu teh.
"Hey......"
"keur naon yeuh...didinya meni anteng kitu ngalamun teh....", ceuk si Udung ngagareuwahkeun.
"Tong ngalamun wae, apanan geus ngalaman lin", pokna deui.
"Teuing atuh...teuing naon anu kukuring dilamunan oge da asa teu ngalamun ieu mah. Tunduh puguh oge", ceuk kuring rada ngabohong.
Nyumputkeun semu anu puguh hate mah keur bararingung. Tapi dipikir deui, enya puguh ngarana oge kolot, geus waktuna meureun kuring asak hampura. Kudu loba tinimbangan. Puguh eta teh kolot kuring anu kudu dipihormat. Dideudeul sagala kahoyongna. Tapi hapunten ieu teh sanes baha. Pamugi Apa ngahapunten ka abdi kana samudaya kalepatan. Keun atuh piduana we, pamugi abdi aya rejekina. Keun engke warung anu Apa urang saean. Sing pepek eusina. Singlangkung sapertos anu Ibu Titi ayeuna. Amin......
Kituna deui, ka pun bojo hampura akang, lain rek niat nyentak komo deui ngewa, bari ngageringan kanu jadi pamajikan, tapi....ieu mah, kudu asak-asak nya ngejo bisi tutung tamagana, kudu asak-asak nempo bisi kaduhung ahirna. Hampura akang, sing gera cageur anggur mah ayeuna.
Neng geulis cikal, mustikaning ati. Sing sehat bageur, jung kadituh ameng deui ayeuna mah. Kudu jagjag budak mah. Emam sing gede anggur mah, meh tereh ageung. Sing gede milik parek rejeki ramhat salamet.
Amin.
*19042010

SALINGKUH
3. SALINGKUH
Tayoh kapatutna, paingan unggal poe saptu isuk-isuk sok euweuh. Singhoreng kitu we meureun, sare balas peutingna ngider. Jeung deuih ukur ngadoreksakeun batur si eta mah. Ngondang suudzon jeung pidosaeun kabatur. Nyeta tong boro-boro batur, sadeukeut-deukeutna oge kuring jeung si Udung, dalah pamajikanana sorangan oge nepi ka teu apal kalakuanana, kamana manehna unggal malem saptu. Dasar si hideung atuh. Na maneh teh sardung, aya ku nyiar-nyiar wae cecega teh.
"Mun enya tea mah boga niat kitu, wajar jeung pantes lamun bebeja heula. Jauh-jauh ning ka kuring, cing atuh kapamajikan mah bebeja. Da meureun ari keur kahadean mah, pamajikan oge bakal ngijinan. Kade ulah sumput salindung, pibahayaeun tateh. Awal ahir oge bakal kapanggih. Sa rikip-rikipna oge nyimpen tarasi angger bakal ka ambeu", ceu kuring ka si Udung. Tapi kituna tea mah, ku euweuh riuk-riuk salah si eta mah. Lempeng..... we, bari nyuruput cikopi. Ngadayagdag dina korsi bari suku dilepkeun sabeulah.
"Eta mah wajar, sabab can nyaho', pokna bari teu ieuh nyanghareupkeun beungeut, empeng we kana koran anu keur dibacana.
"Ningan buktina, ari geus nyaho mah, ngaridoan. Pamajikan Uing tea atuh, istri calon surga. Nyi Rodiah permaisuriku", pokna teh. Eeeyyyy......si eta. Ku kandel kulit beungeut.
"Gandeng siah....bisi didudut tah kumis jocong teh. Kuring meni reuwas tuda, ningali pamajikan didinya meni rawah riwih datang kadieu. Naa... meureunnya didiya mah senang-senang we diditu jeung satpam. Lain eta geus kumaha wae jeung mang Holil".
"Leuh .... naha didinya. Nyangka teh kawas uing Homo wae. Mun deuk niat kitu mah kanu geulis we sakalian atuh", pokna teh.
"Wajar we atuh didinya, nganter pamajikan Uing.......kuduna oge atoh. Apanan pamajikan Uing teh, calon surga. Kudu Atoh didinya teh".
"Na ari didinya, yeuh keur anu teu nyaho mah, ngider ti peuting jeung pamajikan batur. Leuh kumaha kasebutna. Goreng tateh. Ari salakina ngenah galeuh kitu".
"Saha anu ngenah galeuh. Apanan Uing mah keur tolab elmu ku cara minang saraya ka satapam".
"Ah kumadinya we....da ayeuna mah geus kajadian. Eta mah tanggung jawab didinya we. Top we uruskeun jeung pamajikan didinya. Tong dibabawa kuring mah".
"Sudah beres atuh juragan....harita keneh oge. Matak Uing nyebut Nyi Rodiah teh istri calon surga, begituh ganti....".
*
Isuk keneh, geus sisiap kopi jeung roko di korsi tepas. Pikiran teh karunya we si Udung bisi datang jeung deuih meh tinggal kari kop teu kudu kajero. Gorengan tempe anu ditipungan jeung leupeut geus siap. Ngan heueuh tunduh masih keneh eunteup dina kongkolak mata. Sakitu geus ngaregot cikopi.
Diuk oge ngadayagdag bari panon rada dipeureum-peureum....enya hate teh rada tenang sanajan pipikiran mah angger we rada ngalayang kana kalakuan si Sardung anu teu euih-euih nyieun cecega. Kituna deui ah...kumadinya. Kuma amal-amalan manehna we. Kuring rek tetep santey.
Puguh enya atuh, keur kuring mah, poe minggu teh, jadi kasempetan istirahat. Kituna deui malem mingguna, dipake sare anu rada panjang. Tos solat isya, lep.... we sare. Teu ieuh kudu mikiran keur poe isuk naon anu kudu disiapkeun. Teu. Malem minggu mah santey.
Karep kuma dinya, malem minggu mah ku kuring rek diantep naon wae oge. Moal dipalire. Rek demo, rek silih tembak, rek silih teunggeul. Karep we lah kuma dinya, suka-suka. Top curak-curak. Kuring moal unggut kalinduan kituna deui gedag kaanginan. Kuring rek sare. Komo deui ieu mah ukur dina tipi ieuh. Keur kuring, malem minggu tetep malem panjaaaaang.....
Kituna deui bisi bumi rek niat dengdek, rek ngabeledug, rek ancur, rek jiga lumpur sidoarjo, kuma dinya. Kuma dinya. Asal dina film wungkul we, ulah waka kanyataan mah. Tong daek ngaganggu komo deui malem minggu. Ulah. giliran kuring istirahat eta mah.
Cenah eta bakal datang poe kiamat, angger Kuring mah tetep dina hiji pamadegan. Malem minggu mah kuring bakal tetep santey jeung sare anu tibra. Apanan kiamat mah poe jumaah ieuh.
"Yeuh...kiamat teh aya sugra aya kubra....jadi angger didinya moal bisa tenang kitu wae. Mana sina kuring. Pira anan dagang cindung, tanggung jawab kuring meureun eta wungkul", ceuk si sardung, meni asa nongtoreng dina ceuli.
Malah mah panon peupeureuman teh rada benta. Aeh ningan euweuh. Naha didinya teh masih keneh hirup geus marakayangan, sardung.
"Leuh ningan dedengean sugan?", ceuk pananya hate.
Enya puguh kamari, tisaprak basa kapanggih ku pamajikanana, si sardung teh rada lungguh. Teuing geus diseukseukan, teuing meureun tunduh sapeuting jemput maca buku. Basa harita malem saptu teh, si Sardung katinggali rada ngarenjag. Kapocohongk ku kuring jeung pamajikanana.
Nyeta atuh manehna keur santey we ngobrol jeung satpam. Tapi jigana teh santey teu santey da puguh hareupeun meja, basa harita kuring manggihan teh gasik, satpam nyampeurkeun. Rada we budal naon-naon anu dipilampah ku si Sardung.
Heueuh da enya atuh ku kitu teana mah. Pamajikan mana anu daek ditinggalkeun sanajan ukur sapeuting. Komo deui ieu pantar nyi Rodiah, enya oge manehna hideng, tara ieuh saban geureuh ka si Sardung anu jadi salakina, tapi ari kitu-kitu teuing mah enya wajar we rawah riwih ka imah kuring teh.
Bari cenah ieu mah geus aya kana satauna. Leuh nahaa....Dung meni kacida didinya mah.
"Ngadoreksakeun didinya teh, Dung euy. Sebel pisan Kuring mah. Cik atuh ulah disasaruakeun hirup keur lelengohan jeung ayeuna geus boga pamajikan", ceuk Kuring.
Lamunan teh asa ngajeroan ari ku cape mah, awak diantep ngadayagdag bari peupeureuman. Roko oge teu sirikna murag tina ramo teh. Cikopi karek saregot dua regot oge diantep tiis. Da puguh lelembutan teuing kamana jeung keur dimana. Nga anu jelas mah teu lesot jeung ngaran si hideung anu kacida pisan nyieun wae pucuk tigirang.
"Ngadoreksakeun maneh mah dung Euy", ceuk pikir.
"Tuh tinggali pamajikan didinya, bari ceurik datang kaimah", lelembutan jiga keur memeres carita datangna nyi Rodiah ka imah.
"Heueuh alusna mah alus, eta paniatan teh, sunah nabi. Malah mah, keur anu mampu mah sok nepi kahiji dua tilu opat oge. Ngan cing atuh nalipak maneh. Tinggali anak pamajikan......", enya omongan kitu teh, kedal tina lisan kuring basa ninggali nyi Rodiah bari semu ramohpoy datang ka imah.
"Nya kumaha nyai eta teh caritana?", ceuk kuring ka nyi rodiah anu bari diuk aneprok dina samak.
"Muhun...saurna teh...wayahna malem saptu mah, kuring rek lalajo menbal didieu".
"Ieuh...puguh ge unggal malem saptu mah tara didieu nyai. Can pernah ka endongan ku Udung didieu ", pok teh. Pipikiran teh bari mimiti asa curiga.
"Enya aya naon kitu?"
"Muhun abdi janten curiga, boa-boa kamana pun lanceuk teh. Tos tilu taun akang, pun lanceuk unggal malem saptu mah tara obo di bumi"
"Alah atuh tara dikeukeupanya?", ceuk kuring ngaheureuyan.
"Boa-boa ngeukeupan anu lian yeuh", na ari segruk teh, Nyi Rodiah ceurik meni inghak-inghakan.
"Leuh.....piraku atuh akang, kang Udung wawantunan kitu".
"Heueuh ari enggeus kumaha atuh?"
"Bantosan abdi we pang milariankeun".
"Kamana?"
"Ari saur ceu Ocih mah tadi, katinggal sareng jeung satpam".
"Satpam saha"
"Muhun mang Holil"
"Heuh atuh sok ari kitu mah, ka si Holil urang tanyakeun. Sugan manehna nyahoeun. Piraku sailon mah jeung manehna. Hayu we urang beledig ayeuna keneh, ngewa boga talajak kitu mah. Sugan masih keneh bisa diomean. Bisa dinasehatan. Hoyoh keh......", teu parat nyarita teh. Puguh geus kapiheulaan ku segrukna Nyi Rodiah.
*
Solat isya enggeus. Hate geus rada leler, bari nyiapkeun sagala basa bisi engke parengkeun kudu pacengkadan. Teu kitu kumaha atuh apanan ieu mah erek ngajorag bisi enya si Udung keur dinu ngora.
Geus mah kuring bebeja ka pamajikan, bari motor geus dikaluarkeun, belenyeng we jeung nyi Rodiah indit ka imahna mang Holil. Teu kasampak, si bedul teh. Mang Holil ceuk pamajikanana geus jaga cenah. Belenyeng deui we indit ka kantor tempat gawe anu ditunjukkeun ku pmajikan si Holil.
Lumayan aya kana satengah jamna. Diilikan teh jam geus aya kana jam sapuluh peuting. Puguh jauh atuh jarak ka imahna si Holil jeung kantor gawena.
"Geus we kieu nyi Rodiah, urang teangan nepi ka kapanggihna, tuman. Ngadoreksakeun pisan tuda. jeung deuih na meni teu ninggali, sakitu hideungna, bet ku daek deuih ka si sardung", hate asa beuki terus milu mangkeuheulkeun.
"Muhun akang....nuhun. hapunten we tos ngaririweuh".
"Ah....henteu".
Eya ari bari ngadongeng mah, asa tereh nepi ka kantor anu dituju teh. Ti kajauhana geus katinggali, baju bodas calana bulau kolot.
"Tuh...Mang Holil Nyi", ceuk kuring, bari reg we ngeureunkeun motor hareupeun Mang Holil. Can ge ngomong, Mang Holil geus miheulaan nanya.
"Pasti bade naroskeun jang Udungnya?"
"Muhun mang, manawi uninga", ceuk Nyi Rodiah.
"Tuh anjeuna mah. Keur mayunan buku we, meni satumpuk kitu gera dina meja. Mangkaning eta teh unggal malem saptu. Anjeuna mah rajin kadieu wae. Dugi ka tara ieuh kulem jigana teh. Hayoh we ngadeluk maca. Duka naon anu dibacana teh, pirajeunan direncangan oge, emang mah karek salambar tos tunduh. Na Ari jang Udung mah, kiat pisan", ceuk mang Holil, ngajentrekeun sagala kalakuan si Sardung. Horeng manehna euweuh unggal malem minggu teh dipake kadieu.
"Aih ningan kitunya?"
"Muhun, jang Udung mah rajin", cik atuh sardung maneh teh kalakuan ulah matak goreng sangka wae kabatur teh.
Meureun kadenge aya anu ngobrol bari apal kana sora, si darung gasik kaluar, ninggalkeun buku-bukkuna.
"Aeh enya ningan didieu, keur naon Dung maneh teh, sok nyieun wae cecega, jeung Goreng sangka kabatur".
Ah biasa we keur maca. Hayu atuh nyi balik, barina oge aya naon nyusul. Piraku curiga ka akang anu sakieu gantengna.......", eta si sardung meni teu riuk-riuk salah si eta.
"Hapunten kang. Tadina mah abdi lepat sangki ka akang teh".
"Teu salah nyai mah. Didinya Dung anu salah. Meni sumput salindung atuh kalakuan teh", ceuk kuring mangmeunangkeun pamajikanana.
"Hayu atuh ari rek balik mah. Bae maca mah moal dianggeuskeun. Mang Nuhunnya", ceuk si Sardung nganuhunkeun ka Mang Hoil bari ngajak balik ka kuring jeung pamajikanana.
"Ah naha maneh teh dung. nyiar-nyiar pidosaeun wae kabatur teh", ceuk kuring bari nyelah motor.
Sugan teh enya we maneh salingkuh, boro geus nyiapkeun carita keur nungora. hampura Dung. Sugan teh.......

MAKTAB-MAKTABI
2. MAKTAB-MAKTABI
Kang WS sareng Bu TB anu kitu tea mah, pajarkeun teh, "Dung, maneh mah. Enya oge tukang cindung tapi ningan maktabi oge". Leuh eta si Udung meni jigrah disebut kitu ku kang WS sareng bu TB. Jiga anu ngarti wae. Beuki we kucel eta buku, ku si eta balas dicecekel. Kataripu tah ku si Sardung mah. Heueuh atuh, dumeh ari dagang cindung si eta mah, sok ngekelek TTS, jeung buku catetan hutang......pajarkeun maktabi cenah si eta.
Kuduna mah nanyakeun atawa ngobrol atuh jeung kuring. Enya oge nyenyekel TTS, lain ngeusi TTS anu utamana mah, ngitung impo nomer, puguh jadi kabiasaan atuh si eta mah, marukanan ayeuna usum nalo keneh. Mun aya batur si eta mah kakara jiga anu keur ngeusi TTS. Heuheuy deudeuh....anu palinter oge ningan sok kataripunya ari ku si hideung tukang wejus. Eta ku nyebut MAKTABBB. Geuleuhhhh......
Heueuh ....bet ku teu ngalijir nya ari anu karitu, enya kang WS jeung bu TB. Iraha ngahajikeunana. Make jeung apal maktab sagala atuh si Sardung. Kituna deui aahh......kuma karep maranehna lah, rek maktab rek maktabi, rek tukang cindung, rek tukang gas, rek tukang rangginang oge. Kuma karep maranehna. Naon untungna keur kuring mah, ngahartikeun jeung kapangaruhan ku kecap maktab anu ditujukeun keur si sardung. Naon urusanana keur kuring mah. Top tah, sardung maneh boga landian Maktab. Heuheuy deudeuh....Sardung Maktab. Maktab muzdalifah sakaliannya mun urang mah. Tuh ya lamlam, heuheuy deuh...... ari embung maktab cindung mah.
Ngan heueuh.....ku hemeng oge naon sababna si Sardung make disebut, Maktabi. Da puguh atuh maktab teh mindeng pisan ngadengena. Meni asa sapok-pokeun eta kecap. Naha aya harti lain kitu, maktab teh?.....iiihh aing sieun salah ketah....naon hartina Maktab?
Rek nanyakeun ka si Udung, rada........ ah teu minat. Puguh we atuh si hideung teh, bongbas meureun irungna, lamun kuring nyoba-nyoba nanyakeun ka si Sardung. Ari teu ditanyakeun, puguh Kuring teu apal. Hayoh keh kaeraan lamun manggihan kecap eta bari teu apal hartina, temen karoroncodanana kuring mun tea mah aya anu nanya, leueuh....
Ke ke ke...basa nanahaon atuh tateh...mun basa onta, meureun dina kamus basa Indonesia, basa sunda moal aya. Leuh aing mah...ku teboga kamusna basa arab. Aya oge tafsir Al-Qur'an. Bakal Aya kitu mun diteangan dina tafsir Al-Qur'an? Leuh Aing mah kungagawekeun pisan. Na atuhnya mun urang mah kang WS jeugn bu TB teh anu biasa we ngalandi si Udung teh. Ieu mah meni gagayaan ngalandi ku basa an kararitu, MAKTAAAABBBBBB teaaaaaa atuh. ehm...meni dienyay-enya eta ngomong.
Eh tapi kudu curiga oge, naha leres eta teh kasauran kang WS atanapi Bu TB. Heueuh bisi ukur lalandian sorang si sardung. Leuh....ide hade yeuh. Pantes curiga ieu mah.
"Aya non yeuh ngalamun?", baku si hideung mah...... ari geus ngareureuwas kitu teh.
"Asa tara biasana didinya ngalamun", pokna deui.
"Eta pagawean....ripuh tadi", rada ngabohong saeutik. Biasa nyumputekun semu ka sieta mah. Tapi na pikiran jadi boga ide, keur nyumputkeun kteunyaho.
"Kabeneran.....Dung, didinya mawa buku TTS".
"Aya naon kitu?. Lain buku TTS ieu mah barina oge"
"Ieu kuring boga TTS", adeuh....... ampir we kapanggih. Bari sakilat leungen gancang ngagoromang kana handapeun meja.
"Tah halaman ieu,.....Top tah eusian ku didinya. Meh kuring teu era lamun engke ngasupkeun didinya ka paket C. Anggap we ieu TTS, ujian keur didinya. Keunlah la mun ieu kabeh ka eusi...ku kuring rek di aseupkeunana engke didinya, teu era teuing", leuh aing tea atuh. Idena hade.
"Mana? Leuh ieu mah gampang atuh.....pagawean budak Uing. Set-set-set. Sakeudeung ku budak Uing oge atuh anu kieu mah. Kurang keneh. aya an leuweih kandel? ", eta omongan ku sakarep-karep. Nycamapah pisan si eta mah.
"Sok-sok tong loba ngomong. Kerjakeun heula".
"Atuh da gampang........20 pertanyaan mendatar jeung menurun", adeuhhh.....ku nganggap entng pisn ari si eta. Lima menit ditungguan, kubener si eta, ari geus ngeusian TTS. Enyaa......si eta mah sok tereh. Abong pagaweanana nyenyekel TTS.
"Tuh tinggali......18 menurun, minuman has sunda.....b-a-j-i-g-u-r. Tah iyeu yeu 15 mendatar...kutu buku basa arabna, m-a-k-t-a-b-i. Beres tah. Lulus teu yeuh jigana engke Uing ka paket C?", euleuh gehel.....si bedul Udung bisa ngeusi. Meni tereh kitu ninganan. Jeung eta ku apal kutu buku bahasa arabna m-a-k-t-a-b-i. Enya eta teh kitu, bet ku apal kitu. Maktabi teh kutu buku kitu? Gehel bener euy.....nyaan si eta. Ku apal cacakan tukang cindung mah.
Ningan beda harti nya? maktab jeung maktabi teh......berarti Kuring titatadi teh salah mikir, ari suganan sarua........heuheuy deudeuh......untung teu nanyakeun ka si sardung. temen era kuring.
"Hampura deui Dung euy kuring", hehehe.......na hate kitu sotenan. Ari pok mah ukur....... Biasa we. Hahahay...maktabi. Kutu buku tateh. Ari suganan.......maktab jeung maktabi teh sarua, kutan beda. Ah gehel ningan kuring anu katipu teh. Dasar teu nyaho ah...
"Naon kalah ka ngalamun deui didinya mah?" tanya si sardung.
"Heueuh bener...bener jawaban didinya. Moal ngerakeun kuring mun didinya sakola deui teh".
"Aiiiiiiiing tea atuh",
"geuleuh dung euy ah, ngomong teh. Bisa sakitu war meni sombong didinya mah", pok teh.
"Tuh kopi bisi rek ninyuh".
*17042010

LONJONG
21. LONJONG
Heuheuy...deudeuh tayoh kapatutna, datang-datang ujug-ujug riweuh. Pajarkeun teh buuk Uing lamun panjang teh sok alus katinggalina. Pangaruhna beda kana beunget. Jiga lonjong. Amit-amit aya jelema anu kieu ningan didunya teh.
"Tinggali we atuh ieuh, tuh keureutan beunget Uing. Lonjong euy. Heueuh..... ku kituna tea mah, milik. Pamajikan teh boga salaki ka Uing anu luamayan lucu kieu, teu ngerakeun teuing jiga didinya", alah eta si Udung. Itu leungeun memeres buuk bari ngaca sagala dina kaca imah. Nahanya, cacakan boga eunteung di imahna mah, bet tara ngeunteung kitu ari si Udung. Mun urang mah sidik-sidik eta kulit, sakitu hideungna. Pira oge andelan si eta mah ukur irung rada mancung, puguh ari kulit mah balas kapoe kaanginan atuh. Eeey..... ari si eta ngomong teh meni teu euleum-euleum.
"Tah didinya....kalemahan teh datangna ti diri sorangan, lain ti batur. Buktina, didinya ukur ninggali jeung ngalalajoan tivi wungkul, mata molot tambuh, ari dimaknaan henteu. Tambuh anu kitu teh", pok si Udung, meni jiga anu nyeukseukan.
"Naha Dung, meni kacida didinya mah", ceuk Kuring, bari rada mikir rek kamana eta lumpatna omongan si Sardung.
"Da enya atuh, kaasup jelema anu rugi tateh. Ngadenge sora adan ukur ngomong geus adan, ari jig solat henteu. Tah eta teh ukur ngadenge wungkul. Hartina eta sora jeung hirupna teu dimaknaan. Naon hartina sora adan? Sarua tateh jeung ngalalajoan, ngadenge sorana tina tivi, ari dimaknaan henteu. Eta sakitu jentrena, mamah Dedeh ngajelaskeun, cing atuh regepkeun. Ulah ukur resep kupertentangna cumarios anjeuna wungkul", na ari si Udung. Rek kamana eta manehna ngobrol, bet asa kuteunyambung. Nurustunung pisan, nusutunjung. Ieu mah ngobrol teh Kuring kamana, manehna kamana.
"Kela Dung, hubunganana, buuk panjang didinya jeung mamah Dedeh naon eta? Weleh Kuring mah teu ngarti tujuanana ngomong didinyaeuy. Ciiing puguh ari ngomong teh"
"Tah....didinya beuki eces. Yen didinya sakolah teh ukur sakola. Pergaulan jeung pengalaman deet. Kakodok. Tinggali atuh uing, taun hareup rek miluan paket C, omat pang benerkeun. Biayana we siapkeun. Ripuh atuh Uing, nya sakola, kudu mikir, kudu ngerjakeun PR, nya kudu mayar. Untung Uing boga niat sakola oge. Didinya kudu atoh atuh, boga babaturan rek niat sakola deui. Tong mikir bakal jadi saingan didinya, lamun Uing sakola deui teh.....".
"Heup!", ceuk kuring. Asa kesel kana omonganana, utamana mah hayang seuri we. Rasa maneh rek sakola, eta ku ngerjakeun PR sagala.
"Kade Dung saingan jeung budak didinya, saingan ngerjakeun PR. Kade tong niron jeung pangerjakeun ku budak didinya. Bisi rag-rag wibawa didinya, hahahaha.........".
"Tah didiya, lemah anu kadua datangna ti didinya. Yeuh anu ngaran elmu mah, ula dimomorekeun, rek datangna ti kolot rek datangna ti budak kudu dipercaya. Kudu silih geuing, silih caangan. Rek eta kolot rek eta budak. Tetep kudu dihargaan. Mun teu nyaho gancang nanyakeun, hirup mah kudu bodo alewoh. Ulah bodo katotoloyoh. Tong era nanyakeun sanajan eta ka budak".
"Heup-heup...."
"Ke heula tong waka heup, Uing masih keneh mulek yeuh piomongeun kadidinya. Bisi salah harti...meh jentre omongan uing".
"Naon deui?"
"Dengekeun. Lamun urang teu nyaho kudu nanyakeun, nya kasaha deui atuh lamun Uing keur di imah rek nanyakeun PR teh, pastina ka anak uing. Anak Uing tea atuh, pinter. Gagantina, Einstein cenah mah", euleuh eta ngomong, meni lahuta kitu. Angger si eta mah ari diengklokan teh meni asa ditabeuh.
"Heup heula Dung.....bisi didinya cape, serak. Titatadi seueur teuing nyarios, mangga itu cikopi. Tos sayogi dina meja. Caina dina termos nembe dilebetan, bilih bade ninyuh cikopi anu ngabudah sepat, sumangga kalebet wae tong isin-isin sareng pura-pura. Bilih hilap jampena, aya dina seratan kertas salamabr anu ditempel dina tembok ".
"Alah didinya, ari nawaran meni nyungkun kitu. kade kudu iklas tateh, bisi ukur beak wungkul cikopi bari teu jadi ibadah. Masalah jampe mah geus ngolotrok atuh dina uteuk. Teu kudu dibaejaan deui".
"Na ari didinya, ngomong teh. Ari disopanan, pajar nyungkun. Iklas Kuring mah. Dumeh eta pamajikan, wungkul sok nanyakeun, dumeh kopi babari beak. Ku Kuring disebutkeun we beak kudidinya".
"Teuhnya...sok nemleuhkeun wae, hirup teh. Eta teh kaasupna. 'Bersembunyi' disatukangeun kasalahan batur euy", adeuh sieta meni dirembeuy, abong-abong rek niat sakola Paket C. Meni ningkah.
"Tong ngangles da puguh.....".
"Heup, poma. Eta oge kudu dimaknaan, yen barang bere teh, ukur sareat didinya. Hususna mah ieu rijki anu mangrupa kopi teh ti Alloh. Urang mah ukur katitipan wungkul. Omat cing rido lamun barang bere. Utamana mah, siapkeun biaya keur kuring engke sakola", ehm.... dasar si hideung, meni keukeuh. Biaya deui-biaya deui.
"Na.....sabaraha Dung bayaranana".
"Nyeta teu apal.....Apal mah atuh Uing moal kasieunan. Rek baung ti ayeuna. Boro Uing sakola, ari anak pamajikan teu kaparaban. Cumah eta teh. Moal tenang nyiar elmu oge. Lamun masih pagedrug jeung pangabutuh mah. Uing lain teu hayang sakola ti baheula oge, dumeh we karunya kakolot...", teu terus ngomongna teh, jiga anu rada ngaheruk ari geus ngomong kolot mah si eta teh.
"Enya doakeun we....atuh Kuring cing boga rijkina keur sakola didinya. Meni geuleuh kadengena oge, geus kolot masih keneh hayang sakola, kuring mah".
"Tah didinya...., yeuh nyiar elmu teh euweuh watesna. Rek budak rek kolot tetep euy diajar mah kudu".
"Enya atuh sok didungakeun sing lancar. Sukses. Ngan omat ari geus sakola mah buuk ulah dikukut panjang, kudu dicukur".
"Nyeta ari buuk panjang teh Uing mah asa tirus euy beungeut teh, lonjong. Cohagna mah kasep ningan Uing teh ari dipapantes mah".
"Eey....sieta. Meni kusebel, ngadengena. Gandeng hideung ah...., ngewa ngomong kitu teh. Inget umur".
"Ah........Uing jadi bosen ngadenge didinya ngomongan titatadi teh. teu ngarti-ngarti. Yeuh jelema teh rek hideung-rek bodas tetap eta teh ciptaan Alloh. Jeung deuih rek bodas rek hideung anu kasep mah angger kasep. Tuh...., tinggali dina TV, urang Afrika. Apanan hararideung. Anu geulis mah angger we geulis, kasep. Eta....awakna, ku meni sampulur".
"Gandeng Dung siah...Bisi kadenge ku budak, ngomong kitu teh. Make sampulur sagala".
"Leuh.....dasar tukang lalajo BF, kadinya wae mikir teh".
*16042010

MIKARESEPLAH POKONA MAH….
20. MIKARESEPLAH POKONA MAH….
Jigana teh teu loba anu dipicatur, komo ngariung heula jeung sesepuh masjid. Si Udung barang beres ngahotiban langsung nyampeurkeun ka kuring. Padahal teu ieuh ku kuring oge digupayan, komo dipelong mah. Teu. Teu pisan-pisan. Eta mah Khotib Udung we anu langsung
"Tong kitu tuh euy, make rek ninggalkeun Uing sagala", pokna teh. Eleuh....sigehel. Meni asa kapoconghok ieu gerentes hate, ku si sardung.
"Saha Dung rek ninggalkeun, puguh kuring mah nungguan didinya, bisi rek milu balik bareng ".
"Heueuh puguahan rek milu kadidinya matak nyampeurkeun oge", pokna teh.
"Enggeus atuh ngadungana, meni lila lila teuing. Puguh Alloh mah uningaeun sanajan sakecap oge dungna didinya, geus pasti dikabulna, kitu oge ari ngadungana iklas", pokna teh. Adat-adatana geus balik deui we, poho lamun karek bieu manehna ngahotiban.
"Hayu atuh.....", cekeng teh, bari cengkat.
"Motor anu tadi diparkir hareupeun masjid, gancang diselah. Si Udung, gancang nerekel kana motor bari rada kagok meureun puguh kahalangan ku samping sarung bari jeung teu make calana panjang. Atuh tuurna anu mencos teh kaciri.
"Bae lalaki mah da batas oratna oge ti mimiti tuur kana bujal", pokna teh.
"Jeung tuur Uing mah moal matak pikabitaeun ieuh. Gancang atuh ngagas motorna. Geus teu kuat yeuh hayang cikopi", leuh ....ieu khotib udung meni hayang rurusuhan kieu.
"Ke lanan atuh, sakieu jalan loba logakna. Hayoh cilaka. Santey we atuh", pok teh.
"Ah didinya teu apal kana naon-naon anu di nisabkeun ku Alloh. Rurusuhan kanu teu biasa eta teu meunang. Matak cilaka. Ari gagancangan kanu geus biasa mah alus. Buktina tuh Valentino Rosi, tukang balap motor, apanan pagancang-gancang. Puguh meh juara. Moal enya pembalap ngaleyad, atuh moal meunang", deuh eta ngomong, meni pertengtang sakitu di bonceng ku kuring tateh. Meni diantel-antelkeun we, gadona kana taktak, jiga meh nompo kana ceuli kuring.
"Heuh da jalana hade, Motorna alus, papakeanana lengkep jeung pengaman. Ari didieu, rek bisa kumaha atuh, sok titah Valentino Rosi mu ituh, jago tah mu bisa gancang. Anggur bakal meunang mang Suparman tukang ojeg, siah. Mun balap jeung manehna, dijamin ku kuring mah. Komo lamun jeung ojeg gunung, hareup tukang mawa karung bari ngajalankeun tarik, naha bakal bisa manehna, Valentino Rosi nyaingan mang Adang, anu sakintal dihareup sakintal ditukang, encan anu didiukan sakintal deui", pok teh.
"Heuh tah didinya....anu biasa jeung teu biasa, kabiasaan maranehna apanan geus bariasa kitu.
"Gandeng ah, lieur. ngomong teh pabaliut..... biasa", pok teh bari rada ngahaja motor di tarikeun kana 40km. Puguh ukur sakeudeung, 4km jarak masjid ka imah, ari bari ngobrol mah.
"Cinta euy anu utamana mah", ceuk si Udung bari turun tina motor. Lain buru-buru ka imahna, malah gancang ka imah kuring, langsung muru ngopi.
"Kamana jikan didinya, panto teu dikonci ari di jero imah euweuh sasaha kieu ieu teh", tanyana.
"Aeh apanan sarua kuring oge karek datang jeung didinya, apal timana. Meureun ketang di tukang keur popoe.
"Kade euy kapamajkan bejaan, nyiapkeun dahareun keur anu balik jumaah teh hade. Malah cenah ceuk sakaol, pahalana teh sarua jeung anu ngalakonan solat jumaahna", ceuk si Udung, abong tos jadi khotib nanaon teh disambung-sambungkeun jeung agama. Asa giung ngadengena oge.
"bae lah kumadinya we", pok teh. Bari enya leungeun kapangaruhan make jeung teu sadar mukakeun tudung saji dina meja makan.
"Alah siah bedul, tinggali pamajikan kuring mah, geus nyiapkeun. Sip euy lah......aya peuteuy meni barolotot kieu, euleuh ieu sepat badag.....jiga-jiga pungkil. Top we lah didinya mah cikopi, kuring mah rek dahar. Lapar deuih ieu teh ti Bandung tadi nyubuh teu sarapan heula", pok teh.
"Tong kitu atuh euy, rek ngajak mah ngajak we dahar. Da sarua Uing oge lapar, mangkaning tos ngabamblam tadi", ceuk Si Udung, bari kituna teh langsung nyokot piring.
"Tah didieu, kakuatan cinta teh", ceuk si Udung bari samutut ku angu jeung sepat bari leak peuteuy dicoelkeun kana sambel.
"Naon ari didinya, cinta-cint we...teu ngarti kuring mah. Moal enya apanan tadi jumaahan teh euweuh awewena. Kade siah katepaan bangsa nabi lut" pok teh.
"Nadidinya ngomong teh, regepkeun heula tuh, montong namalang, can kaharti mah. Regepkeun uing lamun keur nyarita".
"Naha kumaha kitu?", tanya teh.
"Didieu, tah cinta jikan didinya, anu kacida gede. boa lamun teu didadasaran ku cinta mah, didinya meunang dahar anu ngeunah kieu. Balik jumaahan lapar tinggal am. Matak Uing mah kapamajikan, seus Diah. leuh......kacida nyaahna".
"Alah etah, ngomong. Seus Diah. Rodiah FM, 101Mhz meureun didinya mah. Matak gegetret loba totombe, pesen lagu kituh love in life", geuleuh tuda, ngomong cinta-cinta we.
"Aeh, teu percaya didinya mah, sok pikiran. mun cinta dumasar kana raga, yeuh bakal peot, kenyod, koma lamu kana panghasilan mah, didinya sabaraha gajih, nyukupan henteu pangabutuh pamajia jeung anak. Naha bakal cukup duit gajih teh, unggalpoe dahar jig kieu terus, ngenah bari khayang sagala nyampak. Ukur ku cikopi, sabulan bea sabaraha kilo. Tambah udud. leuh......beak tah", pok si Udung, bari teu ngukur kamampuh manehna, oge sikopi anu terus disoro kumanehna.
"Matak Uing mah nyaah pian ka jikan teh. manehna bisa ngarti kamampuh salaki, komo usaha anu teu puguh raa hasilna. Apanankuring mah ukur ngandelkeun dagang cindung, nya et oge teu ngaleuleungit ti saprak aya gas mah, nyi Rodiah, osok ngeureuyeuh, nganteur-nganteur gas ka langanan anu butuheun jeung bea gasna. Mayan aya keur jjan budak".
"Lah didinya mah..."
"Teu kudu lah.....da Alloh mah ngarijkian. tong boro jelema, sirem beureum, anu leutik, dirijkian di bere nyatu. Apanan sarua jeung ka mahluklainna. tah eta buktina Alloh oge micinta ka mahlukna. matak garejul tah lamun aya mahluk anu teu micinta ka Alloh".
"Naha dung ujug-ujug kadinya"
"Ah teuing hayang kadinya we. teu ngarti uing oge anu dicaritakeun teh".
*100410

ALAH SI ETA........jadi pangersa
19. ALAH SI ETA........jadi pangersa
Malem Jumaah, abong geus disebut malem wajib......puguh si eta mah sok ngiles, tara ieuh datang ka imah. Tong boro sorana anu sok ngareureuwas, bauna oge teu ieuh kaambeu. Teuing kamana si gede wejus teh. Matak sakalieun butuh si wejus unggal malem jumaah mah tara laju kahayang teh. Unggal jumaah patatan kituna teh. Puguh atuh apal ka si Udung teh lain ukur sakatiga. Geus puluhan taun. Mun tea mah, ti mimiti sadar apal ka jelema nya anu pangheulana apal beungeutna teh si Udung. Malah pernah bareng ngaji sagala, ka pa Amang di Cirandog, nya jeung si Udung, jarak 4 km, bareng we nikreuh. Pasantren Al-Ikhlas jadi tujuan, pernah ngobong dipasantren al-Falah, basa harita al-ikhlas - al-Falah, ku anu ngokolakeuna dihijikeun jadi pasantren badag. Atuh Kuring jeung si Udung oge, milu ngobong aya kana genep bulana.
Nepi ka kelas 3 SMP, kuring jeung si Udung babarengan ngaji di eta pasantren. Si Udung mah teu ieuh dituluykeun ka SMP, ukur tamat SD, ngan terus we manehna mah jujur masantren, sedengkeun kuring mah, satamatna SMP, nuluykeun sakola ka SPG di Cibiru, kituna deui satutas SPG teh neruskeun kuliah, malah kuliah teh nepi kaayeuna can beres wae. Ari si Udung, cenah mah pernah masantren di Cibolang, terus ka Ciucing. Kadituna mah teuing kamana, puguh mimiti taun 2000, si Udung geus gawe cenah di tukang poto kopi.
Minangka taun, 2006, manehna kaluar, cape. Lieur, utamana mah panon serab cenah. Da atuh meh unggal kertas, diantelkeun kana kaca poto kopi, sebrot lampu poto kopi bari panas deui karasana kana leungeun teh. Komo lamun geus salah halaman atawa salah ngamimitian moto kopi anu mang ratus-ratus halaman, lieur pisan kumaha nyusunna.
Kuat lima taun di poto kopian, kituna soteh wani kaluar, geus puguh atuh taun 2004 manehna kawin, ngandelkeun gajih poto kopian, lain nyapirakeun puguh age modal kawi teh tidinya, tina gajih poto kopi. Tapi gajih sakitu, jadi teu cukup, ti saprak boga anak. Aya dua harti cenah teu cukup teh, kahiji gajih mah kaasup bisa keur nganapkahan anak pamajikan, tapi kusabab balik kalembur sabulan sakali, babawaan gajih jadi teu cukup lamun dibandingkeun jeung ninggalkeun anak pamajikan anu merlukeun pangaping langsung manehna. Beh na mah, merlukeun pangaping batin jeung kabutuhan jiwa manehna we jeung pamajikan.
Tah tiharita, si Udung. Gawe sakasampeurna. Anu penting halal, taun 2006, panggih jeung ceu Ati urang cimahi, tepatna mah di leuwei gajah cenah. Minangka anjeuna boga pabrik jeung sagala rupa jijieunan pakaian, sok ngaborong kaos keur barudak sakola, tapi oge mun keur euweuh borongan nya nyieunan cindung. Enya oge saeutik buruhna, cenah nirilik panghasilan tina cindung mah. jaid lamun si Udung milu jadi anak buahna dagang Cindung, lumayan maak awet nepi kaayeuna oge. Beh dituna mah deuih, unggal setor duit jeung nyokot barng kumaha beakna barang we, sapopoe bisi tetep ngaping budak. Isuk-isuk inditm, pasosore balik. budak katingali jeung kaweurukan ngaji unggal peuting cenah.
Ngan nyakitu, abong elmu pangaweruhna dina masalah ngai saluhureun ti Kuring, kusabab teu kabarengan jeung sakola, si Udung, ukur satapak-satapak we, dina ngembangkeun elmuna teh. Enya maca Qur'an jeung hadist mah ngagorolang, tapi maca hrup laten mah merlukeun waktu keur pahamna lamun maca teh. Tapi anu sidik mah si Udundg memang cerdas ngan polos wungkul.
Lamun aya sykuran numpeng jeung nyangu oneng mah teu ieuh kudu ngangkir ustadz, puguh si Udung oge nereleng ngadoa mah. enya oge osok nawar si eta mah, "hayang doa panjang hayang doa pendek". Jawab kuring mah kumdinya, anu penting, doana we dikabul ku Alloh.
Matak teu ieuh, hayang mertelakeun naon-naon bag-bagan agama ka si eta mah, enya oge balaka sadut, lumayan jero. Ngan kitu we, lamun nerangkeun agamana teh, sok ngagampangkeun, sok nyontokeun langsung ku kahirupan sapopoe, padahal keur kurin gmah, hayangna teh, satorolongna tina qur'an jeung hadist. Tara si eta mah,pajarkeun teh "bisi kudidinya teu kaharti, karunya, mangkaning didinya loba pikiraneun. Cik atuh ibadah mah, ulah jadi maak ngabeuratkeun. Ibadah mah geus jadi kawajiban, lain pagawean anu jadi hahalang. Ibadah mah ngadeukeutkeun diri ka Alloh, naon hesena. Naha meni kudu mikir sagala, puguh ieuh aya contona, aya kateranganana, aya anu kudu dilampahkeun aya anu dilarangna.
Malah Dina ibadah mah aya ruhsoh sagala. Tah didinya anu maha kawasa, geus ngaringankeun ka urang, naha meni kudu hese-hese jeung pak-pik ibadah. anu dicontoan lakukeun anu henteu singlar.
Ucapan-ucapan si Udun gsaperti kitu, ceuk kuring mah asa ngagampangkeun teuing kana urusan ibadah, matak ah, teu pati ieuh di denge, ari teu perlu mah.
"Mangga we, ibadah udung kucara udung, eun gkeur udung. Ibadah Kuing keur kuing jeung cara anu dipahami ku kuring", ucapa eta teh geu ka malum ku Si Udung mah. Jadi teu ieuh manehna oge, maksakeun kudu bilik kamanehna.
"Mening dagang cindung, hasilna keur anak pamajikan. Piraanan cikopi, atuh itung-itung jakatna we ka Uing", pok si udung harita.
Nya tiharita, keur krin gjeung manehna, bener-bener teu pernah merhatikeun, ibadah kudu kumaha, jeung carana kumaha. masing-masing geus anggap we pada apal. Nu dipikrian ngan hiji, kumaha ngabahagiakeun anak jeung pamajikan. Mun tea mah si Udung boga kamampuh, teu ieuh hayang nyaho jeung utamana mah katutup ku pangabutuh sapopoe. Katambah-tambah, ku kasilep eta jadi teu karsa, elmuna nepi kamana jeung dimana. Nu aya mah sabolang bentor we, lir piring jeung piring diaradu, gelas jeung gelas, behna mah, teko jeung kompor asal aya cai panas, ngadu manis dina gelas, suruut we, cikopi. kitu jeung kitu we sapopoe natangga jeung manehna teh.
*
Tisaprak kuring kuliah, tara ieuh, ngalangen terus lamun solat jumaah teh di lembur. mun diitung tea mah sabulan sakali oge henteu. 5-6 tauna lalampahan kitu teh, puguh aya dilembur oge, paling-paling ukur sore. Jeung lamun pere. Utamana mah poe minggu, eta mah ngawayahnakeun nyempetkeun waktu keur cicing di imah. Saperti harita, niat mah rek ngahajakeun solat di lembur, tapi boro-boro, abong make motor sesa seuseuiteun, atuh ngajalankeun oge nyalsena. tara ieuh suat seot ngagas dina 80km, teu cukup mun katinggali puguh lenglang kkaran 60km. biasana mah angger we 40km perjam. nyalse.
Atuh waktuna solat jumaah oge hampir-hampiran teu kaburu. Tapi da puguh geus direncana, mun teu kaburu mah rek eureun we dimasjid anu deukeut. Barang ngong adan, gancang we ninggalian masjid, reg eureun. Di Loasari. Ukur 4km deui ka lembur teh, tapi da adan teu satengah jam lilana atuh, daripada kabeurangan mending we eureun di masjid loasari.
Sanggeus wudlu, gancang we milu solat kobla jumah, puguh solat tahiyatul masjid mah teu kaburu, komo lamun ditambah solat sunat syukrul wudlu mah moal ieuh kaburu. Matak beres adza teh langsung we miluan jiga batur anu geus lila di masjid, solat kobla dhuhur. Beres solat oge leuwih milih sasalaman teh jeung anu gigiren we teu ieuh mikir anu tukang atawa hareup. Kalan-kalan ngadoa sok jadi alesan, keur tungkul bari api-api peureum, ngolotrakna kencleng hareupeun oge ukur benta jeung ngageserkeun kotak amal we, kadituna mah peureum deui.
Kadenge eta oge murokib geus nangtung nyilahkeun khotib, ditungtunan adan kadua sanggeus khotib maca salam. Beres eta mah, teu ieuh kamana jeung dimana,puguh kuring mah peureum jeung tungkul deuih, sanajan teu sare oge. Khotib sakumaha biasana ngajak jamaah takwa jeung saterusna minangka rukun khotib. Tapi teu ieuh jadi masalah da puguh geus kawajibanana kitu, malah mun teu kitu cenah khotib teh tong dipake deui.
Khotib, tempres ngajelaskeun rupa-rupa ajakan jeung mistina ibadah, dina jero hate, alus ieu khotib teh, teu loba teori jeung hadist atwa qur'an anu dijelaskeun, kur nyoot saayat tapi penjelsanana mundel jeung nyontokeun dina kahirupan sapopoe tapi teu ieuh nyinggung parsaan jamaahna. hade khotib teh.
Jeung deuih abong tatangga kampung khotib teh bet s apal kana sorana, ieu mah geus wawuh sora kieu mah, ngan naha bet sa sarua jeung cara si Udung amun ngajelaskeun jeung ngomong hiji hal. tapi teu ieuh diteruskeun kapanasaran teh, nu aya mah tungkul we bari terus ngamaknaan anu dijelaskeun ku khotib. kasimpulanana ieu khotib hade.
Sajeroning tungkul, hate nya oge ngabandungan khotib jeun gngamaknaan eusina khutbah, hate tetep noroweco,ngabenerkeun omongan khotib, komo lamun ngadenge, saur anjeuna, yen silaturahmi teh ngahilangkeun rumus matematika, kuring beuki, tenget ngabandungan eta khutbah, bari sirahmah terus we tungkul jeung peureum. Saur anjeuna, silaturahmi teh, mun dicontokeun kana cikopi, sagels sarebu lima ratus, sarua jeung ongkos mobil anu ngajajabkeun 15km jauhna tateh, enya oge ukur sagelas. Behna mah sagelas eta cikopi sarua jeung lempang anu sakitu jauhna anu can tangtu nepi ku lima menit lamun ku urang dilakonan. Tah ku silaturahmi mah, eta itungan teh, bolay jeung teu kapake rumus matematika teh, da puguh sagelas cikopi lamun ku silaturahmi, keur anu bogaeun mah cikopi geus psti diasongkeun jadi suguhan tamuna. Atuh unggal suruput teh, ngaleungitkeun harga anu agelas sarebu lima ratus atawa perjalanan an lima belas kilo tea.
Matak bener silaturahmi teh penting, jeungbisa ngilangkeun rumus-rumus anu teu ieuh kudu ikut campur dina bag-bagan duduluran.
Nagdenge kitu, kuring beuki, panasaran hayang terus ngadengekeun eta penjelasan, hanjakal we ari kuresep mah, aa gancang tah barokalohu teh. Nya sirah oge atuh cengkat, basa khotib diuk sakeudeung nungguan khutbah kadua. Kuring oge rada gorejag ari geus khutbah kadua mah, utamana mah rada panasran, hayang ninggali saha eta khotib teh. khutbah kadua dianti-anti pisan, cengkatna khotib. barang ceung nangtung eta khotib, teusirikna we, kuring hayang ngagorowok, lamun teu bakal batal mah eta jumaahan, tapi untung kakendalikeun boh ucapan boh paripolah. Teu kitu kumaha atuh, puguh anu jadi khotib teh ningn tukang cindung, tukang wedus. Tukang menta cikopi ka Kuring.
Paingan tadi sorana asa-asa apal, oge penjelasanana bet kana cikopi, aeh ningan khotib teh, pangersa Udung. Leuh, hampura Dung, ningan didinya teh bisa ngakhotib euy, tapi moal batal kitu, ieu solat jumaahn kuring? puguh ti saprak khutbah kadua, hate teh lai deui ngabandungan eusi ning khutbah. Hate erus noroweco ngobrolkeun kamampuh si Udung anu sakitu luhungna, keur ukuran kuring mah.
Enya Dung didinya teh ningan dipihormat ku batur mah, kutatangga mah, ku urang lembur batur anu jadi tatngga kampung, hampura Dung, ari ku Kuring didinya malah dibere jujuluk tukang gedebul, tukang wejus, tukang ngaidas. Paingan unggal malem jumaah tara nganjang kituna deui poe jumaahn didinya tara panggih, meureun nyiapkeun keur jadi khotibnya? Hampura dung. Atuh bisi engke balik jadi khotib mah urang bareng we balik kana motor kuring. Keun bae ditungguan sabubarna didinya beresngadua jeung bubaran jumaahan. *9042010

Langganan:
Postingan (Atom)