3. SALINGKUH
Tayoh kapatutna, paingan unggal poe saptu isuk-isuk sok euweuh. Singhoreng kitu we meureun, sare balas peutingna ngider. Jeung deuih ukur ngadoreksakeun batur si eta mah. Ngondang suudzon jeung pidosaeun kabatur. Nyeta tong boro-boro batur, sadeukeut-deukeutna oge kuring jeung si Udung, dalah pamajikanana sorangan oge nepi ka teu apal kalakuanana, kamana manehna unggal malem saptu. Dasar si hideung atuh. Na maneh teh sardung, aya ku nyiar-nyiar wae cecega teh.
"Mun enya tea mah boga niat kitu, wajar jeung pantes lamun bebeja heula. Jauh-jauh ning ka kuring, cing atuh kapamajikan mah bebeja. Da meureun ari keur kahadean mah, pamajikan oge bakal ngijinan. Kade ulah sumput salindung, pibahayaeun tateh. Awal ahir oge bakal kapanggih. Sa rikip-rikipna oge nyimpen tarasi angger bakal ka ambeu", ceu kuring ka si Udung. Tapi kituna tea mah, ku euweuh riuk-riuk salah si eta mah. Lempeng..... we, bari nyuruput cikopi. Ngadayagdag dina korsi bari suku dilepkeun sabeulah.
"Eta mah wajar, sabab can nyaho', pokna bari teu ieuh nyanghareupkeun beungeut, empeng we kana koran anu keur dibacana.
"Ningan buktina, ari geus nyaho mah, ngaridoan. Pamajikan Uing tea atuh, istri calon surga. Nyi Rodiah permaisuriku", pokna teh. Eeeyyyy......si eta. Ku kandel kulit beungeut.
"Gandeng siah....bisi didudut tah kumis jocong teh. Kuring meni reuwas tuda, ningali pamajikan didinya meni rawah riwih datang kadieu. Naa... meureunnya didiya mah senang-senang we diditu jeung satpam. Lain eta geus kumaha wae jeung mang Holil".
"Leuh .... naha didinya. Nyangka teh kawas uing Homo wae. Mun deuk niat kitu mah kanu geulis we sakalian atuh", pokna teh.
"Wajar we atuh didinya, nganter pamajikan Uing.......kuduna oge atoh. Apanan pamajikan Uing teh, calon surga. Kudu Atoh didinya teh".
"Na ari didinya, yeuh keur anu teu nyaho mah, ngider ti peuting jeung pamajikan batur. Leuh kumaha kasebutna. Goreng tateh. Ari salakina ngenah galeuh kitu".
"Saha anu ngenah galeuh. Apanan Uing mah keur tolab elmu ku cara minang saraya ka satapam".
"Ah kumadinya we....da ayeuna mah geus kajadian. Eta mah tanggung jawab didinya we. Top we uruskeun jeung pamajikan didinya. Tong dibabawa kuring mah".
"Sudah beres atuh juragan....harita keneh oge. Matak Uing nyebut Nyi Rodiah teh istri calon surga, begituh ganti....".
*
Isuk keneh, geus sisiap kopi jeung roko di korsi tepas. Pikiran teh karunya we si Udung bisi datang jeung deuih meh tinggal kari kop teu kudu kajero. Gorengan tempe anu ditipungan jeung leupeut geus siap. Ngan heueuh tunduh masih keneh eunteup dina kongkolak mata. Sakitu geus ngaregot cikopi.
Diuk oge ngadayagdag bari panon rada dipeureum-peureum....enya hate teh rada tenang sanajan pipikiran mah angger we rada ngalayang kana kalakuan si Sardung anu teu euih-euih nyieun cecega. Kituna deui ah...kumadinya. Kuma amal-amalan manehna we. Kuring rek tetep santey.
Puguh enya atuh, keur kuring mah, poe minggu teh, jadi kasempetan istirahat. Kituna deui malem mingguna, dipake sare anu rada panjang. Tos solat isya, lep.... we sare. Teu ieuh kudu mikiran keur poe isuk naon anu kudu disiapkeun. Teu. Malem minggu mah santey.
Karep kuma dinya, malem minggu mah ku kuring rek diantep naon wae oge. Moal dipalire. Rek demo, rek silih tembak, rek silih teunggeul. Karep we lah kuma dinya, suka-suka. Top curak-curak. Kuring moal unggut kalinduan kituna deui gedag kaanginan. Kuring rek sare. Komo deui ieu mah ukur dina tipi ieuh. Keur kuring, malem minggu tetep malem panjaaaaang.....
Kituna deui bisi bumi rek niat dengdek, rek ngabeledug, rek ancur, rek jiga lumpur sidoarjo, kuma dinya. Kuma dinya. Asal dina film wungkul we, ulah waka kanyataan mah. Tong daek ngaganggu komo deui malem minggu. Ulah. giliran kuring istirahat eta mah.
Cenah eta bakal datang poe kiamat, angger Kuring mah tetep dina hiji pamadegan. Malem minggu mah kuring bakal tetep santey jeung sare anu tibra. Apanan kiamat mah poe jumaah ieuh.
"Yeuh...kiamat teh aya sugra aya kubra....jadi angger didinya moal bisa tenang kitu wae. Mana sina kuring. Pira anan dagang cindung, tanggung jawab kuring meureun eta wungkul", ceuk si sardung, meni asa nongtoreng dina ceuli.
Malah mah panon peupeureuman teh rada benta. Aeh ningan euweuh. Naha didinya teh masih keneh hirup geus marakayangan, sardung.
"Leuh ningan dedengean sugan?", ceuk pananya hate.
Enya puguh kamari, tisaprak basa kapanggih ku pamajikanana, si sardung teh rada lungguh. Teuing geus diseukseukan, teuing meureun tunduh sapeuting jemput maca buku. Basa harita malem saptu teh, si Sardung katinggali rada ngarenjag. Kapocohongk ku kuring jeung pamajikanana.
Nyeta atuh manehna keur santey we ngobrol jeung satpam. Tapi jigana teh santey teu santey da puguh hareupeun meja, basa harita kuring manggihan teh gasik, satpam nyampeurkeun. Rada we budal naon-naon anu dipilampah ku si Sardung.
Heueuh da enya atuh ku kitu teana mah. Pamajikan mana anu daek ditinggalkeun sanajan ukur sapeuting. Komo deui ieu pantar nyi Rodiah, enya oge manehna hideng, tara ieuh saban geureuh ka si Sardung anu jadi salakina, tapi ari kitu-kitu teuing mah enya wajar we rawah riwih ka imah kuring teh.
Bari cenah ieu mah geus aya kana satauna. Leuh nahaa....Dung meni kacida didinya mah.
"Ngadoreksakeun didinya teh, Dung euy. Sebel pisan Kuring mah. Cik atuh ulah disasaruakeun hirup keur lelengohan jeung ayeuna geus boga pamajikan", ceuk Kuring.
Lamunan teh asa ngajeroan ari ku cape mah, awak diantep ngadayagdag bari peupeureuman. Roko oge teu sirikna murag tina ramo teh. Cikopi karek saregot dua regot oge diantep tiis. Da puguh lelembutan teuing kamana jeung keur dimana. Nga anu jelas mah teu lesot jeung ngaran si hideung anu kacida pisan nyieun wae pucuk tigirang.
"Ngadoreksakeun maneh mah dung Euy", ceuk pikir.
"Tuh tinggali pamajikan didinya, bari ceurik datang kaimah", lelembutan jiga keur memeres carita datangna nyi Rodiah ka imah.
"Heueuh alusna mah alus, eta paniatan teh, sunah nabi. Malah mah, keur anu mampu mah sok nepi kahiji dua tilu opat oge. Ngan cing atuh nalipak maneh. Tinggali anak pamajikan......", enya omongan kitu teh, kedal tina lisan kuring basa ninggali nyi Rodiah bari semu ramohpoy datang ka imah.
"Nya kumaha nyai eta teh caritana?", ceuk kuring ka nyi rodiah anu bari diuk aneprok dina samak.
"Muhun...saurna teh...wayahna malem saptu mah, kuring rek lalajo menbal didieu".
"Ieuh...puguh ge unggal malem saptu mah tara didieu nyai. Can pernah ka endongan ku Udung didieu ", pok teh. Pipikiran teh bari mimiti asa curiga.
"Enya aya naon kitu?"
"Muhun abdi janten curiga, boa-boa kamana pun lanceuk teh. Tos tilu taun akang, pun lanceuk unggal malem saptu mah tara obo di bumi"
"Alah atuh tara dikeukeupanya?", ceuk kuring ngaheureuyan.
"Boa-boa ngeukeupan anu lian yeuh", na ari segruk teh, Nyi Rodiah ceurik meni inghak-inghakan.
"Leuh.....piraku atuh akang, kang Udung wawantunan kitu".
"Heueuh ari enggeus kumaha atuh?"
"Bantosan abdi we pang milariankeun".
"Kamana?"
"Ari saur ceu Ocih mah tadi, katinggal sareng jeung satpam".
"Satpam saha"
"Muhun mang Holil"
"Heuh atuh sok ari kitu mah, ka si Holil urang tanyakeun. Sugan manehna nyahoeun. Piraku sailon mah jeung manehna. Hayu we urang beledig ayeuna keneh, ngewa boga talajak kitu mah. Sugan masih keneh bisa diomean. Bisa dinasehatan. Hoyoh keh......", teu parat nyarita teh. Puguh geus kapiheulaan ku segrukna Nyi Rodiah.
*
Solat isya enggeus. Hate geus rada leler, bari nyiapkeun sagala basa bisi engke parengkeun kudu pacengkadan. Teu kitu kumaha atuh apanan ieu mah erek ngajorag bisi enya si Udung keur dinu ngora.
Geus mah kuring bebeja ka pamajikan, bari motor geus dikaluarkeun, belenyeng we jeung nyi Rodiah indit ka imahna mang Holil. Teu kasampak, si bedul teh. Mang Holil ceuk pamajikanana geus jaga cenah. Belenyeng deui we indit ka kantor tempat gawe anu ditunjukkeun ku pmajikan si Holil.
Lumayan aya kana satengah jamna. Diilikan teh jam geus aya kana jam sapuluh peuting. Puguh jauh atuh jarak ka imahna si Holil jeung kantor gawena.
"Geus we kieu nyi Rodiah, urang teangan nepi ka kapanggihna, tuman. Ngadoreksakeun pisan tuda. jeung deuih na meni teu ninggali, sakitu hideungna, bet ku daek deuih ka si sardung", hate asa beuki terus milu mangkeuheulkeun.
"Muhun akang....nuhun. hapunten we tos ngaririweuh".
"Ah....henteu".
Eya ari bari ngadongeng mah, asa tereh nepi ka kantor anu dituju teh. Ti kajauhana geus katinggali, baju bodas calana bulau kolot.
"Tuh...Mang Holil Nyi", ceuk kuring, bari reg we ngeureunkeun motor hareupeun Mang Holil. Can ge ngomong, Mang Holil geus miheulaan nanya.
"Pasti bade naroskeun jang Udungnya?"
"Muhun mang, manawi uninga", ceuk Nyi Rodiah.
"Tuh anjeuna mah. Keur mayunan buku we, meni satumpuk kitu gera dina meja. Mangkaning eta teh unggal malem saptu. Anjeuna mah rajin kadieu wae. Dugi ka tara ieuh kulem jigana teh. Hayoh we ngadeluk maca. Duka naon anu dibacana teh, pirajeunan direncangan oge, emang mah karek salambar tos tunduh. Na Ari jang Udung mah, kiat pisan", ceuk mang Holil, ngajentrekeun sagala kalakuan si Sardung. Horeng manehna euweuh unggal malem minggu teh dipake kadieu.
"Aih ningan kitunya?"
"Muhun, jang Udung mah rajin", cik atuh sardung maneh teh kalakuan ulah matak goreng sangka wae kabatur teh.
Meureun kadenge aya anu ngobrol bari apal kana sora, si darung gasik kaluar, ninggalkeun buku-bukkuna.
"Aeh enya ningan didieu, keur naon Dung maneh teh, sok nyieun wae cecega, jeung Goreng sangka kabatur".
Ah biasa we keur maca. Hayu atuh nyi balik, barina oge aya naon nyusul. Piraku curiga ka akang anu sakieu gantengna.......", eta si sardung meni teu riuk-riuk salah si eta.
"Hapunten kang. Tadina mah abdi lepat sangki ka akang teh".
"Teu salah nyai mah. Didinya Dung anu salah. Meni sumput salindung atuh kalakuan teh", ceuk kuring mangmeunangkeun pamajikanana.
"Hayu atuh ari rek balik mah. Bae maca mah moal dianggeuskeun. Mang Nuhunnya", ceuk si Sardung nganuhunkeun ka Mang Hoil bari ngajak balik ka kuring jeung pamajikanana.
"Ah naha maneh teh dung. nyiar-nyiar pidosaeun wae kabatur teh", ceuk kuring bari nyelah motor.
Sugan teh enya we maneh salingkuh, boro geus nyiapkeun carita keur nungora. hampura Dung. Sugan teh.......
*19042010
Tidak ada komentar:
Posting Komentar