4. NGIMPI PANGGIH JEUNG PRESIDEN OBAMA
Pasosore, dina tepas imah. Geus kabiasaan, jamna si Udung datang. Biasa si eta mah, rek nyoro bala-bala, jeung leupeut sesa isuk-isuk. utamana mah si eta teh hayang cikopi. geus katalar lah kabiasaan si eta lamun nganjang. kahayangna sok kitu wae.
"Sakali waktu mah, hirup teh embung sahayuna", ceuk kuring muka carita.
Hayang sombong, degig, judes. Tara ieuh hayang mere budi kanu ninggali. Mun aya anu ngajak sasalaman, hayang ukur antel wungkul bari gancang dilepaskeun. Lain ceuk didinya oge lamun anu paling dipikangewa pisan ku Alloh mah, anu teu boga pangabisa bari sombong, kakara nyaho tapi geus kokolot begog. karek apal jilidna buku- jiga anu geus maca sababaraha kali tamat, jrrd. Ari anu beunghar sombong mah wajar we sombong apanan beunghar.....sanaja angger balikna mah ka naraka. eta oge lamun teu tobat. ari miskin sombong, enya nurus tunjung tea.
Puguh teu ngeunah atuh, ka si Udung teh, da eta bala-bala ukur opat siki manehna meh beak tilu jeung anu keur didahar.
"Naha make ngobrol kitu?" tanyana teh.
Apanan kuring mah puguh boga alesan, mangkukna teh ngimpi panggih jeung Barrack Obama, da ceuk si Udung. Lamun urang ngimpi jeung pamimpin, komo deui presiden mah, cenah bakal boga milik. kahayang bakal kacumponan.
"Milik naonnya? Kira-kira bisa milih teu kitu milik anu hade teh?"
"Tong dilalaworakeun tateh enya oge ngimpi. eta impian teh hade pisan", ceuk si Udung ngaheumkeun.
"Aya contona. Enya Nabi Yusuf. Anu kaparengkeun anjeuna dipasihan kaistimewaan ku Alloh, bisa norah ngimpi", leuh....si Udung meni asa dibere jalan, keur ngomong. meh disebut jelema pinter si eta mah. sagala rupa teh sok disambung-sambungkeun jeung katerangan agama. puguh eta senjatana si eta mah. sebel. aya kaduhung oge, kuring ngomong ngimpi ka si Udung. puguh we hate leutik teh rada kapangaruhan, ku omonganana.
Teu kitu kumaha atuh, da puguh ngimpi panggih jeung presiden teh kuring mah lain ukur sakali ieu. geus katilukalina eta teh. taun 91 basa kuring karek lulus ti SPG. meh dua kali ngimpi dahar bareng jeung presiden Soeharto. sameja bareng tateh. ku ngenah, asa dikieuna, eta dahar jeung presiden, bari ngobrol taya tatakrama, puguh dina ngimpi teh, pak harto asa deukeut jeung asa biasa we ngobrol jeung kulawarga. selang saminggu eta impian kitu deui wae, dahar deui wae sameja reujeung jeung presiden.
Tah taun 2004, ngimpi teh ngobrol we dina korsi pahareup-hareup jeung presiden Megawati, sarua eta oge asa dikieuna we. ngobrol sagala rupa, perkara hirup jeung ngurus kulawarga. puguh basa harita teh kuring oge apanan karek kawin. jadi ngobrol teh ngenaan kulawarga we.
Ayeuna, kitu deui wae, dina dina impian, presiden Obama, bet kupinter ngomong ku basa sunda. ceuk dina pikir, basa ngimpi. naha bet teu ku basa Indonesia, atawa ku bahasa Inggris we atuh ngomongna Obama teh, meh sakalian kuring itung-itung latihan ngalancarkeun bahasa Inggris.
Pokna teh " ulah ku bahasa Inggris wae, da puguh basa Sunda oge basa Internasional. jadi teu nanaon kuring make basa sunda oge", pokna teh, meni tatag pisan obama ngobrol ku basa sunda.
Ku leukeun deui kuring oge hayang nanya, "naha ti iraha Mang Barak tiasa basa sunda. diajar kusaha?", tanya teh. mang emangkeun, puguh atuh da manehna teh dina ngimpi mah, asa deukeut, jeung asa jiga jeung tatangga we. teu ieuh merhatikeun yen manehna teh Presiden Amerika.
"Ti saprak wawuh jeug urang sunda, da puguh deuih apanan basa sunda teh diajarkeun atuh di sakola-sakola di nagara emang oge", jawabna.
"Kutan kitu mang?", tanya teh hareugeueun.
"Enya atuh. naha can apal?"
"Ajak atuh mang abdi kaditu"a
"Hayu....ngan kudu paseh heula ngomong basa sundana. kudu milu tes basa sunda keur diluar negeri"
"Kudu sabaraha niley tesna mang?"
"600 oge cukup"
"Ke atuh ari kitu mah mang abdi rek diajar heula"
"Enya sok. Ke lamun geus bisa jeung aya bukti lulus, gancang telepon emang", pok Obama.
"ukeun no hape na atuh mang"
"yeuh sok tulis keun...."
"sabaraha mang...."
"0..."
Karek oge rek nulis saangka.....hanjakal kahudangkeun ku sora hp. mimiti mah, sora hape sugan teh, obama keur ngacek we hape kuring, tapi da puguh karek oge ukur saangka. naha enya kitu. tapi ieu teh naha bet disada wae.....
Ehmm..... sing horeng teh hape kuring anu ditunda luhureun anggel. alarem, disada.
"jadi lamun engke kaparengkeun beunghar, pinter, naon deuinya? meureun menang sombong da puguh boga alesan lin" tanya kuring ka Si Udung.
"Kuma dinya we, da anu nanggung dosa mah lain uing", pokna teh, bari hayoh ngadahar bala-bala jeung leupeut. meni cacamuilan.
*200310
Tidak ada komentar:
Posting Komentar